:

Mateus 27

1

Isuk-isuk keneh pisan imam-imam kapala jeung para kokolot geus nyieun putusan yen Yesus rek diragragan hukum pati.

2

Anjeunna dirante dibawa ka luar ti dinya, tuluy diserenkeun ka Pilatus, Gupernur bangsa Rum.

3

Barang Yudas, si hianat, nyahoeun yen Yesus diragragan hukum pati, kacida kaduhungeunana, seug bae duit anu tilu puluh gebleg perak teh dibawa deui ka imam-imam kapala jeung para kokolot.

4

"Kuring dosa, geus ngahianat ka jelema nu taya salahna nepi ka diragragan hukum pati!" pokna. Dijawab, "Sabodo teuing, eta mah urusan maneh!"

5

Eta duit ku Yudas dialungkeun ka jero Bait Allah, ari manehna tuluy indit sarta terus ngagantung maneh.

6

Duitna ku imam-imam kapala dipulung. "Ieu duit teh ladang getih," carekna, "nurutkeun Hukum Agama teu meunang diasupkeun kana sisimpenan Bait Allah."

7

Tuluy mupakat eta duit rek dibeulikeun Lahan Panjunan jang pakuburan urang asing.

8

Ti harita lahanna katelah "Lahan Getih" nepi ka ayeuna.

9

Laksana ucapan Nabi Yermia anu kieu, "Duit tilu puluh gebleg perak, nya eta duit anu geus disaluyuan ku urang Israil pikeun meuli salira Anjeunna ku maranehna dicokot,

10

dipake meuli lahan panjunan, kitu parentah Pangeran ka kaula."

11

Yesus geus aya di payuneun gupernur bangsa Rum. "Andika teh raja urang Yahudi?" Gupernur mariksa. "Leres pangandika," waler-Na.

12

Tapi panuding-panuding imam-imam kapala jeung para kokolot mah ku Anjeunna sama sakali teu diwaler.

13

"Karungu eta dakwaan-dakwaan maranehna?" Pilatus mariksa deui.

14

Tapi Yesus teu kersaeun ngawaler, nu matak gupernur teh kacida heraneunana.

15

Eta gupernur bangsa Rum kagungan kabiasaan, saban-saban Pesta Paska sok ngaleupaskeun sakitan saurang anu dipenta ku rahayat.

16

Harita aya hiji sakitan, penjahat anu geus kakunang-kunang, ngaranna Yesus Barabas.

17

Pilatus mariksa ka rahayat anu ngaliud, "Nu mana anu kudu dileupaskeun, Yesus Barabas atawa Yesus anu disebut Kristus?"

18

Mariksana kitu lantaran uninga enya-enya, yen nu matak eta para kekentong urang Yahudi nyerenkeun Yesus ka anjeunna teh lantaran ngarasa dengki.

19

Sabot Pilatus calik di bale pangadilan, anjeunna nampa pesen ti garwana kieu, "Ulah midamel kitu kieu ka eta jalmi nu teu aya salahna. Margi tadi wengi abdi teh kasiksa ku impian perkawis eta jelema."

20

Ari imam-imam kapala jeung para kokolot ngangsonan jalma rea, sina menta Barabas dileupaskeun, ari Yesus sina dihukum pati.

21

Tapi Pilatus mariksa ka jalma rea, saurna, "Pilih ti ieu duaan, nu mana anu kudu dileupaskeun?" "Barabas!" tembal jalma rea.

22

"Ari Yesus anu disebut Kristus kumahakeun?" Pilatus mariksa. "Gantung!" tembal jalma rea.

23

Pilatus mariksa deui, "Naon kajahatana-Na?" Jalma rea kalah ka tinggorowok patarik-tarik, "Gantung!"

24

Kajudi ku Pilatus yen diteruskeun ge taya gunana, salah-salah rahayat teh nyieun karusuhan. Anjeunna nyandak cai ngumbah panangan di hareupeun jalma rea. Timbalanana, "Kami teu tanggung jawab kana patina ieu jelema. Ku maraneh bae uruskeun!"

25

Ceuk jalma rea, "Kajeun, hukuman lantaran paehna eta jelema teh tanggungan kuring jeung anak-anak kuring!"

26

Ti dinya Pilatus ngaleupaskeun Barabas. Ari Yesus sanggeus dirangketan tuluy diserenkeun sina digantung ku maranehna.

27

Yesus ku serdadu-serdadu Pilatus diasupkeun ka karaton tuluy digoronyok ku sarerea.

28

Anggoana-Na dilaan diganti ku jubah wungu.

29

Serdadu-serdadu nyieun mamakutaan tina cucuk diterapkeun kana mastaka-Na, ari panangan tengen-Na sina nyepeng iteuk. Geus kitu eta serdadu-serdadu pura-pura sarujud ka Anjeunna. "Daulat Raja urang Yahudi!" ceuk maranehna maroyokan,

30

tuluy nyariduhan ka Anjeunna. Iteukna ku maranehna dijewang, dibabukkeun kana mastaka-Na.

31

Sanggeus diparoyok, jubah wunguna dilaan diganti deui ku jubah-Na ku anjeun. Ti dinya Anjeunna dibawa ka luar rek digantung dina kayu salib.

32

Di tengah jalan, maranehna papanggih jeung hiji jelema urang Kirena ngaranna Simon. Eta jelema ku serdadu-serdadu dipaksa sina manggul kayu salib Yesus.

33

Sanggeus narepi ka hiji tempat anu disebut Golgota, anu hartina "Tempat Tangkorek,"

34

Yesus disina ngaleueut anggur anu dicampuran hamperu. Tapi sanggeus diraosan Anjeunna teu kersaeun.

35

Anjeunna terus disalib, anggoana-Na dibagikeun ku lotre,

36

tuluy dijaraga bari dariuk.

37

Dina luhureun mastaka-Na maranehna masang tulisan panuding ka Anjeunna, unina: "Ieu Yesus, Raja urang Yahudi."

38

Aya dua penjahat anu digantung bareng jeung Anjeunna, hiji di tengeneun hiji deui di kiwaeuna-Na.

39

Anu laliwat ka dinya gogodeg jeung ngahina ka Yesus, pokna,

40

"Wah, anu rek ngaruag Bait Allah jeung rek ngadegkeunana deui di jero tilu poe! Lamun Maneh Putra Allah, turun tina salib salametkeun diri!"

41

Imam-imam kapala, guru-guru agama jeung para kokolot oge maroyokan,

42

"Ka batur bisa nyalametkeun, ari ka diri sorangan teu bisa! Na enya Manehna teh raja urang Yahudi? Mun bisaeun turun tina salib-Na, kakara urang percaya!

43

Majar carek-Na percaya ka Allah, malah ngaku jadi Putra Allah. Urang daragoan, sugan bae Allah kersaeun nulungan ka Manehna ayeuna!"

44

Dua penjahat anu bareng digantung jeung Anjeunna oge milu ngahina kawas kitu.

45

Waktu geus tengah poe, sakuliah nagri ngadak-ngadak jadi poek, tilu jam lilana.

46

Kira-kira pukul tilu Yesus ngajerit tarik, "Eli, Eli, lama sabahtani?" hartina: "Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?"

47

Anu ngadarenge Anjeunna kitu ngajeritna, sawareh aya nu ngomong kieu, "Manehna sasambat ka Elias!"

48

Aya saurang anu terus lumpat nyokot sepon dicelupkeun kana anggur haseum, tuluy digagangan rek disodorkeun ka Yesus sina diseuseup.

49

Tapi aya nu nyegah, pokna, "Engke, urang ngadagoan heula Elias nyalametkeun Manehna!"

50

Yesus ngajerit deui tarik pisan, geus kitu les pupus.

51

Bareng jeung pupus-Na, reregan Bait Allah bedah dua ti luhur ka handap. Bumi ngariyeg, batu-batu karang bareulah,

52

kuburan-kuburan maruka, umat Allah anu geus paraeh harudang harirup deui,

53

kalaluar tina kuburanana. Sanggeus Yesus gugah ti nu maraot maranehna arasup ka Kota Suci, katembong ku jalma rea.

54

Kapala pasukan jeung serdadu-serdadu jaga, narenjo lini kitu deui kajadian-kajadian sejenna, kacida sarieuneunana, sarta ngaromong kieu, "Saestuna eta jelema teh Putra Allah!"

55

Di dinya loba oge awewe anu biasa sok ngiring jeung ngalalayanan ka Yesus ti Galilea keneh, ngarawaskeun ti kajauhan.

56

Di antarana nya eta Maria Magdalena, Maria ibuna Yakobus jeung Yusup, jeung bojona Sebedeus.

57

Sanggeus mimiti peuting, aya hiji jelema beunghar ti Arimatea ngaranna Yusup, murid Yesus keneh,

58

ngadeuheus ka Pilatus menta layon Yesus. Pilatus marentah supaya layon Yesus diserenkeun ka Yusup.

59

Layon Yesus ku Yusup dicokot, dibungkus ku boeh tina lenen anyar,

60

tuluy dimakamkeun di makam milik manehna, hiji guha cadas anyar beunang mobok. Lawang pajaratanana ditutup ku batu gede, sanggeus kitu Yusup tuluy balik.

61

Maria Magdalena jeung Maria anu saurang deui dariuk keneh di dinya, melong kana pajaratan.

62

Poe isukna poe Sabat, imam-imam kapala jeung urang Parisi ngadareuheus ka Pilatus.

63

"Juragan," ceuk maranehna, "waktos hirup keneh eta jalmi tukang bohong teh kantos nyanggem kieu, ‘Sanggeus tilu poe Kami bakal dihirupkeun deui.’

64

Ku margi kitu mugi Juragan marentahkeun ngajaga kuburana-Na dugi ka dinten katiluna, bilih mayit-Na dipaling ku murid-murid-Na teras diuar-uar majar hirup deui. Bohong anu kadua mah langkung matak ngabahyakeun ti batan anu kahiji."

65

"Mangga teundeunan anu ngajaga," saur Pilatus. "Jaraga sateka-teka sing kuat."

66

Maranehna alundur ti dinya, tuluy makam Yesus teh diamankeun, diteundeunan jaga jeung batu tutup lawangna disegel.

Link: