Darengekeun, eh kapala-kapala Israil! Kuduna aranjeun teh mentingkeun kaadilan.
2
Tapi aranjeun malah ijid ka nu hade, resep ka nu jahat. Bangsa kaula ku aranjeun disisit kulitna hirup-hirup, dagingna disempogan tina tulangna.
3
Bangsa kaula ku aranjeun diharakan, kulitna dikelet, tulang-tulangna digeprekan, dagingna dipotongan kawas daging asupkeuneun kana pariuk.
4
Bakal datang mangsana aranjeun tingjarerit sasambat ka PANGERAN, tapi hamo dipirosea. Sasambat ge hamo didangu, lantaran kalakuan aranjeun jahat.
5
Bangsa kaula ditipu ku nabi-nabi, anu mangramalkeun nu hade ka nu bisa mere duit, ngancam ka nu teu bisaeun mere. Kieu pangandika PANGERAN pikeun eta nabi-nabi,
6
"Eh nabi-nabi, maraneh geus tereh nepi kana poe panungtungan, panonpoe keur maraneh tereh surup. Ku lantaran maraneh geus nyasabkeun umat Kami, maraneh moal mareunang deui wahyu, moal barisa ngaramal deui."
7
Eta nu sok ngaramal teh bakal wirang, lantaran ramalanana meleset. Maranehna bakal ragrag kana kanistaan, lantaran moal meunang waleran ti Allah.
8
Kaula mah ku PANGERAN dieusian roh jeung kakawasaan Mantenna, dipaparin pikiran anu mulus perkara kaadilan, dipaparin kawani geusan nembrakkeun ka urang Israil naon nu jadi dosana.
9
Eh para pangawasa Israil, anu ijid kana kaadilan, anu sok nyalahkeun nu bener, raregepkeun!
10
Maraneh ngadegkeun Yerusalem, kota Allah, pademenna tina rajapati jeung kateuadilan.
11
Para pangawasa kota ngajalankeun pamarentahanana ngan malar pangruruba. Imam-imam ngajarkeunana Hukum Allah ngan malar gajih. Nabi-nabi kakara daraek menta pituduh PANGERAN lamun diburuhan. Kituna teh bari teu asa-asa nyebutkeun yen disarengan ku PANGERAN. Ceuk maranehna, "Urang moal katarajang bahla naon-naon, lantaran PANGERAN nyarengan."
12
Ku lantaran kitu, nya gara-gara aranjeun, Sion bakal diwuluku kawas tegalan; Yerusalem pijadieun tumpukan barangkal, gunung tempat Bait Allah pijadieun leuweung.