:
1 Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (21-2) Nun PANGERAN, raja teh bingah reh ku Gusti dipaparin kakiatan, ngaraos suka reh ku Gusti disina unggul.
2 (21-3) Paneja manahna ku Gusti diridoan, pamundutna ku Gusti ditedunan.
3 (21-4) Gusti sumping ka anjeunna, nyandak pirang-pirang berkah, anjeunna dimakutaan ku makuta emas.
4 (21-5) Anjeunna mundut hirup, ku Gusti dikabul, malah sina panjang yuswa salalamina.
5 (21-6) Ku pitulung Gusti, raja jadi kacida mulyana, disina kamashur sareng agung.
6 (21-7) Ku Gusti teu kendat-kendat diberkahan, ku Gusti disarengan, kalintang sukaeunana.
7 (21-8) Raja teh muntangna ka PANGERAN Nu Maha Kawasa, sarta ku lantaran terus dipikaasih ku PANGERAN, tangtu anjeunna aman sapapanjangna.
8 (21-9) Anjeunna baris ngaboyong musuh-musuhna, ngaboyong sakur anu mikaijid ka anjeunna.
9 (21-10) Ana anjeunna sumping, maranehna tangtu dibasmi lir ku seuneu ngagebur. Maranehna bakal musna ku amarah PANGERAN, jeung ku seuneu nepi ka beak.
10 (21-11) Turunan maranehna moal aya anu nyesa kabeh bakal dibasmi ku raja.
11 (21-12) Musuh ngatur siasat, rek ngalawan ka anjeunna, tapi moal hasil.
12 (21-13) Jamparing raja bakal tingbelesat ka maranehna nepi ka maranehna lalumpat kalabur.
13 (21-14) Abdi sadaya muji Gusti, nun PANGERAN, reh Gusti sakitu digjayana. Abdi sadaya sumeja nyanyi sareng muji kakawasaan Gusti.