:

1 Timoteus 6

1

Gandek-gandek kudu mandang yen dununganana teh jelema nu wajib dihormat, supaya ulah aya jelema anu ngagogoreng kana jenengan Allah jeung kana pangajaran agama urang.

2

Lamun ngawulana teh ka jelema anu anut ka Kristus, ulah pedah ka nu saagama tuluy kurang ngahormat. Malah ngawulana kudu leuwih enya-enya, da anu make tanagana teh dulur sakapercayaan anu kudu dipikaheman. Ieu papatah teh ku hidep wurukkeun.

3

Anu papatahna papalingpang jeung eta, ngalawan pangandika sayakti Gusti urang Yesus Kristus jeung kana pangajaran agama urang,

4

eta teh guminter padahal taya kanyaho. Panyakitna teh bantahan, resep parebut omong nepi ka nimbulkeun dengki, resep pasea, resep nyawad, timburuan,

5

papaduan teu eureun-eureun jeung anu saruana, jalan pikiranana geus buntu, bebeneranana geus musna. Jeung panyangkana agama teh bisa dipake jalan cari untung.

6

Memang agama teh hiji kauntungan gede lamun urangna tumarima ka nu geus aya mah.

7

Urang lahir ka dunya teh mawa naon? Teu mawa naon-naon! Mulang ti dunya rek mawa naon? Moal mawa naon-naon!

8

Anu matak asal cukup dahar cukup pake ge hirup teh meujeuhna.

9

Ngarah kabeungharan mah matak tigubrag kana panggoda, kabeulit ku rupa-rupa kahayang anu teu munasabah nu ngabahlakeun, matak ambrug ngagurubag.

10

Sabab beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan. Aya anu ku moho-mohona kana duit nepi ka pecat iman, hatena ajur ku rupa-rupa aral.

11

Tapi hidep mah milik Allah ulah kitu. Sing jadi jelema bener, ibadah, percaya ka Gusti, nyaahan, tabah, someah.

12

Kudu ihtiar meunangkeun ganjaran iman, nya eta hirup anu langgeng. Sabab hidep disaur ku Allah basa ngikrarkeun pangaku kapercayaan disaksian ku jalma loba teh, nya geusan meunangkeun eta hirup anu langgeng.

13

Di payuneun Allah anu ngahirupkeun saniskara, jeung di payuneun Kristus anu geus nganyatakeun panyaksiana-Na nu sayakti sakitu mantepna ka Pontius Pilatus, bapa meredih ka hidep:

14

Gumatikeun ieu parentah-parentah, pupusti, nepi ka sumpingna Gusti urang Yesus Kristus,

15

anu wancina geus dipastikeun ku Allah sumberna berkah, Panguasa esa, Rajaning sakabeh raja, Gustining sakabeh gusti.

16

Ngan Mantenna nyalira anu teu keuna ku pati, anu jumeneng di jero cahaya anu hamo bisa didatangan. Can aya anu geus nenjo ka Mantenna, moal aya anu bisa nenjo ka Mantenna. Hormat jeung kakawasaan dibaktikeun ka Mantenna salalanggengna.

17

Anu baleunghar elingan ulah adigung, ulah muhit kana barang anu sipat fana, kabeungharan upamana. Muhit teh kudu ka Allah, anu kawasa maparin sagala kagenahan.

18

Sina nyieun kahadean, sina sugih ku sipat asih beunghar ku sipat berehan,

19

minangka nyengcelengan harta langgeng keur jaman engke, supaya bisa ngamilik hirup sajati.

20

Timoteus anaking! Sing tigin kana pangajaran-pangajaran anu geus dipercayakeun ka hidep. Singkiran omongan anu teu pantes, jauhan papaduan anu teu parok ngeunaan hal-hal anu majarkeun teh elmu.

21

Aya jalma-jalma anu ngaku boga "elmu" kitu, temahna mengpar tina pangajaran agama urang. Mugia hidep jeung dulur-dulur di dieu ginanjar rahmat Allah. Salam bapa, Paulus

Link: