:

Bilangan 26

1

Sanggeus balahi nu tadi, PANGERAN ngandika ka Musa jeung Elasar putra Harun. Pangandika-Na,

2

"Urang Israil cacahkeun, nurutkeun ahli karuhun masing-masing, anu umurna dua puluh taun atawa leuwih, anu geus manjing jadi prajurit."

3

Ku Musa jeung Elasar jalma-jalma nu umurna sakitu sina kumpul di hiji tanah lapang di Moab, sisi Walungan Yordan deukeut kota Yeriho. Ieu catetan urang Israil anu budal ti Mesir.

4

(26:3)

5

Turunan ti kaom Rubin putra cikal Yakub: Kaom-kaom Hanok, Palu,

6

Hesron, jeung Karmi.

7

Ti ieu kaom-kaom, lalakina aya 43.730 urang.

8

Turunan Palu nya eta Eliab

9

jeung anak-anakna: Nemuel, Datan, jeung Abiram. (Datan jeung Abiram teh dua kapala anu dipilih ku urang Israil, anu nangtang ka Musa jeung Harun bariluk ka Korah ngalawan ka PANGERAN,

10

sarta tariwas jeung Korah dilegleg ku taneuh bareng jeung 250 urang anu bariluk ka maranehna sarta tariwas ku seuneu. Eta kajadian jadi hiji peringetan ka urang Israil.

11

Tapi anak-anak Korah mah henteu kabawa tiwas.)

12

Turunan ti kaom Simeon: Kaom-kaom Nemuel, Yamin, Yakin,

13

Serah, jeung Saul.

14

Lalakina aya 22.200 urang.

15

Turunan ti kaom Gad: Kaom-kaom Yepon, Hagi, Suni,

16

Osni, Eri,

17

Arod, jeung Areli.

18

Lalakina aya 40.500 urang.

19

Turunan ti kaom Yuda: Kaom-kaom Sela, Peres, Serah, Hesron, jeung Hamul. (Aya dua putra Yuda anu tilar dunya di Kanaan, nya eta Er jeung Onan.)

20

(26:19)

21

(26:19)

22

Lalakina aya 76.500 urang.

23

Turunan ti kaom Isaskar: Kaom-kaom Tola, Puah,

24

Yasub, jeung Simron.

25

Lalakina aya 64.300 urang.

26

Turunan ti kaom Sebulun: Kaom-kaom Sered, Elon, jeung Yahlel.

27

Lalakina aya 60.500 urang.

28

Turunan ti kaom Yusup, ti putrana anu ngaran Menase jeung Epraim.

29

Turunan ti kaom Menase: Menase puputra Mahir, Mahir puputra Gilad. Turunan Gilad nya eta:

30

Kaom-kaom Ieser, Helek,

31

Asriel, Sekem,

32

Semida, jeung Heper.

33

Heper puputra Selopehad, ari Selopehad anakna awewe kabeh, ngaranna: Mahla, Noa, Hogla, Milka, jeung Tirsa.

34

Lalakina aya 52.700 urang.

35

Anak incu ti kaom Epraim: Kaom-kaom Sutelah, Beker jeung Tahan.

36

Ti turunan Sutelah nya eta kaom Eran.

37

Lalakina aya 32.500 urang. Eta catetan kaom-kaom ti putra putu Yusup.

38

Anak incu ti kaom Binyamin: Kaom-kaom Bela, Asbel, Ahiram,

39

Sepupam, jeung Hupam.

40

Ari turunan Bela nya eta kaom Arda jeung kaom Naaman.

41

Lalakina aya 45.600 urang.

42

Anak incu ti kaom Dan: Suham.

43

Lalakina aya 64.400 urang.

44

Anak incu ti kaom Aser: Kaom-kaom Yimna, Yiswi, jeung Beria.

45

Ari turunan Beria nya eta kaom Heber jeung kaom Malkiel.

46

Aser boga anak awewe ngaranna Serah.

47

Jumlah lalaki ti ieu kaom-kaom aya 53.400 urang.

48

Anak incu ti kaom Naptali: Kaom-kaom Yahsel, Guni,

49

Yeser, jeung Silem.

50

Lalakina aya 45.400 urang.

51

Jumlah lalaki urang Israil kabeh aya 601.730 urang.

52

PANGERAN ngandika deui ka Musa,

53

"Tanah teh bagi-bagikeun ka unggal kaom nurutkeun ukuran cacah jiwana.

54

Ngabagikeunana kudu ku lotre. Bagian anu lega bikeun ka kaom anu cacah jiwana loba, bagian anu heureut bikeun ka kaom anu cacah jiwana saeutik."

55

(26:54)

56

(26:54)

57

Anak incu ti kaom Lewi nya eta kaom-kaom Gerson, Kahat, jeung Merari.

58

Ari turunan ti maranehna kaasup oge kaom-kaom Libni, Hebron, Mahli, Musi, jeung Korah. Ari Kahat teh nya eta ramana Amram.

59

Amram nikah ka Yokebed binti Lewi, anu dilahirkeunana di Mesir. Putra Amram ti Yokebed anu pameget nya eta Harun jeung Musa, anu istri Miryam.

60

Harun kagungan opat putra pameget nya eta Nadab, Abihu, Elasar, jeung Itamar.

61

Nadab jeung Abihu tiwas lantaran ngukus ka PANGERAN ku seuneu nu henteu halal.

62

Jalma lalaki urang Lewi ti umur sabulan ka luhur aya 23.000 urang. Didaptarna dipisah ti urang Israil nu lian, sabab ieu mah moal mareunang tanah milik di Israil.

63

Dicacahkeunana ku Musa jeung Elasar waktu nyacahkeun urang Israil di hiji tanah lapang di Moab, sisi Walungan Yordan deukeut kota Yeriho.

64

Ari jelema-jelema anu dicacahkeun ku Musa jeung Harun basa di Gurun Keusik Sinai keneh, harita geus teu araya.

65

Kajaba ti Kaleb bin Yepune jeung Yosua bin Nun. Nu sejenna mah geus paraeh di tanah gurun. Kitu kersaning PANGERAN, sakumaha timbalana-Na.

Link: