:

Kolosa 4

1

Aranjeun, para dunungan, ka gandek kudu adil jeung jujur. Kudu aringet, aranjeun oge kapan keur ngadunungan ka dunungan nu di sawarga.

2

Kudu neneda sing cengeng, caringcing, jeung muji sukur ka Allah.

3

Pangnedakeun sim kuring mugi ku Allah diparengkeun ngawawarkeun amanat Mantenna hal rasiah ngeunaan Kristus. Sim kuring ayeuna dipanjara teh ku karana perkara eta.

4

Pangnedakeun supaya sim kuring perceka nerangkeun eta hal sakumaha mistina nepi ka tetela.

5

Nyanghareupan jelema-jelema anu teu sakapercayaan, tiap kasempetan gunakeun sing bijaksana.

6

Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.

7

Hal kaayaan sim kuring bakal dicaritakeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, anu satia maturan sim kuring ngalakonan gawe ti Gusti.

8

Anjeunna dihaja dijurung ka dieu sina nyaritakeun kaayaan sim kuring supaya aranjeun teteg.

9

Ka dieuna bakal dibaturan ku Onesimus, dulur nu satia asal ti dieu ti aranjeun. Sagala rupa kajadian di ditu engke ku aranjeunna dicaritakeun.

10

Salam ti Aristarkus anu bareng dipanjara jeung sim kuring. Salam ti Markus alona Barnabas (anu ceuk sim kuring bareto tarima lamun anjeunna ka dieu engke).

11

Salam ti Yosua, anu sok disebut oge Yustus. Ti antara urang Yahudi anu geus sakapercayaan, ngan aranjeunna tiluan anu maturan sim kuring ngalakonan gawe ngemban parentah Allah. Kacida nulungna.

12

Salam ti Epapras anu asalna ti kalangan aranjeun keneh, abdina Kristus Yesus anu tara kendat-kendat mangnedakeun aranjeun. Mantep pisan nenedana ka Allah, mangnyuhunkeun supaya Mantenna nguatkeun jeung nyampurnakeun kayakinan iman aranjeun supaya enya-enya gumusti kana pangersa-Na.

13

Katembong pisan banting tulangna pikeun aranjeun kitu deui pikeun urang Laodikea jeung Herapolis.

14

Salam deuih ti tabib Lukas jeung ti Demas.

15

Pangnepikeun salam sim kuring ka dulur-dulur sakapercayaan di Laodikea, kitu deui ka saderek Nimpa jeung dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna.

16

Ieu surat lamun ku aranjeun geus dibaca, pangmacakeun ka jamaah di Laodikea. Sabalikna, baca engke surat anu engke bakal dikirimkeun ku dulur-dulur di Laodikea.

17

Pangnepikeun amanat sim kuring ka Arsipus: "Laksanakeun padamelan ti Gusti nepi ka rengse."

18

Salam sono sim kuring, Paulus. (Ieu ditulisna ku leungeun sorangan.) Ulah paroho, sim kuring teh dipanjara keneh! Mugi Gusti maparinkeun sih kurnia-Na. Wassalam, Paulus

Link: