Galata 6
Lamun aya batur migawe teu bener, pepelingan ku aranjeun, anu ariman. Tapi mepelinganana sing leuleuy, jeung kahade bisi aranjeun sorangan kabawakeun.
Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.
Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.
Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur,
sabab masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.
Anu geus nampa pangajaran Kristus, kudu nembongkeun kalakuan anu hade, tanda tumarima ka nu ngajarna.
Ulah boga sangka Allah beunang dibobodo. Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.
Melak anu asalna tina kahayang badani, tina eta pepelakan, maot nu bakal kaala. Melak anu asalna ti Roh Allah, hirup langgeng anu asal ti Roh Allah nu bakal kaala.
Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.
Ku sabab eta, saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae, komo ka batur sakapercayaan mah.
Tulisan anu ieu aksarana baradag! Sim kuring sorangan anu nuliskeunana.
Jelema-jelema anu mamaksa aranjeun disunat teh ngan ngagedekeun sual-sual lahir. Pamalarna taya lian, sangkan ulah nepi ka milu dikakaya ku urang Yahudi tina sabab salib Kristus.
Sanajan maranehanana disunat oge narurut kana Hukum agama Yahudi mah henteu. Maksa-maksakeun sunat ka aranjeun teh ngan ngarah kapuji geus bisa ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun.
Ari kaagul sim kuring mah ngan Gusti urang Yesus Kristus anu geus pupus disalib. Sabab ku pupusna Anjeunna disalib teh pikeun sim kuring mah dunya geus teu aya hartina, nya kitu deui sim kuring pikeun dunya lir geus maot.
Disunat teu disunat teu jadi sual, nu perlu mah jadi manusa anyar.
Mugia anu pamadegan hirupna kieu, bareng jeung sakumna umat Allah sing disiram ku rahmat jeung kanugrahaan ti Allah.
Mugia ti semet ieu mah aranjeun henteu nyusahkeun deui hate sim kuring, sabab dina diri sim kuring aya tapak-tapak anu nandakeun yen sim kuring teh abdina Yesus Kristus.
Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun, dulur-dulur! Amin. Wassalam, Paulus