:

Budalan 26

1

"Ari Kemah Suci, Kemah Tepangan Kami, ti jerona kudu make reregan sapuluh gebar tina lenen lemes anu digintir tina wol biru, wungu, jeung beureum. Rereganana kudu make sulaman-sulaman anu direkakeun mukarabin.

2

Gebaranana kabeh saukuran, panjangna 12 meter, rubakna 2 meter.

3

Anu lima gebar sambung-sambungkeun, jait sagebarkeun, pon kitu anu lima gebar deui.

4

Kudu nyieun kakantet-kakantet tina lawon biru, terapkeun kana tungtung-tungtung luar tiap gebaran.

5

Gebaran kahiji kakantetna lima puluh, nerapkeunana sing meneran kana lima puluh kakantet dina gebaran kadua.

6

Dikantetkeunana kudu make kakantet tina emas, lobana lima puluh siki.

7

Kemah pongpok kaler ti luhurna kudu dikeput ku lawon tina bulu embe, sawelas gebar,

8

masing-masing ukuranana kudu sarua, panjangna 13 meter, rubakna 2 meter.

9

Anu lima gebar sambung-sambung, jait sagebarkeun, pon kitu anu genep gebar deui. Gebar anu kagenep tilep dua di lebah Kemah bagian hareup.

10

Tungtung lambaran anu hiji dina sisina kudu diberean lima puluh kakantet, kitu keneh lambaran sejenna dina tungtung sisina kudu diberean lima puluh kakantet.

11

Kudu nyieun lima puluh kakait tambaga, tuluy terapkeun kana kakantet-kakantet tea pikeun nyambungkeun supaya anu dua lambar teh jadi disalambarkeun.

12

Reregan anu sapotong deui gantungkeun dina tukangeun Kemah.

13

Leuleuwihna dina dua tungtung ka panjangna anu masing-masing 50 sentimeter, gantungkeun dina gigir Kemah dua beulahanana sina nutupan.

14

Kudu nyieun dua deui pikeun tutup pangluarna, hiji tina kulit domba jalu beunang ngabeureuman, hiji deui tina kulit anu lemes.

15

Pikeun Kemahna kudu nyieun papan-papan kayu pilang, sing lalempeng,

16

anu ukuranana masing-masing panjangna opat meter, rubakna 66 sentimeter,

17

sarta kudu make dua pupurus supaya bisa diranjing-ranjingkeun. Kabeh papan kudu dipupurusan.

18

Papan pikeun sisi kidul lobana dua puluh,

19

make dadampar opat puluh siki tina perak, sapapanna dua-dua pikeun nahan pupurusna.

20

Pikeun sisi kaler dua puluh papan,

21

dadampar perakna opat puluh, sapapanna dua-dua.

22

Pikeun sisi tukang beulah kulon genep papan.

23

Dina tiap juruna dua-dua papan.

24

Ieu papan-papan pojok dipasangna di handap kudu pasambung terus nepi ka luhur. Papan anu dua lambar anu ngawangun dua popojok, dijieunna kudu kitu.

25

Jadi kudu aya dalapan lambar papan, katut genep belas dadampar perakna, unggal papan dua-dua.

26

Kudu nyieun pikeun papalangna lima welas siki tina kayu pilang, lima keur papalang papan-papan Kemah sisi anu sabeulah,

27

lima keur papalang papan-papan sisi anu sabeulah deui, lima deui keur papalang papan-papan tukang beulah kulon.

28

Papalang panengah cicingna kudu satengah tangtung papan jeung kudu kebat ti tungtung nepi ka tungtung.

29

Papan-papanna kudu dilapis ku emas, jeung kudu diberean geulang-geulang tina emas keur imah papalang. Papalang-papalangna oge kudu dilapis ku emas.

30

Jieun eta Kemah sing cocog jeung anu ku Kami ditataan ka maneh di gunung.

31

Rereganana nyieun hiji deui, lenen anu ditinun jeung benang wol warna biru, wungu, jeung beureum, sarta kudu dihias ku sulaman anu direkakeun mukarabin.

32

Eta reregan gantungkeun dina opat tihang kayu pilang lapis emas anu dadamparna perak, cocogkeun jeung kakait-kakaitna.

33

Dipernahkeunana handapeun jajaran cacantel anu dina lalangit Kemah, kait-kaitkeun rereganana kana eta. Peti Perjangjian anu dieusi dua papan batu tea, teundeun di tukangeun eta reregan. Gunana eta reregan pikeun wates anu misahkeun Kamar Suci ti Kamar Pangsucina.

34

Tutup pangrapihna pasang dina luhur Peti Perjangjianana.

35

Ari meja tea diteundeunna kudu di luareun Kamar Pangsucina, nyanghareup ka sisi kaler, ari suku palita diteundeunna nyanghareup ka sisi kidul.

36

Lawang asup ka jero Kemah kudu ditetebengan ku reregan tina lenen lemes anu ditinun jeung benang wol warna biru, wungu, jeung beureum, dihias ku sulaman.

37

Rereganana kudu make lima tihang tina kai pilang anu dilapis ku emas. Tatapakan tihang-tihangna kudu ku tambaga."

Link: