:

Jabur 59

1

Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Ulah ngabasmi. Jabur ti Daud, basa bumina dikepung ku Saul maksudna rek ditelasan. (59-2) Nun Allah, leupaskeun abdi ti musuh, salametkeun ti anu keur ngarah!

2

(59-3) Luputkeun ti ieu para jahanam, jalmi-jalmi tukang maehan!

3

(59-4) Maranehna keur ngadaragoan, bade maehan ka abdi, eta nu jarahat teh sakait ngarah abdi. Sanes ku margi abdi gaduh dosa atanapi kalepatan,

4

(59-5) sanes ku margi abdi awon kalakuan pang maranehna paciweuh kitu.

5

(59-6) Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, enggal abdi tulungan. Tingalian ku Gusti, nun Allah Israil! Hukum eta jalmi-jalmi tuna Allah teh, nu harianat kitu tong dipikawelas.

6

(59-7) Wengina maranehna daratang deui, ngaprak kota bari tingharereng cara anjing.

7

(59-8) Dangukeun susumbarna, ucap-ucapanana matak raheut lir pedang, panyangkana moal aya nu ngadengeeun.

8

(59-9) Nanging ku Gusti mah eta teh digumujengkeun, eta jalmi-jalmi tuna Allah teh ku Gusti dipoyok.

9

(59-10) Abdi ngandel kana kakiatan Gusti, nya Gusti nu jadi panyalindungan abdi.

10

(59-11) Allah anu nyaaheun ka kaula tangtu nyumpingan, kaula bakal disina nenjo musuh eleh.

11

(59-12) Eta musuh teh ulah dipaehan, nun Allah, bilih bangsa abdi parohoeun. Paburencaykeun, elehkeun ku kakiatan Gusti, nun PANGERAN, panyalindungan abdi sadaya!

12

(59-13) Ku margi sungutna jahat, biwirna doraka, mugi sing karingkus ku adigungna! Maranehna sok sasapa, sok nipu.

13

(59-14) Mugi amuk ku amarah Gusti, sing tumpur lebur, sangkan karasaeun yen Allah teh murba di Israil, malah ngereh satangkaraking jagat.

14

(59-15) Wengina maranehna daratang deui, ngaprak kota bari tingharereng cara anjing,

15

(59-16) sapertos anjing ngaprak nareangan hakaneun, ari ngan manggih saeutik babaung.

16

(59-17) Dupi abdi mah sumeja ngidungkeun karosaan Gusti, unggal isuk bade muji satia asih Gusti. Gusti parantos kersa jadi panyalindungan, sareng panyaluuhan waktos abdi keur rupek.

17

(59-18) Abdi muji ka Gusti, nun Pangraksa abdi! Panyalindungan abdi teh Allah, Allah nu asih ka abdi.

Link: