:

Imamat 5

1

Kurban pamupus dosa perlu kudu dihaturkeun dina hal-hal anu kieu: Lamun aya jelema anu kalawan resmi dipenta panyaksina di pangadilan, tapi teu mere katerangan tina hal anu ku manehna geus katenjo atawa kadenge, nepi ka manehna kudu nanggung balukarna.

2

Lamun aya jelema anu teu kahaja nyabak barang najis, upama bae bangke sato, tapi sanggeusna tuluy ngarasa yen dirina jadi najis jeung salah.

3

Lamun aya jelema anu teu kahaja nyabak barang najis naon bae anu asal ti jelema, tapi sanggeusna tuluy ngarasa kana kasalahanana.

4

Lamun aya jelema anu sumpah sambarangan tina hal naon bae, tapi geus kitu tuluy ngarasa yen eta kalakuanana teh salah.

5

Dina hal-hal saperti kitu, jelema nu salah teh kudu ngaku kana kasalahanana.

6

Pikeun nebus kasalahanana tea manehna kudu mawa hiji domba bikang atawa embe bikang haturkeuneun ka PANGERAN. Eta sato ku imam kudu dijieun kurban pikeun mupus dosana eta jelema.

7

Anu teu kuat ngahaturkeun domba atawa embe, meunang ku japati atawa tikukur dua siki, hiji keur kurban pamupus dosa, hiji keur kurban beuleuman.

8

Serenkeun manukna ka imam. Imam kudu ngaheulakeun kurban pamupus dosa. Manuk teh pinggeskeun beuheungna deukeut kana huluna tapi ulah nepi ka pegat.

9

Getihna sina ngeclak saeutik kana biwir altar, sesana kucurkeun kana dasar liang altar. Eta pikeun kurban pamupus dosa.

10

Manuk anu hiji deui jieun kurban beuleuman, aturanana sakumaha mistina. Jadi eta jelema teh ku imam dipangurbankeun pikeun nebus dosana, tangtu dihampura.

11

Upama teu kuat ngahaturkeun japati atawa tikukur, meunang ku tipung sakilo. Tipung wungkul, ulah diteundeunan minyak atawa dupa, da eta mah kurban pamupus dosa, lain kurban gandum.

12

Serenkeun ka imam. Ku imam kudu dicokot sakeupeul pikeun jadi sarat yen geus dihaturkeun kabeh ka PANGERAN. Beuleum dina altar jadi kurban kadaharan. Eta pikeun kurban dosa.

13

Jadi eta jelema ku imam dipangurbankeun pikeun nebus dosana, tangtu dosana dihampura. Tipung sesana jadi bagian imam sakumaha halna kurban kadaharan.

14

PANGERAN ngandika deui ka Musa perkara katangtuan kieu:

15

Jelema anu boga dosa teu kahaja henteu mayar-mayar kaperluan anu disucikeun haturan PANGERAN, kudu ngurbankeun domba atawa embe jalu anu mulus, pikeun nebus kasalahanana. Dombana ditaksir heula pihargaeunana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN.

16

Tunggakanana kudu dibayar, ditambah dengda saperlimana tina tunggakanana. Dombana serenkeun ka imam supaya dikurbankeun pikeun nebus dosana, tangtu dosana dihampura.

17

Jelema anu teu kahaja ngalanggar cegahan PANGERAN, eta salah sarta kudu dihukum.

18

Hukumanana kudu nyerenkeun domba atawa embe jalu anu mulus, sarta hargana ditaksir nurutkeun patokan Kemah PANGERAN. Eta sato ku imam kudu dikurbankeun pikeun nebus dosa eta jelema.

19

Eta teh kurban ganti rugi pikeun kasalahanana ka PANGERAN.

Link: