Amos 9
Kaula ningal PANGERAN keur ngadeg deukeut altar. Mantenna maparin parentah, "Gedor ieu pilar-pilar Bait Allah sataker tanaga nepi ka inggeung jeung pademenna, sina rugrug ninggangan sirah jelema-jelema. Anu henteu paraeh ku ieu, ku Kami baris ditumpes ku perang. Hiji hamo aya anu kari, saurang hamo aya nu luput.
Sanajan ngaliang ka enggon nu paeh mo burung kakoreh, ngabecir ka langit, ku Kami mo burung kacangking.
Sanajan nyumput ka puncak Gunung Karmel, rek dikotektak, mo burung katewak. Nyumput ka dasar laut, Kami rek nitah naga laut sina ngerekeb maranehna.
Atawa upama diboyong ku musuhna, Kami rek marentah ka musuhna sina maraehan maranehna. Cindekna Kami geus mastikeun baris numpes maranehna, lain rek nulungan."
Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa noel bumi, bumi lini, pangeusina tunggara, taneuh umpalan kawas Walungan Nil.
PANGERAN ngadamel tempat tinggal-Na di antariksa, ngadamel kelewung langit luhureun bumi. Cai laut disaur, dikucurkeun ka daratan. Jenengan Mantenna: PANGERAN.
Dawuhan PANGERAN, "Eh urang Israil! Asana Kami ka maraneh teh teu beda ti ka urang Sudan. Maraneh ku Kami geus dibawa ti Mesir, sakumaha Kami mawa urang Pelisti ti Pulo Kreta, kitu deui urang Siria ti tanah Kir.
Kami, PANGERAN Nu Maha Agung keur nitenan ieu karajaan Israil anu pinuh ku dosa, arek dileungitkeun ti ieu jagat. Tapi turunan Yakub ku Kami moal ditumpes kabeh.
Kami baris marentahkeun sangkan urang Israil diayak kawas ngayak gandum, diayak di tengah bangsa-bangsa, anu garorengna baris dipiceun.
Umat Kami anu darorakana, bakal paraeh ku perang. Maranehna sok ngaromong kieu, ‘Allah moal ngantep urang keuna ku balahi.’"
Dawuhan PANGERAN, "Bakal datang mangsana karajaan Daud anu geus rugrug lir imah anu burak-barik, ku Kami diadegkeun deui. Kutana arek diomean sina nangtung deui pulih saasalna baheula.
Naon bae anu nyesa keneh di tanah Edom, kitu deui bangsa-bangsa anu tadina kagungan kami, kabeh bakal kapiboga ku Israil," timbalan PANGERAN, anu geus nangtukeun sangkan hal eta laksana.
"Geus tereh mangsana," dawuhan PANGERAN, "gandum jadina leuwih gancang ti batan dialana, anggur tumuwuhna leuwih gancang ti batan waktu nyieun cianggur. Cai anggur nyurucud ti gunung-gunung, ngalocor ti pasir-pasir.
Umat Kami rek dipulangkeun ka nagrina. Maranehna bakal ngadegkeun deui kota-kotana nu ancur, terus maratuh di dinya. Bakal ngararebon anggur, bakal ngarinum cianggur, bakal pepelakan sarta ngadahar hasilna.
Umat Kami sina tumuwuh dina tanahna, tanah pamere ti Kami tea. Tur moal aya deui anu ngarabut maranehna ti dinya." Kitu timbalan PANGERAN, Allah maraneh.