2 Babad 36
Urang Yuda milih Yoahas putra Yosia, dilisahan jadi raja di Yerusalem.
Yoahas mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dua puluh tilu taun, calikna di Yerusalem, ngarajaanana tilu bulan.
Anjeunna diboyong ka Mesir ku Raja Neko, sarta nagara Yuda ku eta raja dikudukeun mayar upeti 3.400 kilo perak jeung tilu puluh opat kilo emas.
Neko ngangkat Elyakim saderek Yoahas jadi raja Yuda, sarta jenenganana diganti jadi Yoyakim. Ari Yoahas mah diboyong ku Neko ka Mesir.
Yoyakim mimiti jadi raja Yuda dina yuswa dua puluh lima taun. Ngarajaanana sawelas taun, calikna di Yerusalem. Anjeunna midamel dosa ka PANGERAN Allahna.
Hiji mangsa Yuda dirurug ku Raja Nebukadnesar ti nagara Babul. Yoyakim ditangkep, dirante terus diboyong ka Babul.
Rajabrana eusi Bait Allah oge aya anu dijabel ku Nebukadnesar, dijadikeun eusi karatonna di Babul.
Sagala rupa anu dipidamel ku Yoyakim, kitu deui hal kadorakaan jeung kajahatanana anu pikagirukeun, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil jeung Yuda. Yoyakin, putrana, jadi raja gegentosna.
Yoyakin mimiti jumeneng raja Yuda dina yuswa dalapan welas taun. Ngarajaanana tilu bulan sapuluh poe, calikna di Yerusalem. Anjeunna oge midamel dosa ka PANGERAN.
Dina hiji musim sumping Nebukadnesar ngaboyong Yoyakin ka Babul, sarta bari ngajabel rajabrana eusi Bait Allah. Raja Nebukadnesar ngangkat Sidkia kapiramana Yoyakin, jadi raja Yuda jeung Yerusalem.
Sidkia mimiti jumeneng raja Yuda dina yuswa dua puluh hiji taun. Ngarajaanana sawelas taun, calikna di Yerusalem.
Anjeunna midamel dosa ka PANGERAN, bujeng-bujeng rumaos waktu diunjukanan ku Nabi Yermia anu ngunjukkeun timbalan PANGERAN, teu kersa malire-malire acan.
Raja Nebukadnesar geus maksa Sidkia sina sumpah demi Allah yen baris satia ka eta raja. Tapi saterusna Sidkia baha, ngalawan ka Nebukadnesar. Sarta Sidkia tetep neugtreug teu kersaeun tobat ka PANGERAN, Allah Israil.
Turug-turug para pamingpin Yuda, para imam jeung sakumna rahayat, lampahna teh narurutan kadorakaan bangsa-bangsa anu araya di sakurilingeunana, nyarembah ka arca-arca, jadi maranehna teh nganistakeun Bait Allah anu geus disucikeun ku PANGERAN ku manten.
Ari PANGERAN, Allah karuhunna masih keneh ngutus nabi-nabi sina ngageuing umat-Na, reh hoyong nyalametkeun ka maranehna kitu deui ka Bait Allah.
Tapi eta utusan-utusan Allah teh anggur pada ngageuhgeuykeun, pangandika-pangandika Mantenna henteu digugu, nabi-nabi Mantenna disaleungseurikeun. Bendu PANGERAN ka umat-Na geus teu kaampeuh.
Mantenna tuluy ngadatangkeun raja Babul ngagempur ka maranehna. Barudak ngora urang Yuda, najan nu aya di Bait Allah, diparaehan. Ka nu kolot ka nu ngora, ka lalaki ka awewe, ka nu cageur ka nu gering, eta raja teu aya pisan rasrasanana. Urang dinya ku PANGERAN geus diserenkeun ka anjeunna.
Bait Allah ku raja Babul diranjah. Rajabranana kitu deui harta banda raja jeung ponggawa-ponggawa dijarah terus diakut ka Babul.
Bait Allah jeung kota dihuru, jeung karaton-karatonna katut barang-barangna anu aralus. Kuta-kuta dirugrugkeun.
Jalma-jalma anu teu katumpes ku Nebukadnesar diakut ka Babul, dijieun abid-abid purah ngawulaan anjeunna jeung turunan anjeunna nepi ka mangsa ngadegna karajaan Persia.
Geus tinekanan sakumaha timbalan PANGERAN ku jalan Nabi Yermia anu ungelna, "Tujuh puluh taun ieu tanah bakal suwung, sina ngarasa reureuhna Sabat anu geus tara digarumatikeun."
Dina taun kahiji pamarentahan Kores, raja Persia, PANGERAN ngabuktoskeun pangandika anu diandikakeun ku jalan Nabi Yermia tea. Mantenna ngusikkeun manah Kores, sangkan Kores ngaluarkeun parentah tinulis, anu dibacakeun tarik di sakuliah karajaanana. Ungelna:
"Ieu parentah Kores, raja agung Persia. PANGERAN, Allah sawarga, ngangkat kami jadi raja, marentah saalam dunya. Ku Mantenna geus dikawasakeun pikeun ngawangun hiji gedong suci keur salira-Na di Yerusalem, tanah Yuda. Maraneh kabeh anu jadi umat Allah, dijurung laku ka daritu. Bral, mugia disarengan ku PANGERAN Allah maraneh."