Esra 6
Raja Darius miwarang mariksa surat-surat karajaan anu disimpen di Babul.
Tapi surat anu dipilarian teh kapendakna di Ekbatana, kota propinsi Madayin, nya eta hiji gulungan anu eusina catetan, unina:
"Dina taun kahiji ngasta parentah, Raja Kores nimbalan sangkan Bait Allah di Yerusalem diadegkeun deui, pikeun ngajalankeun kurban-kurban jeung kurban anu diduruk. Eta Bait Allah luhurna kudu 27 meter, rubakna oge 27 meter.
Lapisan tembokanana kudu diatur tiap-tiap tilu lapis batu diselang ku salapis kai. Sagala ongkos-ongkosna baris dibayar tina panghasilan nagara.
Paparabotan emas jeung perak ti Bait Allah di Yerusalem anu ku Raja Nebukadnesar dibawa ka Babul, kudu dipulangkeun ka asalna."
Darius ngadamel serat waleran. Unina: "Kahatur Tatenai, gupernur Eprat Kulon, Setar Bosnai sapara kanca gegeden Eprat Kulon. Maraneh ulah deukeut-deukeut ka eta Bait Allah,
sarta pangwangunana ulah dihalang-halang. Ingkeun gupernur Yuda jeung para kokolot urang Yahudi sina ngadegkeun deui eta Bait Allah dina urutna bareto.
Sarta reujeung ieu kami marentah maraneh kudu ngabantu ngarojong eta pagawean. Sagala ongkosna ku maraneh kudu dibayar tina dana karajaan, tina tarikan pajeg di daerah-daerah Eprat Kulon, sangkan eta pagawean ulah katunda.
Teu meunang henteu, saban poe maraneh kudu nedunan pamenta imam-imam di Yerusalem, kayaning: anak sapi, domba, anak domba, kurban durukeun haturan Allah sakumna langit, tarigu, uyah, anggur, minyak jetun.
Kudu cumpon sangkan maranehna bisa nyanggakeun kurban ka Allah sakumna langit sakumaha layakna, sarta mangnedakeun berkah Allah pikeun kami jeung putra-putra kami.
Saterusna parentah kami: Sing saha anu mungpang kana ieu parentah, kudu dipanggang awakna sing parat ku kai tina tihang imahna, beunang nyeukeutan, sarta imahna kudu dirubuhkeun dijieun tumpukan runtah.
Mugia Allah, anu geus milih Yerusalem jadi tempat pikeun ngabakti ka salira-Na, nyingkahkeun raja-raja, atawa bangsa, anu ngalawan kana ieu parentah kami, atawa anu nyoba ngaruksak eta Bait Allah. Kami, Darius, anu ngaluarkeun ieu parentah. Jalankeun kabeh ieu parentah kami."
Sakumaha parentah raja tea, ku Gupernur Tatenai jeung Setar Bosnai sakanca-kanca gegeden, dijalankeun enya-enya.
Bait Allah dipigawena kacida lancarna, diluluguan ku para kokolot urang Yahudi, kalawan pangdorong Nabi Hagai jeung Nabi Jakaria. Bait Allah geus anggeus, saluyu jeung timbalan Allah Israil, saluyu jeung parentah raja-raja Persia, Kores, Darius jeung Artahsasta.
Bait Allah teh anggeusna dina tanggal tilu bulan Adar, taun anu kagenep pamarentahan Raja Darius.
Urang Israil, nya eta para imam, kaom Lewi jeung sakabeh anu marulang ti pangbuangan, pohara ngarasa bungahna. Seug eta Bait Allah teh diistrenan.
Dina waktu ngistrenan, maranehna nyanggakeun 100 sapi jalu, 200 domba jalu, 400 anak domba jalu, dikurbankeun jeung 12 embe jalu anu dipake kurban keur nebus dosa, hiji embe pikeun tia-tiap kaom Israil.
Geus kitu ngatur para imam jeung kaom Lewi anu kudu ngalalayanan di Bait Allah di Yerusalem, saluyu jeung katangtuan anu aya dina Kitab Musa.
Dina tanggal 14 bulan kahiji taun hareupna, eta anu marulang ti pangbuangan teh ngalampahkeun Pesta Paska.
Sakabeh imam jeung kaom Lewi nyucikeun diri kalawan upacarana. Kaom Lewi meuncitan sato pikeun kurban-kurban Paska, pikeun dulur-dulurna anu geus marulang, pikeun para imam, jeung pikeun maranehna pribadi.
Sato-sato anu geus dikurbankeun teh didalahar ku sakabeh urang Israil anu marulang ti pangbuangan, oge ku jelema-jelema urang tanah eta anu geus naringgalkeun adat kapirna, anu daratang marilu ngabakti ka GUSTI Allahna Israil.
Tujuh poe lilana maranehna mestakeun Pesta Roti Teu Diragi. Kacida barungaheunana reh PANGERAN geus ngalangsarkeun manah raja Asur ka maranehna, nepi ka kersa ngabantu pagaweanana ngawangun deui Bait Allah pikeun Allah Israil.