:

Jabur 19

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (19-2) Ku bengras langit ngebrehkeun kamulyaan Allah! Ku cekas eta teh nembongkeun karya Mantenna!

2

(19-3) Poe nu ieu nepikeun hal eta ka poe isuk, peuting nu ayeuna nyaritakeun hal eta ka peuting nu engke.

3

(19-4) Taya ucap taya kecap nu dipake, taya sora nu kadenge;

4

(19-5) tapi amanahna parat ka saampar jagat, aweuhanana kadenge tepi ka tungtung bumi. Allah ngimahan panonpoe di langit,

5

(19-6) nu medal isuk-isuk lir panganten lalaki lugay ti kamar, pertentang jeg pahlawan seja miang.

6

(19-7) Ngagandeuang ti tungtung langit nu ieu, ngambah jalan muru ka tungtung langit nu itu, kabeh taya nu luput tina panasna.

7

(19-8) Hukum PANGERAN sampurna, matak seger kana jiwa. Parentah PANGERAN beunang dipercaya, mere hikmah ka anu tuna harti.

8

(19-9) Papakon PANGERAN saestu, matak bagja nu mituhu. Parentah PANGERAN teh adil, matak lantip budi akal.

9

(19-10) Bakti ka PANGERAN kacida hadena, bakal lumangsung salalawasna. Putusan PANGERAN adil kabeh lempeng sarta jujur.

10

(19-11) Leuwih pikabitaeun ti batan emas nu pangalusna, leuwih amis ti batan madu asli.

11

(19-12) Tina eta abdi kenging pangarti, tigin ka eta kenging ganjaran.

12

(19-13) Taya jalma nu ngarasa kana kasalahan dirina; bebaskeun abdi tina kalepatan nu teu kaciri!

13

(19-14) Sareng luputkeun tina dosa anu dihaja, sing ulah kacangking ku lampah kitu. Sangkan jadi jalma sampurna, bebas leupas tina dosa nu matak cilaka.

14

(19-15) Sakur ucap abdi katut usiking sanubari, sing matak kamanah ku Gusti nun PANGERAN, panyaluuhan sareng panebus abdi!

Link: