Daniel 3
Raja Nebukadnesar ngadamel arca tina emas, luhurna salapan puluh kaki, rubakna salapan kaki, dipasang di tanah lapang di Dura, di propinsi wilayah Babul.
Ti dinya raja miwarang ngumpulkeun sakabeh pajabatna, — para pangeran, para gupernur, para wakil gupernur, bupati-bupati, bendahara-bendahara, jaksa-jaksa, hakim-hakim, katut para pajabat propinsi-propinsi sejenna. Kabeh kudu milu kana upacara pangresmian eta arca beunang raja ngadegkeun tea.
Sanggeus kabeh karumpul sarta geus narangtung hareupeun eta arca,
juruwarta ngomong tarik, ngembarkeun pangumuman, kieu: "Rahayat sakumna ti unggal bangsa, seler bangsa, sabasana-sabasana!
Aranjeun baris ngareungeu sora tarompet, dituturkeun ku sora suling, rebab, gambus, kacapi, katut tatabeuhan lianna. Bareng jeung brengna tatabeuhan, sakumna rahayat kudu marendek dareku, ngabakti ka ieu arca emas, anu ku Raja Nebukadnesar diadegkeun.
Sing saha anu teu deku ngabakti ka dinya, moal tempo deui baris digebruskeun ka jero pameuleuman anu ngagegedur!"
Breng tatabeuhan ditabeuh, rahayat ti sagala bangsa, suku bangsa katut basa, bareng marendek sarujud ka eta arca emas anu beunang Raja Nebukadnesar ngadegkeun tea.
Aya sawatara urang Babul, anu asa meunang jalan geusan nyilakakeun urang Yahudi.
Pok arunjukan ka Raja Nebukadnesar, "Mugia Kangjeng Raja jumeneng sapapaosna!
Gusti parantos nimbalan, yen di mana breng tatabeuhan ditabeuh, masing-masing kedah sujud nyembah ka arca emas.
Anu teu mendek sujud ka eta, baris digebruskeun ka lebet pameuleuman anu ngagegedur.
Awon henteu kapiunjuk, aya tilu jalmi urang Yahudi, anu ku Kangjeng Gusti sina nyepeng pamarentahan di propinsi Babul, nya eta Sadrah, Mesah sareng Abednego. Maranehna henteu tumut kana timbalan Kangjeng Gusti. Teu nyembah, teu sujud ka eta arca emas kenging Gusti ngadegkeun."
Sang raja benduna teu kira-kira, seug nimbalan supaya eta tilu jelema dibawa ka payuneunana.
Dawuhan raja ka aranjeunna, "Sadrah, Mesah jeung Abednego, na enya maraneh nolak embung nyembah ka dewa kami, henteu sujud ka arca emas beunang kami ngadegkeun?
Ti semet ayeuna, tiap-tiap maraneh ngadenge sora tarompet, suling, rebab, gambus, kacapi, jeung tatabeuhan lianna, kudu sujud nyembah ka eta arca. Mun teu kitu, harita keneh tan wande maraneh digebruskeun ka jero pameuleuman anu ngagegedur. Naha pangira maraneh aya dewa anu baris nyalametkeun maraneh?"
Sadrah, Mesah jeung Abednego ngawangsul, "Dawuh Gusti, abdi-abdi moal ngabela diri.
Upami Allah anu dibakti ku abdi-abdi iasaeun ngaleupaskeun abdi-abdi tina eta pameuleuman anu ngagegedur, kitu deui tina kakawasaan dampal Gusti, kantenan kersaeun.
Nanging dina teu kersaeuna-Na, Kangjeng Raja mugia uninga, abdi-abdi tetep moal nyembah ka dewa Kangjeng Raja, moal sujud ngabakti ka eta arca emas kenging Gusti ngadegkeun."
Barang ngadangu kitu, amarah sang raja budal. Pameunteuna mani geuneuk awahing ku wera ka Sadrah, Mesah jeung Abednego. Tuluy marentah sangkan seuneu pameuleuman digedean, panasna sing nepi ka tujuh tikeleun ti biasa.
Lajeng nimbalan ka serdadu-serdadu anu pangbedasna, sina ngabarogod eta anu tiluan, sangkan terus dibalangkeun ka jero pameuleuman.
Tuluy aranjeunna dibakutet, lengkep jeung anggoanana, kameja, jubah, sorban, brus digebruskeun kana pameuleuman anu ngagegedur.
Awahing ku panas-panasna eta seuneu, kawantu beunang ngagedean, kalawan parentah kacida kerasna, jalma-jalma anu rek ngagebruskeun aranjeunna kaduruk nepi ka paraeh.
Sadrah, Mesah, jeung Abednego, anu dibakutet, ragragna kana seuneu ka tengah-tengahna pisan.
Tapi ngadak-ngadak Nebukadnesar ngorejat ngadeg awahing ku heran. Pok mariksa ka para ponggawana, "Lain tiluan anu dibakutet digebruskeun ka dinya teh?" Diwarangsul, "Sumuhun timbalan, leres tiluan."
Raja mariksa deui, "Naha geuning katenjona ku kami mah aya opatan, tingkuriling di jero seuneu? Henteu dibakutet, jeung siga henteu ngarasaeun nyeri. Nu kaopat mah bet siga malaikat."
Nebukadnesar nyaketan lawang pameuleuman anu ngagegedur. Lajeng ngagentraan, "Sadrah, Mesah, Abednego! Abdi-abdi Allah Anu Maha Agung! Geura bijil!" Harita keneh tiluanana kalaluar.
Para pangeran, para gupernur, para wakil gupernur, jeung pajabat-pajabat raja, ngarubung nelek-nelek aranjeunna anu henteu naon-naon ku seuneu. Rambutna teu tutung, anggoanana teu kaduruk, salirana henteu bau haseup-haseup acan.
Raja nimbalan, "Puji Allahna Sadrah, Mesah, jeung Abednego. Anjeunna ngintun malaikat-Na, nangtayungan ieu tilu jalma anu ngabakti sarta percaya ka Anjeunna. Maranehna ti batan tunduk kana parentah kami, leuwih suka paeh ti batan kudu sujud ngabakti ka dewa mana bae oge, lian ti ka Allahna sorangan.
Kami ngaluarkeun parentah, sing saha bae, bangsa mana bae, seler bangsa mana bae, ku basa naon bae, anu ngahina ka Allahna Sadrah, Mesah jeung Abednego, baris diteukteukan awakna sabagian-sabagian, imahna dirugrug-rugrugkeun. Sabab euweuh dewa sejen anu bisa mere pitulung cara kieu."
Geus kitu Sadrah, Mesah, jeung Abednego ku raja dijungjung kana pangkat anu leuwih luhur, nyangking kalungguhan di propinsi Babul.