Esra 4
Musuh-musuh urang Yuda jeung Binyamin geus mareunang beja, yen anu marulang ti pangbuangan teh keur ngadegkeun deui Bait Allah, Allahna Israil.
Tuluy narepungan ka Serubabel jeung ka kapala-kapala kaom, pok ngaromong, "Kuring rek milu digawe mantuan ngadegkeun Bait Allah. Kuring oge ngabakti teh ka Allah anu ku aranjeun disembah. Ti barang diinditkeun ku Esar Hadon raja Asur marukim di tanah ieu, kuring geus biasa nyanggakeun kurban-kurban ka Allah."
Diwalon ku Serubabel, Yesua jeung kapala-kapala kaom, "Pikeun ngawangun hiji gedong pikeun PANGERAN Allah kuring, kuring nu perlu dibantuan ku aranjeun, rek ku sorangan bae, sakumaha timbalan Kores raja Persia."
Seug jelema-jelema urang dinya teh nyingsieunan ka urang Yahudi, ngarerentag sangkan eta gedong ulah jadi.
Malah nyarogok ka gegeden-gegeden pamarentah Persia sangkan ngahalang-halang. Kitu bae kaayaanana sapanjang Kores jumeneng raja nepi ka digentosna ku Darius.
Keur mangsa Ahasweros anyaran jumeneng raja, eta musuh nyuratan ka raja, ngagogoreng urang Yahudi di Yuda jeung di Yerusalem.
Ari keur mangsa Artahsasta jumeneng raja Persia, anu ngirim surat ka raja teh Bislam, Mitredat, Tabeel sapara kanca. Suratna make basa Aram, lamun rek dibaca kudu disalin heula.
Oge Gupernur Rehum jeung Simsai sekretaris propinsi, ngirim surat ka Artahsasta tina hal kaayaan Yerusalem, suratna kieu:
"Serat abdi Gusti pun Rehum, gupernur, pun Simsai, sekretaris propinsi sapara kanca, para hakim sareng gegeden-gegeden anu kawit ti Ereh, Babul, ti Susan tanah Elam,
sareng ti bangsa-bangsa sanesna anu ku Asur Banipal anu agung tur kawasa dialihkeun ka Samaria sareng ka tempat-tempat di Eprat Kulon."
Eusina: "Kaunjuk hing pangersa Raja Artahsasta, ti abdi-abdi di Eprat Kulon.
Unjuk uninga, bangsa Yahudi anu marulang ti jajahan Gusti anu sanesna deui, parantos maratuh di Yerusalem. Ayeuna nuju ngadegkeun deui kota anu kapungkur kaceluk jahat sareng bantahan. Parantos ngawitan ngadegkeun kuta-kutana, moal lami deui oge parantos.
Kangjeng Raja, upami eta kota ngadeg deui sareng kuta-kutana parantos jadi, maranehna moal daek malayar pajeg, matak rugel ka salira Gusti.
Sarehing abdi-abdi teh kumawula ka salira, moal rido ningal kajadian sarupi kitu. Kitu purwana kumawantun ngunjukkeun ieu pirempag.
Mugi Jeng Raja nimbalan marios serat-serat titilar karuhun. Tangtos ku Gusti baris kauninga yen eta kota teh tukang barontak. Ti jaman karuhun-karuhunna keneh eta teh mung wungkul nyesahkeun raja-raja sareng para gupernur. Rahayatna sesah diatur. Kitu margina eta kota kapungkur dibasmi.
Abdi-abdi yakin saupami eta kota ngadeg deui sareng kuta-kutana parantos jadi, tangtos propinsi-propinsi di Eprat Kulon leupas ti panalingaan Jeng Raja."
Serat waleran ti raja: "Salam, Surat kami ka gupernur Rehum, ka Simsai, sekretaris propinsi jeung kanca-kancana nu marukim di Samaria jeung Eprat Kulon.
Surat maraneh geus disalin sarta dibacakeun ka kami.
Kami geus marentahkeun mariksa surat-surat titinggal. Memang bener, ti baheulana keneh Yerusalem sok barontak bae ngalawan kana kakawasaan, pinuh ku jelema-jelema tukang rusuh, tukang nyieun kaributan.
Raja-raja anu nyarekel kawasa marentah sakuliah jajahan Eprat Kulon, geus biasa narik pajeg jeung upeti.
Ku sabab eta maraneh kudu ngaluarkeun parentah, yen eta kota teu meunang diteruskeun, nepi ka aya parentah deui ti kami.
Gancang jalankeun, sangkan kapentingan kami ulah kaancam."
Satarimana eta serat ti Artahsasta, Rehum, Simsai jeung sakancana buru-buru ka Yerusalem, ngalarang ka urang Yahudi neruskeun nyieun eta kota.
Bait Allah geus teu dipigawe deui, katunda nepi ka taun kadua Darius jumeneng raja di nagara Persia.