:

Nahum 3

1

Cilaka eta kota nu pinuh ku bohong jeung rajapati, pinuh ku barang beunang ngarampas jeung beunang ngarampog.

2

Dengekeun! Sora pecut tingjalebred sora roda tinggurudug, sora kuda lumpat tingberetek.

3

Pasukan kuda narajang, pedangna tingbaranyay, tumbakna tinggurilap. Bangke patumpang tindih, mayit geus teu kaitung lobana, katajongan ku jalma-jalma.

4

Ninewe, ungkluk tea, keur nandangan hukuman. Jampe pameletna matak kagembang dipake mikat jeung ngabudakkeun bangsa-bangsa.

5

Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Eh Ninewe, maneh ku Kami rek dihukum! Ku Kami rek ditaranjangan, sina ditarongton ku bangsa-bangsa, sina narenjo sagala kaaeban maneh.

6

Maneh ku Kami rek dihinakeun, rek dipopokan ku najis. Jalma-jalma nu narenjo sarieuneun.

7

Nu narenjo ka maneh kabeh murungkut. Maranehna bakal ngaromong kieu, ‘Ninewe geus burak-barik, saha nu rek karunya? Saha anu daek ngalilipur ka manehna?’"

8

Eh, Ninewe! Pangrasa teh maneh leuwih hade batan Tebe, ibukota Mesir? Mesir ge bogaeun walungan, nya eta Walungan Nil, nu jadi benteng pertahananana.

9

Tebe ngageugeuh Sudan jeung Mesir, kakawasaanana taya watesna, sarta Libia jadi baturna.

10

Tapi sanajan kitu, teu burung urang Tebe diakut ka pangbuangan. Barudakna ditareunggeulan di jalan-jalan nepi ka paraeh. Para gegedenna dibarogodan ku rante, sarta ku nu ngabaroyongna dibagi-bagikeun.

11

Maneh oge, Ninewe, bakal ngudupung kelenger lantaran mabok! Maneh oge bakal salungkar-salingker hayang kabur ti musuh.

12

Benteng-benteng maneh engke bakal saperti tangkal kondang anu buahna geus arasak. Tangkalna diendag-endag, buahna ngaburubut, tuluy dicaplukan.

13

Serdadu-serdadu maneh kawas awewe. Kota maneh jadi bolostrong di hareupeun musuh. Sarigsig panto-panto gapura maneh bakal beak diduruk.

14

Geura nimbaan cai, keur taki-taki nadah kepungan, benteng-benteng tohagaan. Geura ngaluluh taneuh lempung keur nyieun bata, nyitakan masing loba, keur sasadiaan.

15

Tapi kalah kumaha maneh tihothat, tetep maneh baris tiwas, kaduruk atawa kasambut di medan perang. Maneh baris musna saperti pepelakan beak dihakan ku simeut. Jumlah maneh geus mangtikel-tikel, lobana saperti simeut.

16

Sudagar-sudagar maneh geus jadi leuwih loba ti batan bentang-bentang di langit. Tapi ayeuna geus areuweuh, cara simeut meberkeun jangjang tuluy haliber.

17

Para gegeden maneh reuteum dina luhur kuta, cara simeut ngagoronyok dina tembok waktu keur tiis poe. Tapi barang panonpoe bijil, kabeh nyalingkir haliber, euweuh nu nyaho ka mana jigna!

18

Eh raja Asur! Gupernur-gupernur maneh geus paraeh, menak-menak maneh geus hararees moal hararudang deui. Rahayat maneh tingalapruk ka gunung-gunung, euweuh anu ngajak balik.

19

Raheut-raheut maneh moal aya nu bisa nambaan, bohak-bohak maneh moal aya nu bisa ngubaran. Anu mareunang beja yen maneh geus binasa mani kaleprok aratoh. Da saha anu teu kungsi ngarandapan kabengisan maneh nu taya hinggana?

Link: