:

Markus 13

1

Waktu Yesus ngantunkeun Bait Allah, salah saurang murid-Na unjukan, "Tingali Pa Guru, ieu adegan-adegan sakieu agrengna, batu-batuna oge sarae pisan!"

2

Waler-Na, "Geus katenjo sakumaha galedena adeganana? Engke mah batu-batuna ge moal aya hiji-hiji acan anu angger dina tempatna ayeuna, kabeh bakal dialung-alungkeun."

3

Yesus angkat ka Gunung Jetun, terus calik di tempat anu nyanghareup ka Bait Allah. Petrus, Yakobus, Yohanes, jeung Andreas, opatan bae, nyalampeurkeun.

4

"Mugi ditetelakeun anu tadi disaurkeun teh iraha bade pijadieunana, sareng upami parantos waktosna naon cicirenna?" maranehna nanya.

5

Waler-Na, "Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya.

6

Sabab engke bakal loba anu datang make ngaran Kami, nyebut maneh, ‘Kami teh Anjeunna tea!’ tuluy ngabobodo jalma rea.

7

Maraneh, di nu deukeut-deukeut bakal ngadenge gederna anu keur tarung, ti nu jarauh bakal ngadenge beja-beja perang. Tapi teu kudu hariwang. Sanajan geus pasti engke teh kitu, tapi eta mah lain kiamat.

8

Nagara-nagara silih perangan, karajaan-karajaan silih tarajang. Lini jeung bala kalaparan di mana-mana. Eta kajadian-kajadian kabeh kakara mimiti, ibarat mimiti nyalingitna kanyeri nu rek ngajuru.

9

Maraneh pribadi kudu taki-taki. Maraneh bakal ditangkep, bakal disered ka pangadilan, bakal disiksa di imah-imah ibadah, bakal dijagragkeun ka hareupeun nu karawasa jeung raja-raja dumeh jadi panganut Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun nyiarkeun Injil Kasalametan ka maranehna.

10

Sabab memeh datang poe panungtung, eta wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.

11

Lamun maraneh ditangkep jeung dibawa ka pangadilan, ulah bingung kudu ngomong naon. Maraneh baris dibere piomongeun dina waktuna, sarta anu kudu diucapkeun. Sabab ucapan-ucapan anu baris dikedalkeun ku maraneh lain omongan maraneh sorangan, tapi omongan anu asal ti Roh Suci.

12

Dulur bakal nyerenkeun dulur sina dipaehan, bapa ka anak nya kitu keneh. Anak bakal ngalawan ka kolot, nyerenkeun kolotna sina dipaehan.

13

Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami. Tapi nu tabah nepi ka ahir tan wande disalametkeun."

14

"Maraneh bakal nenjo ‘Si Pikasieuneun’ ngabedega di tempat anu saenyana lain eukeurna." (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartieunana!) "Harita, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.

15

Nu keur aya di luhur imah ulah nyokot nanaon heula ka jero imah.

16

Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah.

17

Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna!

18

Kudu neneda ka Allah, supaya kajadianana ulah ninggang dina usum ngijih!

19

Sabab kasangsaraan anu bakal karandapan dina mangsa eta teh leuwih ti jaman ka tukang-tukang ti barang Allah ngajadikeun alam dunya nepi ka jaman ayeuna, tur engkena moal aya deui kasangsaraan anu kawas kitu.

20

Sukur eta mangsa teh ku Allah bakal disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya anu rahayu. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na.

21

Lamun harita aya anu nyebut, ‘Tah ieu Kristus!’ atawa, ‘Tuh itu Kristus!’ ulah percaya.

22

Sabab bakal timbul Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu. Maranehna bakal nyarieun kaajaiban jeung kaahengan pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge.

23

Maraneh ku Kami geus dibejaan ti ayeuna, supaya iyatna."

24

"Sanggeus mangsa sangsara tea liwat, panonpoe bakal poek, bulan moal cahayaan,

25

bentang-bentang ragragan ti langit, kakuatan-kakuatan langit malengpar tina jalanna.

26

Geus kitu sumping Putra Manusa dina mega, kacida kawasa-Na jeung agung-Na.

27

Anjeunna bakal miwarang para malaikat ka opat madhab bumi ngumpulkeun umat pilihan Allah ti sakuliah jagat ti tungtung nepi ka tungtung."

28

"Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas.

29

Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman.

30

Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh.

31

Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna."

32

"Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga.

33

Ku sabab maraneh teu nyaho piwaktueunana, sing waspada, sing peryatna.

34

Piwaktueunana teh ibarat kieu: Aya hiji jelema indit nyaba, lunta ti imahna. Memeh indit metakeun heula bujang-bujangna kana pagaweanana masing-masing, kitu deui tukang jaga panto diparentah supaya ulah kendat-kendat ngajaga.

35

Maraneh moal nyaho iraha pibalikeunana eta dunungan, boa pabuburit, boa tengah peuting, boa subuh, boa isuk-isuk, anu matak kudu tetep caringcing.

36

Lamun eta juragan ujug-ujug datang, maraneh ulah kasampak keur harees.

37

Ku sabab kitu Kami ngingetan ka maraneh teh keur sarerea: Sing caringcing!"

Link: