:

1 Babad 3

1

Berendelan putra-putra Daud nurutkeun parelean yuswana masing-masing, anu diowokeunana waktu anjeunna ngarajaan di Hebron: Amnon, ibuna Ahinoam ti Yisrel. Daniel, ibuna Abigail ti Karmel. Absalom, ibuna Maaka putra Raja Talmai ti Gesur. Adonia, ibuna Hagit. Sepaca, ibuna Abital. Itream, ibuna Egla.

2

(3:1)

3

(3:1)

4

Genepanana diowokeun di Hebron, waktu Daud ngarajaan di dinya anu lilana tujuh taun genep bulan. Sanggeus anjeunna ngarajaan di Yerusalem anu lilana tilu puluh tilu taun,

5

anjeunna puputra deui tur loba. Ti garwa anu jenengan Batseba binti Amiel puputra opat: Sima, Sobab, Natan jeung Suleman.

6

Salapan deui putrana nya eta: Yibhar, Elisua, Elpelet,

7

Nogah, Nepeg, Yapia,

8

Elisama, Elyada jeung Elipelet.

9

Kajaba ti eta rea keneh putrana anu ti parekan-parekan. Putrana nu istri, hiji, Tamar.

10

Runtuyan turunan Raja Suleman nya eta: Rehabam, putrana. Rehabam puputra Abiam, Abiam puputra Asa, Asa puputra Yosapat,

11

Yosapat puputra Yehoram, Yehoram puputra Ahasia, Ahasia puputra Yoas,

12

Yoas puputra Amasia, Amasia puputra Usia, Usia puputra Yotam,

13

Yotam puputra Ahas, Ahas puputra Hiskia, Hiskia puputra Menase,

14

Menase puputra Amon, Amon puputra Yosia.

15

Yosia puputra opat: Yohanan, Yoyakim, Sidkia jeung Yoahas.

16

Yoyakim puputra dua: Yoyakin jeung Sidkia.

17

Turunan Raja Yoyakin, raja anu diboyong ku urang Babul tea, ieu berendelanana: Yoyakin puputra tujuh: Sealtiel,

18

Malkiram, Pedaya, Senasar, Yekamya, Hosama jeung Nedabya.

19

Pedaya puputra dua: Serubabel jeung Simi. Serubabel puputra dua pameget hiji istri; nu pameget: Mesulam jeung Hananya, nu istri: Selomit.

20

Aya deui putrana lima urang: Hasuba, Ohel, Berekya, Hasadya jeung Yusab Hesed.

21

Hananya puputra dua: Pelaca jeung Yesaya. Yesaya puputra Repaya, Repaya puputra Arnan, Arnan puputra Obaja, Obaja puputra Sekanya.

22

Sekanya puputra hiji, Semaya, ari incuna aya lima: Hatus, Yigal, Bariah, Narya jeung Sapat.

23

Narya puputra tilu: Elyuenai, Hiskia jeung Asrikam.

24

Elyuenai puputra tujuh: Hodawia, Elyasib, Pelaya, Akub, Yohanan, Delaya jeung Anani.

Link: