Hosea 13
Jaman bareto, lamun kaom Epraim ngomong, kaom-kaom Israil anu sejenna ngarasa sieun. Kaom Epraim dipikaserab ku maranehna. Tapi eta kaom geus nyieun dosa, ngabarakti ka Baal, ku lantaran kitu maranehna bakal paraeh.
Dosana diteruskeun ku nyarieun arca tina logam pikeun disembah, arca tina perak, hasil pangreka pikiran manusa, dijieunna ku leungeun manusa. Kari-kari ceuk maranehna, "Haturanan kurban eta arca-arca teh!" Arca-arcana dirupakeun sapi jalu. Heran, manusa-manusa teh nyariuman eta arca-arca!
Ku sabab kitu eta jalma-jalma baris leungit, cara halimun isuk-isuk, cara ibun beak ku poyan, cara huut ti pangirikan kabawa angin, cara haseup nu kaluar tina corobong.
PANGERAN ngandika, "Ieu Kami PANGERAN, Allah maraneh, anu nuyun maraneh budal ti Mesir. Taya deui Allah maraneh, anu nyalametkeun maraneh, ngan Kami.
Kami anu ngaraksa ka maraneh di tanah nu garing di gurun keusik.
Tapi sanggeus maraneh arasup ka tanah anu alus, sanggeus beuteung sareubeuh jeung ngarasa taya kakurang, jadi karumaki, paroho ka Kami.
Ku sabab kitu, Kami ka maraneh rek nubruk cara singa, cara meong tutul ngadepong megat maraneh di jalan.
Kami rek narajang cara biruang anu kaleungitan anak, maraneh ku Kami rek disasaak. Cara singa, Kami rek ngerekeb maraneh, rek dihakan di dinya keneh. Cara sato galak Kami rek nyasaak maraneh.
Ari maraneh, urang Israil, ku Kami rek dibasmi! Saha nu rek nulungan?
Maraneh marenta raja jeung pamingpin-pamingpin. Na bisaeun maranehna ngajait bangsa?
Bari amarah Kami mere raja-raja ka maraneh, sarta bari amarah Kami nyokot deui maranehna.
Dosa jeung kadorakaan Israil geus dicatet, sarta catetanana disimpen hade-hade.
Israil geus dibere kasempetan hirup. Tapi ku sabab gejul, eta kasempetan teh henteu ditolih, kawas orok geus kari burusut dijurukeun tapi teu daekeun kaluar tina pianakan indungna.
Ieu jelema-jelema ku Kami moal dijait ti dunyana nu paraeh, moal direbut tina kakawasaan ajal. Eh ajal, datangkeun pagebug! Eh dunyana nu paraeh, datangkeun panumpes! Kami geus teu karunya ka eta bangsa.
Najan Israil hirupna subur montok cara jujukutan, Kami rek ngadatangkeun angin panas ti wetan, ti gurun keusik, anu bakal ngagaringkeun sakabeh cinyusu jeung sumur-sumur, nepi ka ngamusnakeun sagala rupa nu aya hargaan.
Samaria kudu dihukum, lantaran ngalawan ka Kami. Jalma-jalmana bakal paraeh di pangperangan, orok-orokna bakal dibanting-bantingkeun kana taneuh, awewe-awewe reuneuh bakal dibaredelan beuteungna."