Markus 6
Yesus geus angkat ti dinya, mulih ka kota asal-Na jeung murid-murid-Na.
Poe Sabat Anjeunna ngawulang di imah ibadah. Jelema-jelema anu ngadarenge piwulang Anjeunna hareraneun. "Ti mana meunangna nu kitu?" ceuk maranehna. "Bogaeun hikmat naon? Naha bet bisaeun nyieun anu pikaheraneun?
Lain tukang kayu tea manehna teh, anak Mariam, dulurna Yakobus, Yusup, Yudas, jeung Simon? Dulur-dulur-Na nu awewe oge di darieu, lain?" Jadi di dinya mah Anjeunna ditolak.
Saur Yesus ka maranehna, "Nabi teh dihargaan di mana-mana. Tapi di lemburna jeung di kalangan kulawargana atawa baraya-barayana mah tara dianggap."
Anjeunna teu kungsi ngayakeun mujijat naon-naon di dinya mah, salian ti nyageurkeun anu garering sababaraha urang ku jalan ditumpangan panangan.
Anjeunna kacida heraneunana ku anu henteu palercayaeun teh. Ti dinya Yesus angkat ka desa-desa sakurilingeun Nasaret, ngawulang.
Geus kitu Anjeunna ngumpulkeun dua welas murid-Na, tuluy diutus duaan-duaan, jeung dipaparin kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat.
Saur-Na ka maranehna, "Salian ti iteuk maraneh ulah mawa naon-naon deui. Roti, kantong derma, duit, ulah mawa.
Meunang ditarumpah, tapi ulah mawa pisalin."
Saur-Na deui, "Lamun maraneh aya nu ngaku, nganjrek teh kudu di imahna nepi ka waktu indit deui ti dinya.
Lamun aya pangeusi kota anu embungeun narima atawa ngadenge omongan maraneh, tinggalkeun bae bari kebutkeun kekebul tina suku nandakeun teu resep ka maranehna!"
Bral murid-murid arindit, nguaran jelema-jelema sangkan tarobat.
Salian ti kitu maranehna ngusir roh-roh jahat loba pisan, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering diulasan ku minyak jetun.
Eta kabeh kadangu bejana ku Raja Herodes, wantu-wantu jenengan Yesus geus kautara ka mana-mana. Loba anu nyebutkeun yen Yesus teh: "Yohanes Jurubaptis hirup deui, nu matak jadi kawasa ngayakeun rupa-rupa kaahengan".
Aya oge anu nyebutkeun, "Anjeunna teh Elias." Ceuk sawareh deui, "Anjeunna teh nabi, kawas nabi-nabi anu di jaman baheula."
Ari saur Herodes, "Eta jelema tangtu Yohanes Jurubaptis anu bareto ku aing diteukteuk sirahna. Ayeuna hirup deui!"
Bareto Yohanes teh ku Herodes geus dipiwarang ditangkep, dirante jeung dipanjara lantaran ngaweweleh anjeunna migarwa Herodias istri Pilipus saderekna.
Yohanes sababaraha kali ngemutan ka Herodes tina hal eta, saurna, "Lepat pisan anjeun migarwa istri tuang saderek teh!"
Ari Herodias jadi geuleuheun ka Yohanes, hayangeun maehan. Ngan teu bisa sabab dihalang-halang ku Herodes.
Ari Herodes ku Yohanes teh ngaraos sieun, da uningaeun Yohanes jelema bener jeung suci, sarta kasalametanana di jero panjara ku anjeunna ditalingakeun. Anjeunna rajeun ngadangukeun kasauran Yohanes, sanajan ari tas ngadangukeun teh manahna sok marungkawut.
Lila-lila Herodias meunang jalan pikeun ngalaksanakeun maksudna. Nya eta waktu Herodes mestakeun wewedalanana sarta ngondang kapala-kapala pamarentahan, perwira-perwira militer jeung tokoh-tokoh urang Galilea,
Dina eta pesta teh putri Herodias ngibing. Ibinganana kacida nyukakeunana ka Herodes jeung tamu-tamuna. Raja ngalahir ka eta murangkalih, "Nyai hayang naon, sebutkeun bae, tangtu dikabul."
Raja terus sumpah, saurna, "Ama sumpah, naon bae pamenta Nyai, menta saparo karajaan Ama ge tan wande diluluskeun."
Eta murangkalih kaluar heula tina pesta, naros ka ibuna, "Kedah nyuhunkeun naon?" Saur ibuna, "Nyuhunkeun hulu Yohanes Jurubaptis!"
Putri ngadeuheus deui ka raja ngucapkeun panuhunna, "Nyuhunkeun sirah Yohanes Jurubaptis ayeuna keneh, bantun ka dieu dina baki!"
Ngadangu pamenta kitu Herodes jadi nalangsa, tapi teu iasa nolak lantaran geus sumpah tur di payuneun tamu-tamu.
Tuluy miwarang hiji pangawal sina nyokot mastaka Yohanes. Pangawal tuluy indit ka panjara neukteuk mastaka Yohanes.
Mastakana dibakian dihaturkeun ka eta putri, ku eta putri diserenkeun ka ibuna.
Layon Yohanes dicokot ku murid-muridna tuluy dipendem.
Utusan-utusan Yesus geus marulang, geus kumpul deui jeung Anjeunna, nyaritakeun hasil lampah jeung pangajaranana ka jalma rea.
Tapi teu bisa jongjon, sabab jelema-jelema nu daratang nu arindit kacida lobana, nepi ka Yesus jeung murid-murid-Na teu kaburu tuang-tuang acan. Ku sabab eta saur Yesus ka murid-murid, Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh, jeung supaya maraneh bisa ngaso heula sakeudeung.
Tuluy naraek kana parahu rek ka tempat anu sepi.
Tapi loba anu narenjoeun tur warawuheun saha-sahana. Jelema-jelema ti kota-kota di eta daerah tuluy nyarusul lalumpatan jalan darat, daratangna ka tempat anu dijugjug ku Yesus jeung murid-murid ti hareula.
Barang Yesus lungsur tina parahu, jelema-jelema geus loba. Anjeunna kacida hawatoseunana, asa ningali domba teu aya anu ngangonna. Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.
Sanggeus burit murid-murid arunjukan, "Pa, parantos burit, sareng ieu tempat teh mencil.
Jalmi-jalmi piwarang mios sina maleser tedaeunana ka desa-desa anu caraket."
Waler-Na, "Ku maraneh bae suguhan saaya-aya." Ceuk murid-murid, "Jadi abdi-abdi kedah mios meser tedaeun pangaos dua ratus uang perak keur nyuguhanana?"
Yesus mariksa, "Roti anu maraneh aya sabaraha, coba ilikan." Sanggeus diilikan, jawabna, "Lima, sareng lauk dua siki."
Anjeunna miwarang ka murid-murid supaya jelema-jelema teh digumpluk-gumpluk sina dariuk dina jukut hejo.
Gek jelema-jelema dariuk gugumplukan, sagumplukna aya nu saratusan, aya nu lima puluhan.
Yesus nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki, tuluy tanggah ka langit muji sukur ka Allah. Geus kitu rotina disemplekan, dipasihkeun ka murid-murid sina dibagikeun ka nu rea. Laukna ge dibagikeun.
Unggal jelema dalaharna seubeuh.
Roti jeung lauk teh malah aya sesana, dikumpulkeun ku murid-murid meunang dua welas karanjang pinuh.
Anu disuguh dahar teh kabehna aya lima rebu urang lalaki.
Harita keneh Yesus miwarang murid-murid kana parahu, sina ti heula meuntas talaga ka Betsaida, ari nu rea dipiwarang budal.
Anjeunna oge amitan tuluy unggah ka hiji pasir rek neneda.
Nyalira bae di dinya nepi ka peuting, ari murid-murid geus aya di tengah talaga.
Kauninga ku Anjeunna murid-murid keur susah payah ngawelah lantaran parahuna mapag angin. Ku sabab eta antara pukul tilu subuh jeung pukul genep isuk Anjeunna nyusul, angkat napak kancang dina cai. Angkat-Na semu rek terus ngalangkungan,
tapi murid-murid narenjoeun ka Anjeunna nu keur angkat dina cai sarta nyangka Anjeunna teh jurig, nepi ka ting garoak.
Maranehna kacida sarieuneunana barang narenjoeun ka Anjeunna teh. Yesus gancang ngagentraan, saur-Na, "Teger! Kami ieu teh, ulah sarieun!"
Anjeunna terus naek kana parahu, jep angin jempe. Murid-murid-Na beuki tambah hareraneun,
lantaran kaheran maranehna ku hal roti lima siki bisa dipake nyuguh dahar lima rebu urang tea oge can leungit. Eta kabeh teu katepi ka pangartina.
Meuntasna terus kebat sarta geus narepi ka tanah Genesaret, parahuna dicangcang.
Barang tarurun tina parahu, urang dinya ujug-ujug wawuheun bae ka Yesus.
Maranehna terus lalumpatan ka jero kampung ngabejaan anu sejen. Sanggeus nyarahoeun yen aya Anjeunna, tuluy kalaluar marawa anu garering dina samak.
Saterusna ka mana bae sumping-Na, ka desa, ka kota, ka lembur, jelema-jelema merul marawa anu garering ka alun-alun, bari nunuhun ka Anjeunna supaya anu garering teh diidinan nyabak kana tungtung jubah-Na bae wungkul. Sakur anu nyabak kabeh calageur tina kasakitna.