:

Daniel 1

1

Dina katilu taunna Yoyakim ngarajaan nagri Yuda, kota Yerusalem ditempuh jeung dikepung ku Raja Nebukadnesar ti Babul.

2

Pangeran ngidinan eta raja ngelehkeun Raja Yoyakim jeung ngajabel sabagian rajabrana Bait Allah. Mulihna nyandak tawanan, ngabujeng ka kuil dewa-dewana di Babul. Ari harta rampasan disimpen di enggon dunyabrana di eta kuil.

3

Sang Raja nimbalan ka Aspenas, kapala rumah tangga karaton, sangkan meting sawatara bangsa Israil anu katawan, nu ngarora, turunan raja atawa turunan ningrat.

4

Nu dipilih kudu nu karasep, seukeut uteuk, cukup didikan, calakan, tur mulus walagri, sangkan bisa diangkat jadi abdi karaton. Ku Aspenas kudu diajar maca jeung nulis dina basa Babul.

5

Timbalan raja deui, daharna, nginumna, unggal poe kudu sarua jeung katuangan urang karaton. Sanggeus tilu taun kudu dideuheuskeun ka raja.

6

Di antara nu kapilih aya: Daniel, Hananya, Misael, jeung Asaria, kabeh asal ti kaom Yuda.

7

Ku kapala rumah tangga karaton jenenganana teh dilandi jadi: Beltesasar, Sadrah, Mesah, jeung Abednego.

8

Tapi Daniel geus nekadkeun moal seja ngarurujit diri ngarempak cegahan agama ku kadaharan jeung inuman ti karaton. Nya mundut tulung ka Aspenas.

9

Kersaning Allah Aspenas wet resep ka Daniel.

10

Ngan ku sabab sieun ku raja, anjeunna ngawaler ka Daniel, kieu, "Kumaha atuh, da raja geus netepkeun kitu, boh dahareun boh inumeun. Mun engke tingalieun awak ujang mundur teu nyumponan sarat cara nu lian-lianna, palangsiang kami dipaehan."

11

Ku sabab eta Daniel nepungan jaga, anu ku Aspenas dibakukeun ngurus anjeunna sarerencangan. Saurna:

12

"Cobi heula abdi opatan di lebet sapuluh dinten, neda bangsa sayuran, ngarot cai herang.

13

Lajeng bandingkeun hasilna sareng nonoman-nonoman sanes anu nareda sareng ngarotna katuangan sareng leueuteun ti karaton. Mangga engke taksir kumaha katingalina."

14

Pamundutna disaluyuan, heug dicoba sapuluh poe.

15

Sabadana, tetela hasilna leuwih nyugemakeun ti batan nonoman-nonoman anu dirangsom ti karaton. Leuwih sehat, leuwih kuat.

16

Ti semet harita, tetep taruangna teh bangsa sayuran, lain katuangan ti karaton anu ditangtukeun ku raja.

17

Ieu opat nonoman ku Allah dipaparin pangaweruh, paham kana kasusastran jeung palsapah. Kajaba ti kitu Daniel mah ku Allah dipaparin kaahlian nerangkeun harti tetenjoan jeung impian.

18

Tutas tilu taun anu ditempokeun ku raja, para nonoman teh ku Aspenas dideuheuskeun ka Nebukadnesar.

19

Waktu dicandak sasauran, sang raja pohara katarikna ku Daniel, Hananya, Misael, jeung Asaria, leuwih ti ka nu lian. Nya tuluy diangkat jadi abdi-abdi di karaton raja.

20

Mun ku raja dipariksa tina sual naon bae atawa tina masalah nu kumaha bae, kauningana ieu opat nonoman teh sapuluh kalieun tukang-tukang nujum atawa tukang-tukang sihir di sakuliah karajaan.

21

Ari Daniel aya di karaton raja teh nepi ka mangsa Babul ditalukkeun ku Raja Kores ti Persia.

Link: