Budalan 28
"Harun, lanceuk maneh jeung anak-anakna, Nadab, Abihu, Elasar jeung Itamar, calukan. Pisahkeun ti urang Israil sina jaradi imam purah ngawulaan Kami.
Harun lanceuk maneh kudu dipangnyieunkeun pakean imam, ciri pangkat jeung martabatna.
Calukan sakabeh tukang anu ku Kami geus dibere kaahlian, titah nyieun pakean pikeun Harun, supaya manehna bisa disucikeun jadi imam anu ngawulaan Kami.
Maranehna titah nyieun oto, epod, jubah, kameja songket, dastar, jeung solempang. Maranehna sina nyieun eta pakean imam pikeun Harun jeung anak-anakna lalaki, paranti ngimaman ngawulaan Kami.
Bahanna kudu wol warna biru, wungu jeung beureum, benang emas, jeung lenen lemes.
Bahan pikeun epod lawonna tina wol warna biru, wungu jeung beureum, benang emas jeung lenen lemes. Epodna kudu disulam.
Jeung kudu make tali taktak dua kenca katuhu,
kitu deui tali beulitkeuneun kana cangkeng, dua jeung kudu dirara, bahanna sarua jeung bahan epodna.
Nyokot batu permata dalima dua siki, ukir dina eta batu ngaran dua welas anak Yakub,
nungturun nurutkeun panta-panta umurna, hiji batu genep ngaran.
Percayakeun batu permata dalimana ka juru ukir permata sina diukiran ku ngaran dua welas anak Yakub, tuluy sina dicangkok ku emas.
Terapkeun dina tali epod anu kana taktak pikeun ngalambangkeun dua welas kaom Israil. Ku kituna ngaran maranehna teh diemban dina taktak Harun, sangkan Kami salawasna mikainget ka umat Kami.
Kudu nyieun cangkok emasna dua siki,
kitu deui rantayna dua tina emas dirara. Batu-batu permata dalima cangkok emas tea gantelkeun kana eta rantay."
"Pikeun Imam Agung kudu nyieun baju oto, gunana pikeun nganyahokeun pangersa PANGERAN. Bahanna sarua jeung bahan epod, pon kitu sulamanana kudu sarua.
Potonganana kudu masagi jeung kudu dirangkep. Panjangna jeung rubakna masing-masing 22 sentimeter.
Taretes ku batu-batu permata opat jajar. Permata jajaran kahiji: mirah dalima, manikem koneng, batu dalima.
Permata jajaran kadua: jambrut, nilem jeung inten.
Permata jajaran katilu: pirus, angkik, kucubung.
Permata jajaran kaopat: ratna-campaka, permata dalima jeung widuri pandan. Batu-batu permatana kabeh kudu dicangkok ku emas,
jeung dina permatana kudu diukiran ku ngaran-ngaran anak Yakub, hiji permata hiji ngaran, ngalambangkeun kaom-kaom Israil.
Kudu nyieun rantay tina emas murni dirarakeun cara tali, pikeun oto.
Kudu nyieun dua ali-ali emas, tuluy pasang dina dua tungtung oto beulah luhur,
sina ngagantel dina rantay emas anu dua tea.
Tungtung rantay emas anu sabeulah deui cantelkeun kana cangkok emas anu dina taktak epod beulah hareup.
Nyieun deui dua ali emas anu kudu diterapkeun dina tungtung-tungtung oto beulah handap dina sisi jero luareun epod.
Nyieun deui dua ali emas, terapkeun dina taktak epod kenca katuhu ti handap beulah hareup deukeut kelinna, luhureun beubeur epod.
Ali-ali oto tea beungkeutkeun kana ali-ali epod ku pita biru, nepi ka otona bener terapna luareun epod moal lesot.
Tiap-tiap Harun asup ka Kamar Suci, eta oto anu make ngaran kaom-kaom Israil kudu dipake, sangkan Kami PANGERAN salawasna inget ka umat Kami.
Simpen dina eta oto palebah angen, Urim jeung Tumim, supaya ana Harun asup ka tempat Kami anu suci, eta dua barang salawasna kabawa. Nya dina waktu-waktu kitu eta oto teh kudu dipakena ku Harun pikeun nganyahokeun pangersa Kami ka urang Israil."
"Jeung kudu nyieun baju kurung pikeun di luareun epod. Bahanna kudu wol warna biru;
ti luhurna liangan paragi ngasupkeun sirah. Pinggiran liang beuheungna kudu dikelin ku lawon tinun supaya ulah soeh.
Kelin beulah handap sakurilingna kudu diterapan dadalimaan tina wol warna biru, wungu jeung beureum, dipaselangkeun jeung genta-genta emas.
(28:33)
Ana Harun keur ngimaman eta baju kudu dipake, supaya ari manehna asup ka tempat Kami di Kamar Suci, kitu deui dina waktu kaluarna, genta-gentana kadenge disarada, supaya manehna ulah tiwas ku Kami.
Kudu nyieun hiji jamang emas murni, ukiran ku kalimah ‘Suci kangge PANGERAN’.
Gantelkeun eta jamang dina dastar lebah tarang ku pita biru.
Sina dipake ku Harun dina tarang supaya barang-barang pangbakti ti urang Israil ka Kami ku Kami ditarima, sanajan upama urang Israil aya kasalahan dina hal ngabaktikeunana.
Kamejana, dastarna, dijieunna tina lenen lemes, kitu deui solempangna oge tina lenen lemes jeung kudu dihias ku sulaman.
Pikeun anak-anakna kudu dipangnyieunkeun kameja, solempang, jeung kerepus, ciri pangkat jeung martabatna.
Sina diparake eta teh ku Harun, dulur maneh, jeung ku anak-anakna, tuluy jarenengkeun, minyakan ku minyak suci, jaradikeun imam purah ngawulaan kami.
Jeung deui Harun saanak-anakna kudu dipangnyieunkeun calana pondok ti semet cangkeng tepi ka pingping keur nutupan oratna.
Ana Harun, kitu deui anakna, asup ka Kemah Tepangan Kami nyampeurkeun altar pikeun ngimaman di Kamar Suci, eta calana salawasna kudu dipake supaya ku Kami teu dipaehan dumeh tembong oratna. Ieu jadi pikukuh pikeun Harun salalawasna, turun-tumurun."