Markus 8
Teu lila ti harita, geus loba deui bae jelema anu kumpul. Sanggeus maranehna geus teu barogaeun deui dahareun, Yesus nyaur murid-murid-Na ka Anjeunna, terus ngalahir,
"Karunya ieu jelema-jelema teh. Geus tilu poe di darieu jeung Kami, ayeuna geus henteu barogaeun jang dahar.
Lamun dititah balik teu dalahar heula tangtu kalempohan, sabab loba ti nu jarauh."
Piunjuk murid-murid, "Nanging di gurun keusik sapertos kieu ti mana bade kenging tedaeun kangge jalmi sakitu seueurna?"
"Sabaraha roti nu maraneh?" Yesus mariksa. Tembalna, "Tujuh."
Anjeunna miwarang jalma rea dariuk dina taneuh. Roti anu tujuh siki dicandak, Anjeunna muji sukur ka Allah. Geus kitu rotina disemplekkan dipaparinkeun ka murid-murid sina dibagikeun. Prak dibagikeun.
Lauk oge aya saeutik tuluy disanggakeun ka Anjeunna. Anjeunna muji sukur deui, laukna dipiwarang dibagikeun.
Jelema-jelema geus dalahar, kabeh sareubeuheun. Malah aya sesana, ku murid-murid dikumpulkeun meunang tujuh karanjang. Anu disuguh dahar kabehna opat rebu urang. Sanggeus dalahar ku Anjeunna dipiwarang baralik.
(8:8)
Ari Anjeunna harita keneh naek kana parahu jeung murid-murid, ngajugjug ka daerah Dalmanuta.
Aya sawatara urang Parisi daratang ka Yesus, terus ngajak sual jawab ka Anjeunna. Niat maranehna hayang ngeuradan Anjeunna, tuluy marenta supaya Anjeunna ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah.
Yesus nepi ka ngarenghap, tuluy ngalahir, "Naon sababna jalma-jalma jaman ayeuna marenta kaajaiban? Moal! Kami moal nembongkeun kaajaiban naon-naon ka maranehna!"
Anjeunna terus naek kana parahu, meuntas talaga.
Ari murid-murid parohoeun mawa roti sacukupna, dina parahu teh ngan boga roti sahiji.
Yesus ngalahir, "Maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung ragi Herodes."
Maranehna terus ngaromongkeun hal eta, pokna, "Nu matak Anjeunna ngalahir kitu teh lantaran urang teu boga roti."
Omonganana kadangueun ku Yesus. "Ku naon ngaromong teu boga roti?" saur-Na. "Naha can nyaraho atawa can ngalarti keneh? Na enya pikiran maraneh teh kacida mintulna?
Baroga panon, teu barisa nenjo? Baroga ceuli, teu barisa ngadenge? Na geus teu aringet,
roti lima siki ku Kami disemplekan pikeun lima rebu jelema? Sabaraha karanjang sesana?" "Dua welas karanjang," tembalna.
"Jeung basa roti anu tujuh siki dipake nyuguhan opat rebu jelema, sabaraha karanjang sesana?" "Tujuh karanjang," jawabna.
"Naha atuh tacan ngalarti keneh bae?" saur-Na.
Sanggeus narepi ka Betsaida, aya nu mawa jelema lolong ka Anjeunna, menta diidinan nyabak.
Jelemana ku Anjeunna terus ditungtun, dicandak kaluar ti jero lembur. Geus kitu panonna diludahan jeung ditumpangan panangan. "Kumaha, geus aya anu katenjo?" Anjeunna mariksa.
Eta jelema neuteup ka hareup. "Sumuhun, ningal jalmi-jalmi," jawabna. "Mung katingalna sapertos tatangkalan laleumpang."
Panonna ku Yesus ditumpangan deui panangan. Manehna upaya neges-negeskeun panenjona, bray tetenjoanana pulih, sagala rupa katenjona eces.
Ku Anjeunna dijurung balik, tapi disauran kieu, "Ulah ka lembur nu tadi deui."
Yesus terus angkat deui jeung murid-murid, ka kampung-kampung deukeut Kesarea Pilipi. Bari angkat Anjeunna mariksa, "Cik Kami bejaan, ceuk jalma rea Kami teh saha?"
Tembal maranehna, "Aya nu nyebatkeun Yohanes Jurubaptis, aya nu nyebatkeun Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi."
"Ari ceuk maraneh, Kami saha?" Yesus mariksa deui. Jawab Petrus, "Bapa teh Kristus, Jurusalamet!"
"Ulah dibejakeun ka nu sejen saha Kami anu saenyana," saur-Na.
Saur Yesus deui, "Putra Manusa teh bakal kacida dikaniayana, sarta bakal ditolak ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama. Putra Manusa teh bakal dipaehan, tapi sanggeus tilu poe Kami bakal hirup deui."
Nyaurkeunana mani sageblasna pisan. Petrus mah terus bae ngajak nyisi ka Anjeunna, tuluy ngahaturanan wawadi.
Tapi Anjeunna malik, neuteup ka murid-murid, tuluy nyeukseukan ka Petrus, saur-Na, "Nyingkah maneh, Tukang Ngagoda! Eta pikiran maneh teh datangna ti manusa, lain asal ti Allah!"
Geus kitu Anjeunna nyaur nu rea kitu deui murid-murid, tuluy nyarios kieu, "Jelema anu rek anut ka Kami kudu poho kana kapentingan dirina sorangan, kudu manggul salibna, terus nuturkeun Kami.
Sabab jelema anu leuwih mentingkeun kasalametan hirupna, nyawana bakal leungit. Sabalikna anu leupas nyawana ku karana Kami jeung ku karana wawaran Injil, nyawana bakal salamet.
Naha aya untungna meunangkeun saalam dunya tapi nyawana cilaka? Sama sakali teu aya!
Taya naon-naon anu bisa dipake meunangkeun deui nyawana.
Jelema anu era ngaku ka Kami jeung kana pangajaran Kami dina jaman anu doraka jeung jahat kawas ayeuna, Putra Manusa oge lamun geus aya dina kamulyaan Rama-Na jeung para malaikat saruci, bakal era ngaku ka jelema kitu."