:

Mateus 17

1

Genep poe ti harita Yesus unggah ka hiji gunung anu luhur, nyandak Petrus, Yakobus, jeung Yohanes. Di luhur gunung ngan opatan bae.

2

Di dinya Yesus salin rupi, katenjo ku nu tiluan raray-Na moncorong kawas panonpoe, anggoana-Na bodas hurung mancur.

3

Breh deuih katenjo aya Musa jeung Elias keur cacarios jeung Anjeunna.

4

Pok bae Simon Petrus unjukan kieu, "Gusti, ku raraos urang di dieu teh! Manawi karujukan abdi bade ngadamel tilu kemah, kangge Gusti, kangge Musa, sareng kangge Elias."

5

Petrus keur unjukan keneh, bray aya mega ngagebray turun mayungan ka aranjeunna. Tina eta mega aya soara, ungelna, "Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!"

6

Bawaning ku sarieuneun kana eta soara, murid-murid teh mani nyaluksrukkeun beungeut kana taneuh.

7

Ku Yesus disampeurkeun tuluy diusap. "Harudang, ulah sarieun!" saur-Na.

8

Barang carengkat geus teu aya sasaha ngan Yesus bae.

9

Waktu keur marudun Yesus mesen kieu, "Kade, tetenjoan anu tadi ulah dicaritakeun ka saha-saha, nepi ka waktu Putra Manusa dihudangkeun ti nu maraot."

10

Murid-murid-Na naranyakeun, "Ku naon saur guru-guru agama Yahudi mah Elias nu bakal sumping heula?"

11

Waler Yesus, "Bener, Elias heula nu kudu sumping pikeun memeres sagala kaayaan.

12

Tapi Kami ngabejaan, saenyana Elias teh geus sumping tapi taya nu wawuheun. Jelema-jelema ka anjeunna sakarep-karep pisan. Putra Manusa oge ku maranehna bakal dikitukeun."

13

Kahartieun ku maranehna yen anu dicarioskeun ku Anjeunna teh Yohanes Jurubaptis.

14

Sanggeus Yesus jeung tilu murid kumpul deui jeung jalma rea datang hiji jelema, sujud ka payuneuna-Na

15

jeung unjukan kieu, "Juragan, tulungan pun anak! Gaduh panyakit sawan, ngabahlakeun pisan kana awakna, margi sok sering tikusruk kana seuneu atanapi kacebur kana cai.

16

Parantos dibantun ka murid-murid Juragan, nanging teu tariasaeun nyageurkeun."

17

Saur Yesus, "Pohara maraneh mah, nya saralah, nya teu baroga kapercayaan! Na Bapa teh kudu reureujeungan bae jeung maraneh? Kudu nepi ka mana Bapa nyabaran maraneh teh? Bawa budakna ka dieu!"

18

Tuluy roh jahat anu nyurup ka eta budak teh ku Anjeunna diparentah kaluar. Seug roh jahat teh kaluar, budakna jadi waras harita keneh.

19

Murid-murid marek ka Yesus, arunjukan, "Ku naon ku abdi-abdi mah eta roh jahat teh teu daekeun kaluar?"

20

"Lantaranana mah maraneh kurang rasa kapercayaan," waler Yesus. "Sabab saenyana lamun maraneh boga rasa kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa marentah ka ieu gunung, ‘Pindah ka ditu!’ tangtu ieu gunung pindah. Cindekna rek kumaha-kumaha ge maraneh tangtu bisa!

21

[Tapi roh jahat kawas nu tadi mah ngan bisa diusir ku paneda jeung puasa bae.]"

22

Waktu murid-murid kabeh aya di Galilea, Yesus nyarios kieu, "Anak Manusa teh moal lila deui oge bakal diserenkeun kana kakawasaan manusa,

23

tuluy dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal dihirupkeun deui." Murid-murid kacida naralangsaeunana.

24

Waktu Yesus sumping ka Kapernaum jeung murid-murid, aya tukang mulung pajeg Bait Allah nanya ka Petrus, "Ari guru maneh sok mayar pajeg Bait Allah?"

25

"Puguh bae," walon Petrus. Sanggeus Petrus aya di imah, ku Yesus dipiheulaan dipariksa, "Simon, kumaha ari ceuk maneh, saha anu kudu mayar pajeg atawa upeti ka raja-raja di dunya? Rahayatna atawa urang asing?"

26

"Urang asing," walon Petrus. Saur Yesus deui, "Lamun kitu rahayat mah teu kudu mayar.

27

Tapi keun bae, urang ulah cekcok jeung maranehna. Ku sabab eta jung ka ditu nguseup ka talaga. Lauk anu nyanggut pangheulana sanggeus dipecatkeun calangapkeun, dina sungutna aya duit, cukup keur mayar pajeg ka Bait Allah keur pajeg sarerea. Bayar pajeg urang teh ku eta!"

Link: