:

Mateus 14

1

Waktu eta Herodes raja di Galilea ngadangu warta hal Yesus.

2

Saurna ka para pajabatna, "Teu sak deui eta teh Yohanes Jurubaptis hirup deui, mana sakitu kawasana oge nyieun mujijat-mujijat."

3

Sabab samemeh eta Herodes geus nitah nangkep Yohanes sarta sina dibarogod, tuluy diasupkeun ka panjara, lantaran tina sual Herodias garwa Pilipus saderekna.

4

Saur Yohanes harita ka Herodes, "Anjeun teu kenging nikah ka Herodias!"

5

Saenyana harita Herodes hoyongeun maehan ka Yohanes, tapi sieuneun ku urang Yahudi anu nganggap nabi ka Yohanes.

6

Dina pesta wewedalan Herodes, putra istri Herodias ngibing di payuneunana jeung tamu-tamu.

7

Ku bawaning suka Herodes sasauran kieu ka eta murangkalih, "Ama sumpah, sapamenta nyai tantu dikabul!"

8

Kalawan papatah ibuna, eta murangkalih teh kieu unjukanana, "Nyuhunkeun sirah Yohanes Jurubaptis ayeuna keneh, bantun ka dieu dina baki."

9

Raja bingung. Tapi ku sabab geus sumpah kasaksian ku para tamu, tuluy nimbalan ngalaksanakeun panuhun eta murangkalih.

10

Yohanes diteukteuk mastakana di jero panjara.

11

Mastakana diserenkeun ka eta murangkalih dina baki, tuluy disanggakeun ka ibuna.

12

Layon Yohanes ku murid-muridna dicokot tuluy dipendem. Kajadianana dipopoyankeun ka Yesus.

13

Sanggeus ngadangu warta hal Yohanes, Yesus angkat nyalira ka hiji tempat mencil kana parahu. Tapi jelema-jelema ngadarenge beja, tuluy budal nyarusul make jalan darat.

14

Waktu lungsur tina parahu, ningali jelema sakitu reana manah Yesus mani ngerik hawatoseun. Anu garering ku Anjeunna tuluy dicalageurkeun.

15

Sanggeus burit murid-murid nyalampeurkeun sarta arunjukan, "Parantos burit, sareng ieu tempat teh mencil. Jalmi-jalmi sina maleser tedaeunana ka kampung-kampung."

16

"Ulah disina arindit," saur Yesus. "Suguh dahar ku maraneh bae saaya-aya!"

17

"Kumaha da mung aya roti lima siki sareng lauk dua siki," jawab murid-murid.

18

"Bawa ka dieu," saur Yesus.

19

Jalma rea ku Anjeunna dipiwarang dariuk dina jukut. Anjeunna nyandak roti anu lima siki jeung laukna dua siki, tuluy tanggah muji sukur ka Allah. Rotina disemplekkan tuluy diasongkeun ka murid-murid sina dibagikeun.

20

Jalma rea dalahar sareubeuheun. Sesa ngadahar ku murid-murid dikumpulkeun meunang dua welas karanjang.

21

Nu disuguh dahar teh aya lima rebu urang, jaba awewe jeung barudak.

22

Geus kitu Yesus miwarang murid-murid-Na kana parahu, sina ti hareula meuntas talaga ka peuntas ditu, ari jalma rea dijurung mulang.

23

Jalma rea arindit. Anjeunna unggah ka pasir rek sembahyang. Sanggeus peuting, Anjeunna nyalira di dinya.

24

Ari murid-murid geus aya di tengah talaga, parahuna keur digubag-gabig ku ombak lantaran mapag angin.

25

Antara pukul tilu janari jeung pukul genep isuk, Yesus sumping ka murid-murid, angkatna napak kancang dina cai.

26

Murid-murid-Na mani ngagarebeg seug tingjarerit, "Jurig!"

27

Yesus geuwat ngagentra, "Teger! Kami ieu teh, ulah sarieun!"

28

Ceuk Petrus, "Upami Anjeun leres Yesus, abdi idinan nyampeurkeun, leumpang dina cai!"

29

"Hiap!" waler Yesus. Petrus turun tina parahu tuluy ngalengkah dina cai nyampeurkeun ka Anjeunna.

30

Tapi barang aya angin ngahiuk jadi kacida sieuneunana, seug bae tikerelep meh laput. Petrus ngagero, "Gusti, tulungan!"

31

Ku Yesus buru-buru dikenyang ti jero cai, tuluy dilahiran, "Maneh kurang percaya! Naha asa-asa?"

32

Tuluy naraek kana parahu, jep angin teh repeh.

33

Murid-murid nyarembah ka Yesus tuluy arunjukan, "Leres Gusti teh Putra Allah!"

34

Sanggeus narepi ka peuntas tuluy haranjat di Genesaret.

35

Urang dinya warawuheun ka Yesus, tuluy nguaran tempat-tempat sakurilingna supaya anu garering dibarawa ka Yesus.

36

Maranehna nunuhun ka Anjeunna supaya anu garering teh diwidian nyabak kana tungtung jubah-Na bae wungkul. Sakur anu nyabak ka Anjeunna terus cageur.

Link: