:

Jakaria 4

1

Malaikat anu tadi cacarios ka sim kuring tea sumping deui, ngaguyah-guyah kawas ka anu sare, pok ngalahir,

2

"Aya naon nu katenjo?" Walon sim kuring, "Aya ajug emas. Di luhurna aya wadah minyak. Eta ajug aya lampuna tujuh. Unggal lampu aya tempat sumbuna tujuh-tujuh.

3

Kenca katuhueun eta ajug aya dua tangkal jetun."

4

Seug ku sim kuring ditaroskeun ka eta malaikat, "Kangge naon eta ajug teh, Juragan?"

5

Anjeunna malik mariksa, "Na teu nyaho?" "Henteu, Juragan," walon sim kuring.

6

Eta malaikat nimbalan, miwarang kaula nepikeun ieu sabda PANGERAN ka Serubabel. Sabda-Na, "Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami.

7

Kajeun halangan sagede gunung, disanghareupan ku maneh tinangtu musna. Bait Allah bisa diadegkeun deui ku maneh, sarta ana batu panungtung ku maneh geus merenah dipasang dina tempatna, jalma-jalma bakal tinggarero, ‘Aduh, ku alus-alus teuing!’"

8

Aya deui sabda PANGERAN ka kaula.

9

Sabda-Na, "Serubabel geus masangkeun pademen Bait Kami. Eta kabeh bisa anggeus ku manehna. Upama geus anggeus, umat Kami tangtu yakin yen nya Kami anu ngutus maneh ka maranehna teh.

10

Maranehna tadina ngara kuciwa lantaran eta pagawean mimitina pohara kendorna. Tapi maranehna bakal narenjo Serubabel neruskeun ngadegkeun eta Bait Kami, hatena bakal sarenangeun." (4-10b) Anjeunna ngalahir, "Lampu anu tujuh, eta ngagambarkeun soca PANGERAN anu paningalina parat ka sakuliah jagat."

11

Sim kuring naroskeun deui, "Dupi dua tangkal jetun kenca katuhueun ajug, naon hartosna?

12

Sareng naon hartosna dua dahan jetun anu di gigireun dua corong minyak jetun anu tina emas?"

13

Anjeunna mariksa, "Na teu nyaho?" "Henteu, Juragan," walon sim kuring.

14

Anjeunna ngalahir, "Eta ngagambarkeun dua jalma anu ku Allah dipilih jeung diistrenan jadi purah laladen ka PANGERAN, Gustina saalam dunya."

Link: