:

Daniel 11

1

Anjeunna nu wajib mantuan jeung ngabelaan ka kami.

2

Ari ieu, anu rek dicaritakeun ku kami teh estu saenyana." Malaikat ngalahir kieu, "Aya tilu raja deui anu baris nyangking Persia. Tuluy deui nu kaopat, anu leuwih beunghar ti nu sejen-sejen. Dina puncak kakawasaan jeung kabeungharanana baris nangtang ka karajaan Yunani.

3

Geus kitu baris aya hiji raja gagah, pinyangkingeun hiji karajaan anu lega kabina-bina, sarta ngalajur sagala karepna.

4

Tapi dina puncak kajayaanana, karajaanana baris pecah jadi opat bagian, dicangkingna lain ku turunanana, sarta kakuatanana teu mapakan ka manehna.

5

Raja Mesir bakal jadi kuat. Tapi aya panglimana saurang anu leuwih kuat ti eta raja, baris nyangking hiji karajaan anu leuwih gede.

6

Sanggeus sawatara taun, raja Mesir baris ngayakeun beungkeutan jeung raja Siria, sarta ngadahupkeun putrina ka raja Siria. Tapi eta beungkeutan teh moal lila umurna, sabab eta putri jeung salakina katut anakna, kitu deui para abdina anu ngalanteur, baris diparaehan.

7

Teu lila ti harita, salah sahiji baraya eta putri baris aya nu jadi raja. Tuluy nempuh ka balad raja Siria, sarta hasil bisa asup ka benteng tur bisa ngelehkeun.

8

Arca-arca dewa eta bangsa, kitu deui paparabotan tina emas jeung perak anu geus dibaktikeun ka eta dewa-dewa, ku manehna diakut ka Mesir. Sanggeus kitu, meunang sababaraha taun euweuh perang.

9

Ti dinya raja Siria baris ngabales nempuh ka Mesir, tapi bisa diusir.

10

Anak-anak raja Siria mepek deui balad loba pisan. Anu saurang terus nempuh, datangna lir banjir, narajang hiji benteng musuhna.

11

Raja Mesir panas, tuluy indit merangan Siria; balad Siria anu sakitu lobana beunang katawan.

12

Lantaran perangna unggul tur bisa maehan prajurit musuh sakitu lobana, raja Mesir teh agul. Tapi eta kaunggulanana teh moal awet.

13

Raja Siria baris merangan deui, baladna leuwih loba ti nu enggeus. Mangsa waktuna geus cunduk, baris ngabales narajang, baladna loba pisan tur lengkep pakarangna.

14

Loba pisan jelema anu baris barontak ka raja Mesir. Aya sababaraha urang bangsa maneh, Daniel, anu adatna barangasan milu barontak, dumeh geus narenjo hiji tetenjoan. Tapi maranehna bakal katumpes.

15

Eta raja Siria baris ngepung hiji kota anu reugreug bentengna nepi ka bisa kajabel. Prajurit-prajurit urang Mesir teu kuat neruskeun jurit, pasukan petinganana geus beak kakuatanana.

16

Urang Siria anu nempuhna bisa sakumaha karep ka maranehna, taya nu bisa mapalangan. Malah eta raja teh bakal ngalindih Tanah Perjangjian, ngawasaan sagemblengna.

17

Raja Siria baris nginditkeun sakabeh baladna. Satuluyna, sangkan bisa ngawasaan karajaan musuhna, manehna ngajak ngahiji ka eta raja sarta mikeun anakna anu awewe sina dikawin. Tapi maksudna baris gagal.

18

Geus kitu manehna bakal narajang ka bangsa-bangsa nu caricing di basisir laut sarta loba anu dielehkeun. Tapi manehna baris kasoran ku hiji pamingpin bangsa asing nepi ka teu bisa adigung deui, sarta kaadigunganana bakal dibales.

19

Eta raja baris balik deui ka benteng-benteng di nagrina sorangan. Tapi di dinya eta raja baris kasoran sarta tinemu jeung panungtungan ajalna.

20

Manehna baris diganti ku raja sejen, anu bakal nitah hiji pajabatna ngagencet rahayatna ku pajeg-pajeg, geusan nambahan kakayaan karajaanana. Tapi moal lila deui eta raja bakal aya nu maehan, teu kanyahoan ku umum jeung lain di pangperangan."

21

Malaikat tea neruskeun sasauranana, "Nu baris jadi gaganti raja Siria teh, hiji jalma jahat tur euweuh hakna jadi raja. Tapi kalawan teu disangka-sangka, manehna baris ngandih karajaan ku jalan tipu daya.

22

Saha bae anu henteu satujuan jeung manehna, sanajan Imam Agung istrenan Allah, tangtu disapu beresih nepi ka musna.

23

Ku jalan tipu daya, baris loba bangsa-bangsa anu kacidraan, ari dirina baris tambah-tambah kuat, padahal manehna teh ngan nyangking hiji bangsa anu leutik.

24

Kalawan teu mere nyaho heula, manehna baris ngarurug hiji propinsi anu subur. Jeung bakal nyieun kajahatan-kajahatan, anu ku karuhun-karuhunna ge tara dilampahkeun. Barang-barang jeung harta beunangna ngarampas ti pangperangan ku manehna dibagi-bagikeun ka para panganutna. Karepna masih keneh arek terus ngarurug benteng-benteng batur. Tapi kajayaan manehna geus tereh enggeusan.

25

Bari gede kawani, manehna baris nyusun hiji balad gede, geusan narajang raja Mesir, anu geus taki-taki rek ngayonan, tur baladna gede jeung rongkah. Tapi raja Mesir bakal gagal, lantaran dihianatan.

26

Ku para panasehatna anu pangdeukeutna, anu harayangeun ngagulingkeun manehna. Prajurit-prajuritna loba anu paraeh, baladna kasapu.

27

Satuluyna eta dua raja baris bareng dahar sameja reujeung, tapi masing-masing ngandung niat dengki jeung silih bohongan. Duanana moal hasil kahayangna, lantaran acan mangsana.

28

Geus kitu raja Siria baris mulang deui ka nagrina, bari mawa barang jarahan, tekadna rek ngabasmi agama umat Allah. Lampahna bakal sakarep-karep, sanggeus kitu manehna baris mulang ka nagrina sorangan.

29

Dina hiji mangsa manehna baris nempuh deui Mesir. Tapi harita mah temahna baris tibalik, beda ti nu ti heula,

30

lantaran diayonan ku balad Rum nu daratangna make kapal-kapal, nepi ka manehna ngarasa gimir. Ti dinya manehna mulang bari ambek. Manehna tuluy bakal ihtiar numpes agama umat Allah, bakal nurutkeun nasehat jalma-jalma anu geus naringgalkeun eta agama.

31

Pasukanana sawareh bakal dititah nganajiskeun Bait Allah. Maranehna bakal ngeureunkeun kurban-kurban poean, sarta bakal masangkeun brahala anu disebutna si Pikasieuneun.

32

Ku akal pelitna eta raja baris dibantu ku jelema-jelema nu geus naringgalkeun agamana, beunangna ngolo-ngolo. Tapi umat anu tetep aranut ka Allah bakal malik ngalawan.

33

Loba anu dididik ku pamingpin-pamingpinna anu barijaksana. Tapi pikeun sawatara waktu mah sawareh bakal tariwas dina perang, atawa diduruk nepi ka paraeh, sawareh deui bakal dirampogan jeung ditawan.

34

Waktu eta jagalpati lumangsung, umat Allah bakal meunang pitulung saeutik; tapi ti antara anu mantuanana loba anu ngan kajurung ku kapentinganana sorangan.

35

Sawatara pamingpin-pamingpinna anu bijaksana nemahan pati. Tapi jadina alus, sabab eta umat jadi beresih. Kituna teh nepi ka datang poe panungtungan, anu geus diatur ku Allah.

36

Raja Siria tea baris terus sawenang-wenang jeung nyombongkeun maneh. Ceuk pangrasana manehna leuwih agung ti batan dewa nu mana oge, malah jeung Allah Nu Maha Agung ge pangrasana luhur keneh manehna. Kikituanana laluasa pisan, nepi ka datang mangsana baris dihukum ku Allah. Allah baris ngalaksanakeun sagala perkara anu geus ditangtukeun.

37

Eta raja bakal nyabodokeun ka dewa pujaan karuhun-karuhunna, kitu deui ka dewa pujaan kaom wanita. Kawantu sagala dewa ge ku manehna mah euweuh nu diajenan, lantaran pangrasana manehna leuwih ti dewa-dewa.

38

Tapi teu burung aya nu ku manehna dihormat, nya eta dewa pangaping benteng-benteng. Eta dewa anu lain sesembahan karuhunna, ku manehna dibaktian emas, perak, permata, jeung lian-lianna deui barang nu marahal.

39

Pikeun ngajaga benteng-bentengna, manehna baris ngagunakeun jalma-jalma anu nyarembahna ka dewa-dewa bangsa asing. Jalma-jalma anu ngaku kana kakawasaanana, ku manehna diganjar kahormatan, pangkat luhur, jeung tanah.

40

Sanggeus deukeut kana mangsa panungtungan, eta raja Siria baris ditempuh ku raja Mesir. Tapi manehna baris ngabales, ngetrukkeun sagala kakuatanana, kareta-kareta perang, pasukan-pasukan kuda, jeung kapal-kapal. Loba nagri anu bakal ditempuh ku manehna, nempuhna lir cai caah narajang.

41

Malah ka Tanah Perjangjian oge bakal narajang, maehan puluhan rebu jelema. Tapi nagri Edom, Moab, jeung bagian penting nagri Amon salamet.

42

Waktu manehna narajang nagri-nagri, Mesir oge teu kaliwat.

43

Rajabrana pependeman bangsa Mesir, emas, perak, kitu deui harta lianna anu marahal, beunang kajabel. Libia jeung Sudan oge bakal eleh ku manehna.

44

Geus kitu datang beja-beja ti wetan jeung ti kaler, anu bakal ngageumpeurkeun hatena, ngalantarankeun perangna beuki telenges, jalma-jalma nu ditumpes kacida lobana.

45

Malah manehna bakal masang kemah-kemah karajaanana di antara laut jeung gunung tempat ngadegna Bait Allah. Tapi ahirna manehna bakal paeh, tur euweuh anu nulungan saurang-urang acan."

Link: