Nehemia 8
Nincak bulan katujuh, urang Israil geus marerenah di satempat-tempatna. Dina tanggal hiji bulan eta kabeh ka Yerusalem, kumpul di alun-alun deukeut Gapura Cai. Maranehna menta ka Imam Esra, anu ahli kana Hukum anu ku PANGERAN dipaparinkeun ka Musa pikeun urang Israil, supaya eta Kitab Hukum teh dicandak.
Ku Esra kitab teh dicandak ka tempat kumpul, ka dulur-dulur, lalaki, awewe, jeung barudak anu geus aya pangartina.
Seug Hukum teh diaos di dinya, di alun-alun deukeut gapura, ti isuk nepi ka burit, didarengekeun kalawan saregep.
Esra ngaosna ngadeg dina panggung beunang ngahaja nyieun keur eta kaperluan. Ti tengeneunana digondeng ku Matica, Sema, Anaya, Uria, Hilkia jeung Maaseya. Ti kiwaeunana ku Pedaya, Misael, Malkia, Hashum, Hasbadana, Jakaria jeung Mesulam.
Jelema-jelema panonna kabeh mencrong ka Esra dina panggung anu luhur. Barang eta kitab ku Esra dibuka, jalma-jalma teh jung narangtung.
Pok Esra sasauran, "Mulyakeun PANGERAN, Allah Nu Maha Agung!" Ditema ku jalma rea, "Amin! Amin!" bari naradahkeun leungeun, tuluy sarujud ka PANGERAN.
Geus kitu carengkat deui, narangtung di satempat-tempatna. Ti dinya anu diaos teh diterangkeun maksudna ku urang Lewi, nya eta ku Yesua, Bani, Serebya, Yamin, Akub, Sabtai, Hodia, Maaseya, Kelita, Asarya, Yosabad, Hanan jeung Pelaya.
Mimitina disalin heula ku lisan sabagian-sabagian, tuluy diterangkeun pihartieunana sangkan kaharti ku hadirin.
Barang ngadarenge hal anu diparentahkeun ku eta Hukum, jelema-jelema teh mani pating hareruk terus careurik. Seug gupernur Nehemia, Imam Esra ahli Hukum, jeung urang Lewi anu nerangkeun eta Hukum sasauran ka maranehna, saurna, "Poe ieu teh suci pikeun PANGERAN Allah maraneh, ulah dipake sedih jeung ceurik.
Geura baralik, pesta masing suka. Dulur-dulur anu dahareunana jeung anggurna kurang kudu pada marere. Poe ieu suci pikeun PANGERAN, jadi ulah dipake nalangsa. Sing suka bungah ku karana PANGERAN sangkan kuat."
Urang Lewi tarurun tuluy ngalilipur, pokna ulah nalangsa dina poe anu sakieu sucina.
Bral jelema-jelema teh baralik, tuluy balakecrakan sukan-sukan, bari babagi ka nu sejen, bungah lantaran bisa ngaharti ka anu tadi dipangmacakeun.
Poe isukna, kapala-kapala warga, dibarengan ku imam-imam jeung urang Lewi ngadareuheus ka Esra, rek diajar ngahartikeun Hukum PANGERAN.
Seug kanyahoan, yen dina eta Hukum paparin ti Allah ku perantaraan Musa teh aya katangtuan, yen salila Pesta Saung Daun, urang Israil kudu caricing di saung-saung.
Ku sabab eta tuluy nyieun pangumuman, diembarkeun ka sakuliah Yerusalem jeung ka desa-desa katut lembur-lemburna. Unina, "Kudu naranjak ka pasir-pasir, ngarala pangpang-pangpang anu daunna gomplok, kayaning: camara, jetun, caringin, palem, keur nyieun saung, nedunan parentah anu kaungel dina Kitab Hukum."
Seug jelema-jelema narutuhan dahan, tuluy dijarieun saung. Aya nu di luhur imah da hateup imahna teh papak, aya nu di buruanana, aya nu di buruan Bait Allah anu kakuriling ku tembokan, aya nu di alun-alun deukeut ka Gapura Cai jeung Gapura Epraim.
Sakur anu marulang ti pangbuangan kabeh nyaung-nyaung. Ti jaman Yosua putra Nun, kakara harita adat anu kitu dijalankeun deui. Jalma-jalma kabeh saruka ati.
Ti mimiti pesta nepi ka tutup, Hukum Allah dibaca saban poe sabagian-sabagian. Ari lilana pesta kitu teh tujuh poe. Dina poe kadalapanna diayakeun upacara tutup pesta, luyu jeung ungel Kitab Hukum tea.