Markus 15
Isuk-isuk keneh pisan imam-imam kapala gura-giru ngayakeun tepungan jeung para kokolot, guru-guru agama, jeung sakumna anggota Mahkamah, badami. Geus kitu Yesus dirante, tuluy dibawa, diserenkeun ka Pilatus.
Anjeunna ku Pilatus dipariksa, "Anjeun teh raja urang Yahudi?" Waler Yesus, "Leres pangandika."
Imam-imam kapala ngadakwakeun Yesus, panudingna loba pisan.
Pilatus mariksa deui ka Anjeunna, "Kumaha, moal dibantah? Rea pisan dakwaanana ka Anjeun!"
Tapi Yesus teu ngawaler sakecap-kecap acan. Pilatus kacida heraneunana.
Pilatus kagungan kabiasaan, saban-saban Pesta Paska sok ngaleupaskeun sakitan saurang anu dipenta ku rahayat.
Harita di antara anu dipanjara lantaran barontak jeung maraehan waktu nyieun karusuhan, aya sakitan ngaranna Barabas.
Sanggeus jalma-jalma kumpul sarta menta supaya Pilatus ngaleupaskeun hiji sakitan sakumaha kabiasaanana,
Pilatus mariksa, "Maraneh teh rek menta raja urang Yahudi tea dileupaskeun?"
Anjeunna uninga pisan yen anu darengki jeung nyerenkeun Yesus ka anjeunna teh imam-imam kapala.
Tapi jelema-jelema teh ku imam-imam kapala diangsonan sina marenta supaya Pilatus ngaleupaskeun Barabas.
Pilatus ngalahir deui ka rahayat, "Ari ieu, anu ku maraneh disebut raja urang Yahudi, kumaha?"
"Salibkeun!" ceuk rahayat tingjarerit.
"Tapi naon kajahatana-Na?" Pilatus mariksa. "Salibkeun!" tembalna beuki bedas.
Ku sabab Pilatus hayang nyenangkeun hate jalma rea, tuluy ngaleupaskeun Barabas. Ari Yesus sanggeus dirangket tuluy diserenkeun ka maranehna sina disalib.
Yesus ku serdadu-serdadu dibawa ka buruan karaton gupernur. Maranehna nyalukan babaturan sapasukanana sina ka darinya.
Yesus dianggoanan jubah wungu, mastaka-Na diterapan mamakutaan tina cucuk.
"Daulat Raja urang Yahudi!" ceuk maranehna pura-pura ngahormat,
terus ngababuk kana mastaka-Na ku iteuk bari tuluy nyariduhan, seug pura-pura sarujud ka Anjeunna.
Sanggeus dihina-hina, jubah wunguna dibuka, diganti deui ku jubah-Na ku anjeun, tuluy digiring rek disalibkeun.
Di tengah jalan serdadu-serdadu teh maksa hiji jelema sina manggul salib Yesus. Eta jelema kakara datang ti desa rek ka kota. (Ngaranna Simon, urang Kirena, bapana Aleksander jeung Rupus.)
Yesus dibawa ka hiji tempat anu ngaranna Golgota, hartina "Tempat Tangkorek".
Di dinya Anjeunna disina ngaleueut anggur anu dicampur emur, tapi teu kersaeun.
Tuluy Anjeunna disalibkeun, ari anggoana-Na dibagikeun ku lotre pikeun nangtukeun bagian masing-masing.
Mimiti disalibkeuna-Na pukul salapan isuk-isuk.
Dina luhur salib-Na dipasang tulisan anu unina dipake ngadakwa ka Anjeunna: "Raja urang Yahudi".
Kajaba ti Anjeunna anu dihukum salib teh penjahat duaan, hiji di tengeneun, hiji di kiwaeuna-Na.
[Tinekanan anu ditulis dina Kitab Suci: "Anjeunna disaruakeun jeung penjahat."]
Jelema-jelema anu laliwat ka dinya garogodeg tuluy ngahina ka Anjeunna, "Wah, anu rek ngaruag Bait Allah jeung rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe!
Coba turun tina salib nyalametkeun maneh!"
Imam-imam kapala jeung guru-guru agama oge maroyok ka Anjeunna, pokna ka pada batur, "Ka batur sok nyalametkeun, ari nyalametkeun diri-Na sorangan teu bisa.
Hayang nenjo turunna tina salib eta anu ngaku Kristus jeung raja Israil teh, hayang percaya kana omongana-Na!" Dua penjahat anu bareng disalib jeung Anjeunna oge milu ngahina kawas kitu.
Waktu geus tengah poe, sakuliah nagri eta ngadak-ngadak jadi poek, tilu jam lilana.
Dina pukul tilu Yesus ngajerit tarik, "Eloi, Eloi, lama sabahtani?" hartina, "Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?"
Anu ngadarenge Anjeunna kitu ngajeritna sawareh aya nu ngaromong kieu, "Manehna sasambat ka Elias!"
Aya saurang terus lumpat nyelupkeun sepon kana anggur haseum, tuluy ditiir disodorkeun kana lambey Yesus bari ngomong, "Keun urang dagoan, urang tenjo Elias lungsur nurunkeun Manehna tina salib!"
Yesus ngajerit deui tarik, les bae pupus.
Bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Allah bedah dua ti luhur ka handap.
Kapala pasukan serdadu anu nangtungna hareupeun tihang salib nenjo Yesus kitu pupusna, pok bae ngucap, "Ieu jelema saestuna Putra Allah!"
Rada anggang ti dinya aya wanita-wanita keur narenjokeun, di antarana Maria Magdalena, Maria indungna Yakobus nu ngora jeung Yoses, jeung Salome.
Waktu Yesus keur di Galilea, maranehna sok ngingiring ka Anjeunna jeung ngalalayanan. Wanita-wanita anu milu daratang jeung Yesus ka Yerusalem oge loba anu araya di dinya.
Wanci geus sareupna, Yusup urang Arimatea anggota Mahkamah Agama anu kapandang jeung ngarep-ngarep ngadegna Karajaan Allah, sumping ka dinya. Poe eta teh poe Panyadiaan (sapoe memeh poe Sabat). Ku sabab eta kalawan teteg manah Yusup ngadeuheus ka Pilatus mundut layon Yesus.
(15:42)
Meunang katerangan Yesus geus pupus teh Pilatus kacida heraneunana, seug nyaur kapala pasukan mariksakeun enya henteuna Yesus geus lila pupusna.
Sanggeus uninga ti eta kapala pasukan, Pilatus ngidinan Yusup nyandak layon.
Geus kitu Yusup ngagaleuh lawon lenen lemes. Layon diturunkeun, rap dibungkus ku eta lawon, terus diasupkeun ka jero liang pajaratan anu ditebok tina gunung batu. Geus kitu Yusup ngagulingkeun hiji batu gede dipake nutup lawang pajaratan.
Maria Magdalena jeung Maria indungna Yoses araya nyaksian diasupkeunana layon Yesus ka jero pajaratan.