:

Hosea 11

1

PANGERAN ngandika, "Kami nyaah ka Israil ti bubudakna, ku Kami disaur sina kaluar ti Mesir, diaku anak.

2

Tapi beuki sering disaur, beuki ngajauhan Kami, umat Kami anggur marere kurban ka Baal, ngarukus ka arca-arca dewa.

3

Padahal Kami anu ngajar Israil leumpang. Umat Kami ku Kami dititimang, Kami nu ngarawatanana, tapi ku maranehna teu diaku.

4

Maranehna ku Kami sok ditatangkeup, bakat ku deudeuh jeung asih. Ku Kami dijungjung diteueul-teueulkeun kana pipi. Kami dongko ngahuapan maranehna.

5

Maranehna teh arembungeun balik ka Kami, ku sabab kitu rek disina baralik deui ka Mesir, jeung sina diparentah ku bangsa Asur.

6

Kota-kotana sina kasapu ku perang, gapura-gapura kotana sina rarubuh. Eta perang bakal ngagempur umat Kami lantaran lampah maranehna sakarep-karep.

7

Maranehna murugul naringgalkeun Kami. Maranehna bakal careurik lantaran diterapan nandang pasangan, tapi moal aya saurang ge nu bakal ngalaan pasanganana.

8

Kumaha rek tega Kami ka maneh, Israil? Kumaha rek tega Kami ninggalkeun ka maneh? Na tega Kami numpes ka maneh cara ka Adma atawa migawe ka maneh cara ka Seboim? Hate Kami moal mikeun! Kaasih Kami ka maneh kacida gedena.

9

Sakumaha Kami amarahna ge ka maneh, moal ngahukum. Kami moal deui-deui numpes ka Israil, karana Kami teh Allah, lain manusa. Ieu Kami Anu Maha Suci, seja reureujeungan jeung maraneh. Kami moal nemonan maraneh bari amarah.

10

Umat Kami bakal naluturkeun ka Kami, saupama Kami geus ngagaur ka musuh-musuhna saperti singa. Maranehna bakal gagancangan muru Kami ti kulon.

11

Ti Mesir maranehna bakal daratang, garancang tinanding manuk. Nu ti Asur garancangna tinanding japati. Kami rek mawa maranehna ka imah-imahna deui. Kami, PANGERAN, geus ngandika."

12

PANGERAN ngandika, "Urang Israil geus ngalingkung Kami ku bohong jeung tipu, sarta urang Yuda tetep keneh ngaralawan ka Kami, Allah nu suci tur satia.

Link: