Bilangan 8
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
"Bejakeun ka Harun, lampu-lampu teh pasang dina ajugna, atur supaya caangna ka beulah hareup."
Seug lampu-lampu teh ku Harun disanghareupkeun kana ajugna.
Eta ajug lampu ti puhu nepi ka congona mangrupa emas ketokan, direkana nurutkeun conto anu ku PANGERAN ditembongkeun ka Musa tea.
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
"Jelema-jelema urang Lewi kudu dipetel ti urang Israil lianna tuluy sucikeun.
Kieu aturanana: Kepretan ku cai suci, tuluy sina ngerik bulu awakna jeung sina nyareuseuhan pakean. Sanggeus kitu maranehna jadi beresih.
Tuluy sina nyarerenkeun hiji sapi jalu anu ngora keneh jeung tipung anu diadonan ku minyak jetun keur kurban kadaharan; ari maneh kudu nyokot hiji sapi jalu keur kurban dosa.
Ti dinya bangsa Israil kumpulkeun, urang Lewi sina narangtung hareupeun Kemah Kami.
Urang Israil sina narumpangkeun leungeunna kana sirah urang Lewi.
Tuluy sanggakeun eta jelema-jelema ka Kami, ku Harun, jadi pangbakti ti urang Israil ka Kami, pikeun ngajalankeun gawe ti Kami.
Geus kitu urang Lewi sina narumpangkeun leungeun kana sirah dua sapi tea; sapina peuncit, hiji keur kurban dosa, hiji keur kurban beuleuman, pikeun sarat nyucikeun urang Lewi.
Urang Lewi kudu dihususkeun pikeun Kami, sarta kudu dititah ngalalayanan Harun jeung anak-anakna.
Kitu petana urang Lewi dipetel ti urang Israil lianna keur Kami.
Sanggeus ku maneh disucikeun, urang Lewi manjing sarat pikeun ngajalankeun gawe di Kemah Kami.
Maranehna ku Kami dijieun gaganti anak cikal di sakumna bangsa Israil, jadi hak milik Kami pribadi.
Basa Kami di Mesir maehan sakabeh cikal lalaki, cikal-cikal urang Israil kitu deui cikal-cikal ingon-ingon ku Kami dijadikeun hak milik.
Ayeuna Kami nyandak urang Lewi pikeun gaganti sakabeh cikal lalaki urang Israil.
Maranehna ku Kami diserenkeun ka Harun jeung anak-anakna jadi pangbakti ti urang Israil, pikeun digarawekeun di Kemah Kami, nalangan bangsa Israil, pikeun nyegah sangkan urang Israil ulah cilaka lamun deukeut-deukeut ka ieu Kamar Suci."
Seug urang Lewi teh ku Musa, ku Harun, jeung ku bangsa Israil dibaktikeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.
Urang Lewi kabeh susuci, nyareuseuhan pakean, tuluy ku Harun disanggakeun ka PANGERAN sarta disucikeun sakumaha mistina.
Sagala rupa timbalan PANGERAN ka Musa perkara urang Lewi ku sakumna bangsa Israil dilampahkeun. Sakabeh urang Lewi enggeus manjing sarat pikeun ngajalankeun gawe di Kemah PANGERAN, dikapalaan ku Harun jeung putra-putrana.
PANGERAN ngandika deui ka Musa,
"Sakur urang Lewi ti semet umur dua puluh taun wajib digawe di Kemah Kami,
eureun-eureun sanggeus umur lima puluh taun.
Sanggeusing kitu ari daek mah ngabantuan gawe ka baturna heug bae, tapi lain ku karana wajib. Kitu pikukuhna hal kawajiban urang Lewi."