:

Ester 7

1

Lajeng raja angkat jeung Haman, kadua kalina muru tuang ka Ester.

2

Sanggeusna ngaleueut anggur, raja mariksa ka Ester, "Ratu Ester bade mundut naon? Saurkeun bae, tangtos buktos. Masih sabeulah karajaan ge ku Engkang hamo burung diserenkeun."

3

Ratu Ester ngawaler, "Manawi Kangjeng Raja sapuk ngabulkeun ieu panuhun abdi nu hina, panuhun teh taya sanes mung nyuhunkeun ditangtayungan nyawa, diri miwah bangsa abdi.

4

Sayaktosna bangsa abdi nya kitu deui abdi, parantos aya nu ngajual bade dijagal. Saupami henteu matak bahla mah, saupami mung ukur dijual dijadikeun budak beulian, moal kantos diunjukkeun, bade disidem bae. Dupi ieu, abdi sadaya bade ditumpes, disina tumpur!"

5

Raja Ahasweros mariksa ka Ratu Ester, "Saha anu cucungah kitu teh? Di mana jelemana?"

6

Waler Ester, "Musuh abdi-abdi, anu jail kaniaya, sumuhun ieu durjanana, Haman!" Seblak Haman kabur pangacianana.

7

Sang raja lajeng ngajengkat awahing ku wera, kaluar ti kamar ngabujeng taman padaleman. Ari Haman terus ngajengjen, tina geus kagungan pirasat pasti dihukum ku raja. Niatna rek muntang ka Ester mundut dibela nyawa.

8

Gebru meubeutkeun anjeun, nyuuh ka Ester anu calik dina dipan, seja mundut piwelasna. Sabot kitu raja lebet manten ti taman. Ana ningali kitu, raja mani ngahaok, "Si campelak! Rek ngagadabah ka prameswari kami, hareupeun kami, tur di padaleman pisan?" Tutas sang raja ngahaok, jol abdi-abdi, ngarungkup mastaka Haman.

9

Nu saurang, nu ngaran Harbona unjukan, "Sayaktosna Haman parantos ngadegkeun panggantungan di bumina, luhurna dugi ka dua puluh dua meter, bade ngagantung Mordekai, anu kapungkur ngaboker rasiah jalma-jalma anu niat nelasan Sang Raja." Timbalan raja, "Gantung Haman di dinya!"

10

Gulawing Haman digantung, dina panggantungan anu tadina dijieun keur ngagantung Mordekai. Sanggeus kitu, kakara bendu sang raja leler.

Link: