Habakuk 3
Ieu paneda Nabi Habakuk:
Nun PANGERAN, abdi parantos nguping sugri anu dipidamel ku Gusti. Hate abdi pinuh ku rasa hormat. Eta padamelan Gusti nu aragung, mugi pidamel deui jaman abdi-abdi ayeuna. Mugi Gusti mikawelas, sanaos upami keur bendu.
Allah tereh sumping deui ti Edom. Allah nu suci, tereh sumping ti pagunungan Paran. Kamulyaana-Na minuhan langit, sarta bumi pinuh ku pujian ka Mantenna.
Sumping-Na bareng jeung kilat ngagebray, panangana-Na ngaluarkeun cahaya, nya di dinya disumputkeun pangawasa-Na.
Di hareup Mantenna ngagiring panyakit, di tukang diiring ku maot.
Ana Mantenna ngarandeg, bumi ngariyeg. Bangsa-bangsa dipencrong, kabeh ngagebeg. Gunung-gunung nu aya ti jaman purba alambrug, pasir-pasir anu umurna mangabad-abad rarugrug, pasir-pasir anu baheula diambah ku Mantenna.
Abdi ningal urang Kusyan kasieunan, urang Midian ngadegdeg.
Nun PANGERAN, pangna bendu teh naha ku margi walungan-walungan? Pang Gusti wera teh naha ku margi lautan? Gusti nitihan mega sareng mega topan lir karetana, waktos sumping nyandak kaunggulan kangge umat Gusti.
Gusti ngawengkang gondewa, bade ngalepas jamparing. Kilat Gusti meulah bumi.
Barang gunung-gunung ningal ka Gusti, per ngadaregdeg, hujan bahe ti langit. Cai handapeun daratan ngaguruh, ombakna laluhur pagulung-gulung.
Waktos jamparing-jamparing Gusti tingbelesat sareng tumbak Gusti ngagurilap, panonpoe sareng bulan ngarandeg.
Sajeroning wera Gusti lungsur ngambah lemah, bangsa-bangsa ku Gusti dileyek.
Gusti majeng, bade nyalametkeun umat Gusti ngajait raja pilihan Gusti. Pamingpin para durjana ku Gusti dihajar ngajungkel, para panganutna seep ditumpes.
Jamparing-jamparing Gusti narancleb ka kapala pasukan musuh, anu keur nyebrut sapertos topan, niat ngubrak-ngabrik abdi-abdi, bangun atoh ku nu cilaka, sapertos kabiasaan jalmi-jalmi tukang ngagencet rerencepan.
Bari tunggang kuda Gusti ngucek-ngucek laut, cai laut nu hebat dugi ka ngabudah.
Ngareungeu eta kaula ngarasa ketir, biwir ngeleper lantaran sieun awak leuleus, di handap suku titatarajong. Bari ngahephep kaula ngadago waktuna PANGERAN bakal nerapkeun hukum ka nu narajang ka urang.
Najan kondang teu baruahan, tangkal anggur taya anggurna, najan panen jetun gagal, jeung di huma taya pelak gandum najan domba kabeh paraeh, kandang sapi kararosong,
kaula moal weleh suka jeung bungah, sabab aya PANGERAN Allah, jurusalamet kaula.
Ku PANGERAN Nu Maha Agung dipaparin kakuatan, dipaparin suku anu tangginas kawas uncal, aman ngambah pagunungan.