Bilangan 6
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
ngandikakeun ieu pikukuh pikeun urang Israil: Lalaki atawa awewe anu ikrar panadaran seja ngawulakeun dirina ka PANGERAN jadi Nasir,
henteu meunang nginum anggur atawa inuman keras. Henteu meunang nginum inuman naon bae anu asalna tina buah anggur atawa ngadahar buahna atawa kismisna.
Sapanjang jadi keneh Nasir teu meunang ngadahar naon bae anu tina buah anggur, kulitna atawa sikina ge teu meunang.
Sapanjang jadi Nasir teu meunang dicukur. Dirina geus kabeungkeut ku ikrar seja ngawulakeun diri ka PANGERAN tepi ka beak waktuna. Sapanjang kitu buukna jeung janggotna kudu diantep manjangan.
Buukna teh jadi ciri kumawulana ka Allah. Jeung sapanjang kitu ulah nganajiskeun maneh deukeut-deukeut kana mayit, kajeun mayit bapana atawa indungna, dulurna lalaki atawa awewe.
(6:6)
Sabab sapanjang jadi Nasir, dirina geus dibaktikeun jadi kawula PANGERAN.
Upama nepi ka kajadian kungsi padeukeut jeung nu maot lantaran maotna ngadadak, nepi ka matak najis kana buuk Nasirna, heuleut tujuh poe ti saentasna, sirahna jeung janggotna kudu dikerik masing beresih, supaya dirina beresih deui.
Isukna, dina kadalapan poena kudu nepungan imam di lawang Kemah Suci, mawa dua manuk japati atawa tikukur.
Manuk anu hiji ku imam kudu dijieun kurban dosa, anu hiji deui kurban beuleuman, jadi sarat nyucikeun diri tina kanajisan paantel jeung mayit. Jadi dina poe eta buukna teh disucikeun deui,
sarta waktu Nasirna dibaktikeun deui ka PANGERAN. Waktu kumawulana anu enggeus kalakonan mah dibatalkeun bae, sabab geus kanajisan. Kasalahanana kudu ditebus ku anak domba anu umur sataun, dijieun kurban kasalahan.
Lamun waktuna jadi Nasir geus tamat kalakonan sakumaha panadaranana, kudu nyieun upacara. Manehna kudu ka lawang Kemah Suci,
ngahaturkeun tilu rupa sato kurban anu mulus ka PANGERAN, nya eta: hiji anak domba jalu umur sataun keur kurban beuleuman, hiji domba bikang keur kurban dosa, jeung hiji domba jalu keur kurban panarima.
Jaba ti eta kudu ngahaturkeun roti anu teu diragian sakaranjang, anu karandel, tina tipung anu diadonan ku minyak jetun, jeung anu aripis anu diulasan ku minyak jetun, kitu deui kurban gandum jeung anggur.
Imam nyanggakeun eta kabeh ka PANGERAN, tuluy metakeun kurban pamupus dosa jeung kurban beuleuman.
Domba jaluna kurbankeun ka PANGERAN jieun kurban panarima, barengkeun jeung roti anu sakaranjang tea. Kurban kadaharan jeung kurban inuman oge sanggakeun.
Nasirna kudu ngagundulan sirah di lawang Kemah Suci, buukna teundeun dina luhur kurban panarima anu keur dibeuleum.
Pingping hareup domba tea ku imam kudu dikulub, tuluy jait sina ditampanan ku eta Nasir jeung rotina anu kandel sasiki, anu ipis sasiki, tina karanjang.
Saterusna ku imam kudu diunjukkeun ka PANGERAN jadi kurban ajang imam sarta sipatna geus suci. Dada domba jeung pingping tukangna oge keur imam sakumaha ceuk pikukuhna. Sanggeus eta, Nasirna meunang nginum anggur.
Kitu pikukuhna hal Nasir, jaba ti anu geus diikrarkeun dina panadaranana, sabab sagala anu diikrarkeun dina panadaranana tea kudu ditekanan kabeh.
PANGERAN ngandika deui ka Musa
hal ucapan berkah anu kudu dilisankeun ku Harun jeung putrana ari keur ngaberkahan urang Israil, kieu:
Mugia maraneh ku PANGERAN dirahmat sarta diraksa.
Mugia maraneh ku PANGERAN dipiwelas jeung dipaparin kurnia.
Mugia maraneh ku PANGERAN digalih jeung dijamugakeun.
Sarta kieu timbalan PANGERAN: "Saupama dina ucapan berkah pikeun urang Israil jenengan kami disebut, tangtu Kami ngamakbul."