:

Kajadian 2

1

Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna.

2

Dina poe nu katujuh, Allah liren tina sagala padamelana-Na sabab geus rengse.

3

Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahan tur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantaran dina poe eta Mantenna geus nyampurnakeun sagala padamelan ciciptan-Na sarta terus reureuh.

4

Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh. Waktu langit jeung bumi keur dipidamel keneh ku GUSTI Allah,

5

di bumi can aya pepelakan, can aya binih nu jadi, lantaran Mantenna teu acan nurunkeun hujan, tanah tacan aya nu ngolah, lantaran can aya jelema.

6

Kakara aya cai anu kaluar ti jero taneuh, ngabaseuhan beungeut bumi.

7

Ari manusa, dipidamelna ku GUSTI Allah teh nya eta tina taneuh. Sanggeus diwangun mangrupa jelema, tuluy ditiupkeun napas anu matak hirup kana liang irungna, seug manusa teh ngajadi mahluk hirup.

8

Geus kitu GUSTI Allah ngadamel hiji taman di tanah Eden beulah wetan. Manusa teh dipernahkeun di dinya.

9

Mantenna ngajadikeun rupa-rupa tatangkalan nu aralus, jaradi di dinya jeung baruahan. Di tengah-tengah taman aya tangkal. Nu hiji tangkal kahirupan, nu hiji deui tangkal nu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng.

10

Eta taman meunang cai ti hiji walungan anu aya di tanah Eden. Ti beh girangna eta walungan nyagak opat.

11

Nu kahiji ngaranna Walungan Pison, ngocorna ngurilingan tanah Hawila,

12

kawentar ku emas murnina, wawangian kitu deui batu-batu mulya.

13

Nu kadua ngaranna Walungan Gihon, ngocorna ngurilingan tanah Kus.

14

Nu katilu ngaranna Walungan Tigris, ngocorna ka tanah wetaneun tanah Asur. Nu kaopat ngaranna Walungan Eprat.

15

Nya di dinya manusa dipernahkeunana teh ku GUSTI Allah, sina ngurus jeung ngajaga.

16

Timbalana-Na ka manusa, "Bubuahan tangkal nu mana bae di ieu taman, meunang didahar,

17

kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh."

18

GUSTI Allah ngandika, "Teu hade manusa hirup sorangan. Ku Kami rek dibere batur anu pantes, sina ngabaturan."

19

Tuluy Mantenna ngadamel sagala rupa sasatoan jeung rupa-rupa manuk tina taneuh, geus kitu sina daratang ka manusa tea. Mantenna palay uninga kumaha rek dingarananana eta sasatoan teh. Ku jalan kitu kabeh sasatoan teh sina baroga ngaran masing-masing.

20

Seug eta sagala rupa manuk jeung sasatoan teh ku manusa dingaranan. Tapi sahiji ge taya nu pantes geusan jadi batur hirupna.

21

Ti dinya eta manusa ku GUSTI Allah disina sare tibra. Sabot sare, tulang igana dicabut sahiji, ari urutna ditutupan ku daging.

22

Eta tulang iga ti lalaki teh diwangun sina mangrupa awewe, tuluy dibawa ka eta manusa.

23

Seug eta lalaki teh ngucap kieu, "Tah geuning, ayeuna mah aya anu sabangsa jeung aing. Tulangna asal ti aing, dagingna nya kitu keneh. ‘Awewe’ bakal disebutna, sabab asal ti lalaki."

24

Eta sababna, lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.

25

Boh nu lalaki boh nu awewe duanana taranjang tapi teu ngarasa areraeun.

Link: