:

Jabur 51

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (51-2) Waktu ditegor ku Nabi Natan lantaran jinah jeung Batseba. (51-3) Nun Allah, sing hawatos ka abdi, demi satia asih Gusti. Pupus dosa abdi, demi Gusti teh maha kurnia.

2

(51-4) Seuseuh sagala kajahatan abdi, beresihkeun abdi tina ieu dosa!

3

(51-5) Abdi teh rumaos lepat, kadorakaan abdi tansah jadi emutan.

4

(51-6) Abdi rumaos, dosa teh estu ka Gusti, ka Gusti pisan, gaduh lampah anu ku Gusti dianggap dosa. Gusti ngahukum ka abdi teh pantes, hukuman ka abdi adil, merenah.

5

(51-7) Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka, dosa ti lebet kandungan keneh.

6

(51-8) Anu dipundut ku Gusti nya eta jujur sareng bener; pinuhan hate abdi ku hikmah Gusti.

7

(51-9) Angkat ieu dosa abdi, supados abdi beresih, abdi kumbah, supados langkung bodas manan salju.

8

(51-10) Ridoan abdi nguping sora kabungah sareng kasuka supados tiasa deui ngarasa bagja, sanaos ku Gusti parantos disasaak sareng diririkes.

9

(51-11) Peureumkeun soca Gusti, tong ningali dosa abdi, sadaya kajahatan abdi mugi dipupus.

10

(51-12) Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia.

11

(51-13) Abdi ulah dipiceun ti payuneun Gusti, roh Gusti anu suci ulah dicandak ti abdi.

12

(51-14) Pasihan deui kagumbiraan ku kasalametan ti Gusti, sareng paparin kadaek nurut ka Gusti.

13

(51-15) Engke abdi bade ngajarkeun parentah Gusti ka nu daroraka, sina tarobat ka Gusti.

14

(51-16) Raksa nyawa abdi, nun Allah, abdi salametkeun. Kaadilan Gusti tangtos ku abdi dibewarakeun kalayan gumbira.

15

(51-17) Tulungan abdi nyanggem, nun PANGERAN, sangkan muji-muji ka Gusti.

16

(51-18) Gusti teu hoyong kurban peuncitan, atanapi dihaturanan kurban beuleuman, eta oge Gusti teu hoyong.

17

(51-19) Abdi ngurbankeun hate anu pinuh ku karumasaan, nun Allah! Gusti tangtos moal nolak hate anu rumasa sareng tobat.

18

(51-20) Sing hawatos ka Sion, tulungan, kuta Yerusalem mugi sina ngadeg deui.

19

(51-21) Saparantos kitu tangtos Gusti kersa nampi kurban anu layak, kurban beuleuman, sareng sapi jalu, anu dikurbankeun dina altar Gusti.

Link: