Malaki 1
Ieu pesen PANGERAN ka Malaki pikeun urang Israil.
Timbalan PANGERAN ka umat-Na, "Salilana Kami mikanyaah ka maraneh." Tapi maranehna ngajawab, "Naon tawisna nyaah ka abdi-abdi?" Waler PANGERAN, "Esau jeung Yakub adi lanceuk. Tapi Kami mikanyaah teh ka Yakub jeung turunanana.
Ka Esau jeung turunanana Kami ijid, kota manehna di pagunungan ku Kami ditumpurkeun, dijieun enggon sato-sato leuweung."
Upama ceuk urang Edom turunan Esau, "Kota urang geus diruksak. Urang adegkeun deui," baris diwaler ku PANGERAN, "Pek adegkeun deui, ku Kami rek diancurkeun deui. Ku jalma-jalma bakal disarebut ‘Nagri doraka’ jeung ‘Bangsa anu salilana dibenduan ku PANGERAN’."
Kaayaanana kitu bakal katarenjoeun sorangan ku urang Israil, nepi ka ceuk maranehna, "PANGERAN di luareun Israil ge hebat!"
PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan ka imam-imam, "Anak hormat ka bapa. Gandek ajrih ka juraganana. Mana hormat maraneh ka Kami, bapa maraneh? Mana kaajrih maraneh ka Kami, juragan maraneh? Maraneh ngahina ka Kami, tapi ceuk maraneh, ‘Ngahina kumaha abdi-abdi ka Gusti?’
Maraneh ngabaktikeun kadaharan anu teu pantes kana altar Kami. Ceuk maraneh, ‘Naon margina disebatkeun teu ngahormat?’ Sababna maraneh nganggap rendah altar Kami.
Ari mawa sato lolong atawa sato gering atawa pincang keur kurban ka Kami, naha lain salah eta kalakuan maraneh teh? Coba bikeun sato siga kitu ka gupernur! Daekeun manehna narima, atawa mere peresen?"
Ayeuna aranjeun, imam-imam, coba ngadoa ka Allah, ka PANGERAN, neneda sugan Mantenna kersaeun mikawelas ka urang. Doa aranjeun ku Mantenna moal diwaler, lantaran salah aranjeun sorangan.
Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Leuwih hade panto-panto Bait Kami teh ku maraneh ditutup, pikeun nyegah maraneh ulah nepi ka ngahurungkeun seuneu dina altar Kami, taya gunana lantaran ku Kami moal kapake. Kami teu resep ka maraneh. Embung narima kurban ti maraneh.
Jalma-jalma saalam dunya ngahormat ka Kami. Di mana-mana jelema-jelema mareuleum dupa pikeun Kami, jeung marere kurban kasedep Kami. Kabeh ngahalormat ka Kami!
Sabalikna maraneh mah ka Kami ngarendahkeun, nyebutkeun altar Kami taya hargana, diteundeunan kadaharan anu ku maraneh sorangan geus teu dipikahayang.
‘Bosen migawe nu kieu bae!’ ceuk maraneh mani dangah ka Kami. Maraneh mere kurban ka Kami teh sato beunang maling, atawa sato pincang, atawa sato gering. Dikira Kami daek narima?
Sing ulah jamuga jalma anu ngabobodo ka Kami, anu mere kurban sato goreng, padahal boga nu alus nu geus dijangjikeun pikeun Kami! Kami teh Raja Agung, anu dipikagimir ku jelema-jelema unggal bangsa."