:

Jakaria 2

1

Aya deui titingalan kaula, nya eta hiji lalaki nu mawa tali ukuran.

2

Ku kaula ditanya, "Rek ka mana?" Jawabna, "Arek ngukur Yerusalem, hayang nyaho panjangna jeung rubakna."

3

Malaikat anu tadi cacarios ka sim kuring tea nyampeurkeun, tuluy aya nu mapag, malaikat hiji deui.

4

Anjeunna sasauran ka dinya, saurna, "Geuwat udag itu budak ngora nu mawa tali ukuran. Bejakeun yen pangeusi Yerusalem, jelema jeung ingon-ingonna bakal kacida lobana, nepi ka moal bisa lamun dikutaan sakurilingna, lantaran gede teuing.

5

PANGERAN ku manten anu bakal jadi kutana teh, Mantenna geus jangji baris jadi kuta seuneu anu ngaraksa ka dinya, sarta Mantenna baris nanjeurkeun kamulyaana-Na di dinya."

6

PANGERAN ngandika ka umat-Na, "Maraneh ku Kami geus dipabalencarkeun ka saban madhab. Ayeuna, maraneh para buangan kudu kalabur ti Babul, marulang ka Yerusalem.

7

(2:6)

8

Sing saha anu narajang ka maraneh, narajang buah hate Kami." Ku hal eta, PANGERAN Nu Maha Kawasa miwarang kaula ngemban ieu sabda pikeun bangsa-bangsa anu geus ngarampogan umat-Na:

9

"PANGERAN ku manten nu bakal ngalawan maraneh, sarta maraneh bakal dirampog ku jalma-jalma urut badega-badega maraneh. Lamun hal eta geus kajadian, maraneh kakara bakal nyaraho yen PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ngutus kami."

10

PANGERAN ngandika, "Urang Yerusalem geura ngarawih, sing gumbira, Kami tereh datang, rek reureujeungan jeung maraneh!"

11

Dina mangsa eta, loba bangsa-bangsa nu daratang ka PANGERAN jaradi umat-Na. Mantenna bakal sasarengan jeung aranjeun, sarta aranjeun bakal nyaraho yen anu ngutus kaula ka aranjeun teh PANGERAN.

12

Sakali deui Yuda baris jadi milik utama kagungan PANGERAN di tanah-Na nu suci, sarta Yerusalem bakal jadi kota anu pang dipikanyaahna ku Mantenna.

13

Sing repeh kabeh di payuneun PANGERAN, karana Mantenna tereh sumping ti panglinggihana-Na anu suci.

Link: