:

Lukas 4

1

Waktu Yesus jengkar ti Walungan Yordan, Anjeunna dikawasaan ku Roh Suci, dicandak ka gurun keusik.

2

Di gurun keusik digoda ku Iblis lilana opat puluh poe, sapanjang kitu henteu barangtuang naon-naon. Sanggeus waktu eta tutup Anjeunna ngaraos lapar.

3

Ceuk Iblis ka Anjeunna, "Lamun Anjeun Putra Allah, eta batu piwarang jadi roti."

4

Tapi waler Yesus, "Ceuk Kitab Suci, ‘Manusa moal bisa hirup ku roti wungkul.’"

5

Yesus ku Iblis dibawa ka tempat luhur, sakolepat ditembongan sakabeh karajaan di alam dunya.

6

"Eta sagala kakawasaan jeung kabeungharan ku kaula rek diserenkeun ka Anjeun," ceuk Iblis ka Yesus. "Sabab kabeh geus dipasrahkeun ka kaula, jadi kaula kawasa mikeun ka saha bae cocogna hate.

7

Eta kabeh baris kapimilik ku Anjeun, asal Anjeun nyembah ka kaula."

8

Waler Yesus, "Ceuk Kitab Suci, ‘Maneh kudu nyembah ka Pangeran Allah maneh sarta kudu ngabakti ngan ka Mantenna!’"

9

Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Yerusalem, ka puncak Bait Allah nu pangluhurna. Ceuk Iblis ka Anjeunna, "Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun anjeun ti dieu ka handap.

10

Sabab ceuk Kitab Suci, ‘Allah bakal miwarang para malaikat-Na nangtayungan Anjeun.’

11

Jeung, ‘Para malaikat bakal nyangga salira Anjeun, nepi ka Anjeun moal tigasruk sampean-sampean acan kana batu.’"

12

Tapi waler Yesus, "Ceuk Kitab Suci, ‘Maneh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.’"

13

Anggeus Iblis ngagoda Yesus ku rupa-rupa reka perdaya, terus indit ninggalkeun Anjeunna, saheulaanan henteu ngaganggu deui.

14

Sanggeus kitu Yesus mulih deui ka Galilea sarta disarengan ku kakawasaan Roh Suci. Warta perkara Anjeunna nyebar ka sakuliah wewengkon eta.

15

Anjeunna mimiti barangdamel, ngawulang di imah-imah ibadah, sarta unggal jelema pada muji ka Anjeunna.

16

Yesus angkat ka Nasaret tempat Anjeunna diageungkeun. Dina poe Sabat angkat ka imah ibadah sakumaha kabiasaana-Na. Anjeunna ngadeg seja ngaos Kitab Suci,

17

seug disodoran Kitab Nabi Yesaya. Gulunganana ku Anjeunna dibuka terus diaos ayat anu ungelna kieu,

18

"Roh Pangeran ngauban Kami. Sabab Kami ku Mantenna ditangtukeun kudu mawa warta pikabungaheun ka nu mariskin. Kami ku Mantenna diutus kudu ngabewarakeun yen: para tawanan bakal dibebaskeun, nu lalolong bakal dibareuntakeun. Nu dikaniaya baris dileupaskeun.

19

Jeung ngawawarkeun, yen geus waktuna Pangeran ngajait umat-Na."

20

Kitab digulungkeun, dipasihkeun deui ka pangbantu, geus kitu Anjeunna calik, dipalencrong ku sakur anu hadir.

21

Pok Anjeunna ngalahir, "Ayat-ayat Kitab Suci anu bieu, poe ieu geus laksana waktu ku aranjeun kareungeu dibacakeun."

22

Jalma-jalma mani harookkeun, katarik ku kacapetangan Anjeunna ngagunakeun kecap-kecap. Ceuk maranehna, "Eta teh lain anak Yusup tea?"

23

Yesus ngalahir, "Meureun aranjeun hayang ngeunakeun paribasa anu kieu ka Kaula, ‘Tabib, cageurkeun diri sorangan.’ Jeung tangtu ceuk aranjeun, ‘Cik anu ku Anjeun dipigawe di Kapernaum teh, anu aya bejana ka dieu, ayeuna jieun di dieu di lembur sorangan!’"

24

Saur-Na deui, "Kaula ngabejaan, nabi teh di lemburna mah teu dihargaan.

25

Geura ieu reungeukeun: Jaman Nabi Elias, hujan henteu turun-turun nepi ka tilu taun satengah, sakuliah tanah Israil paceklik, jalma-jalma kalaparan. Harita di Israil loba pisan randa.

26

Tapi saurang ge ku Elias teu aya nu disumpingan, Elias henteu diutus ka maranehna. Anu disumpingan teh malah hiji randa anu aya di Sarpat daerah Sidon.

27

Jeung keur jaman Nabi Elisa, di tanah Israil loba anu katerap ku kasakit lepra. Tapi saurang ge ku anjeunna taya anu dicageurkeun. Anu dicageurkeun teh malah Naaman, urang Siria."

28

Barang jalma-jalma di eta imah ibadah ngadarenge kitu kacida arambekeunana.

29

Maranehna carengkat, tuluy ngenyang Yesus ditarik ka luar kota, dibawa ka pasir padumukan kota maranehna, arek diragragkeun kana jurang.

30

Tapi Anjeunna norobos tuluy angkat ti dinya.

31

Yesus angkatna ka Kapernaum, hiji kota di Galilea. Dina poe Sabat Anjeunna ngawulang di imah ibadah.

32

Piwulang-Na narik ati, sasaur-saur-Na ngandung wibawa.

33

Di dinya aya hiji jelema anu karanjingan ku roh jahat. Eta jelema teh ngagorowok pokna,

34

"Eh Yesus urang Nasaret! Aya maksud naon Anjeun ka urang? Arek nyilakakeun? Urang nyaho, Anjeun teh utusan suci Allah!"

35

Yesus marentah ka eta roh jahat saur-Na, "Repeh maneh, jeung geura kaluar ti eta jelema!" Seug eta jelema teh ku eta roh jahat dijongklokkeun ka hareupeun jalma rea, tapi henteu dikikieu deui, roh jahatna tuluy ingkah.

36

Jalma-jalma barengong, ngomong pada batur pokna, "Euleuh eta ucapana-Na! Parentah-Na matih gede kawasana. Roh jahat diparentah ingkah teh ingkah!"

37

Ti dinya beja ngeunaan hal Anjeunna nyebar ka sakuliah daerah eta.

38

Ti imah ibadah Yesus angkat ka imah Simon. Harita mitoha awewe Simon keur gering muriang panas, seug diunjukkeun ka Yesus.

39

Yesus lebet tuluy ngadeg gigireun ranjang nu gering, kasakit muriangna ditimbalan ingkah. Harita keneh nu gering teh terus cageur tuluy ngalalayanan tamu-tamu.

40

Sanggeus surup panonpoe jul-jol anu marawa nu garering, kasakitna rupa-rupa. Nu garering teh masing-masing ku Anjeunna dicabak awakna tuluy calageur.

41

Anu kasarurupan ku roh jahat, roh-roh jahatna aringkah bari tinggarero pokna, "Anjeun teh Putra Allah!" Sabab eta roh-roh jahat nyarahoeun yen Anjeunna teh Kristus. Tapi ku Yesus ditimbalan jarempe teu meunang ngaromong deui.

42

Isukna waktu meletek srangenge Yesus kaluar ti eta kota, angkat ka hiji tempat anu simpe, seug pada nareangan. Sanggeus kapanggih pada ngeukeuhan supaya ulah ngantunkeun.

43

Tapi saur-Na, "Kota-kota sejen oge kudu diteang, perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami diutus ku Allah pikeun kaperluan eta."

44

Ti dinya Anjeunna ngawulang di imah-imah ibadah di sakuliah daerah eta.

Link: