Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu Kembang Bakung. Panaksen Asap. Jabur. (80-2) Nun Gusti Pangangon Israil, nun panungtun pakumpulan, dangukeun. Nun anu linggih dina tahta luhureun mukarabin,
2
(80-3) ebrehkeun salira Gusti ka kaom-kaom Epraim, Binyamin sareng Menase. Pintonkeun kakawasaan, jait abdi sadaya.
3
(80-4) Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.
4
(80-5) Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, naha bade bendu keneh, ngantep panyambat umat?
5
(80-6) Ku Gusti lir disina dahar kasusah, lir disina nginum cipanon sacangkir ageung.
6
(80-7) Gusti ngajeunkeun tanah abdi diparebutkeun ku bangsa-bangsa sakurilingeun, abdi-abdi pada ngahina ku musuh-musuh.
7
(80-8) Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.
8
(80-9) Gusti parantos nyandak hiji tangkal anggur ti Mesir, ngusiran bangsa-bangsa, lajeng eta petetan teh dipelak di tanah maranehna.
9
(80-10) Disina ngagedean, tempatna diberesihan, dugi ka akarna nyaliara ka sakuliah nagara.
10
(80-11) Gunung-gunung katutup ku daunna tangkal-tangkal kiputri raksasa kahieuman ku dahan-dahanna.
11
(80-12) Dahan-dahanna ngararambat dugi ka Laut Tengah, pucuk-pucukna dugi ka Walungan Eprat.
12
(80-13) Ku naon pagerna ku Gusti direbahkeun? Buahna seep dipalingan ku nu laliwat,
13
(80-14) diidek-idek ku bagong leuweung, sareng diranjah ku sato-sato alas.
14
(80-15) Tingali ieu abdi-abdi, nun Allah Nu Maha Kawasa! Tingali ti sawarga! Jait ieu umat Gusti teh!
15
(80-16) Salametkeun ieu tangkal anggur pelak Gusti teh, kenging Gusti mulasara dugi ka gedena.
16
(80-17) Ayeuna ku musuh diduruk, dituar; tumpurkeun musuh teh ku bendu Gusti.
17
(80-18) Umat kenging Gusti milih, bangsa kenging Gusti nohagakeun, mugi diraksa.
18
(80-19) Moal deui-deui abdi-abdi nyingkir ti Gusti, mugi ku Gusti dipaparin hirup, sumeja muji ka Gusti.
19
(80-20) Pulihkeun abdi sadaya, nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.