Pamindo 10
"PANGERAN ngadawuh ka Bapa, ‘Maneh kudu nyieun deui papan batu dua siki kawas anu ti heula, tuluy nyieun peti keur wadahna. Lamun enggeus maneh kudu ka Kami ka puncak gunung.
Tulisan Kami anu dina papan batu anu geus ruksak ku maneh ku Kami rek dituliskeun deui dina eta, tuluy petian ku maneh.’
Seug Bapa nyieun peti tina kayu akasia, jeung nyieun dua papan batu kawas anu ti heula, tuluy dibawa unggah ka gunung.
PANGERAN nyeratkeun deui timbalan-timbalan anu diserat dina papan batu anu ti heula, nya eta Sapuluh Timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu, basa maraneh kumpul di suku eta gunung tea. Geus kitu eta papan batu teh diserenkeun ka Bapa,
tuluy Bapa turun. Eta papan batu ku Bapa diasupkeun kana peti sakumaha dipiwarangna ku PANGERAN, nya eta dina peti anu dijieun ku Bapa. Ti harita tetep disimpen di dinya."
(Urang Israil arindit ti sumur-sumur urang Yaakan, ngajugjug ka Mosera. Di Mosera Harun pupus, tuluy dikurebkeun. Elasar putrana dijadikeun imam ngaganti anjeunna.
Ti Mosera terus ka Gudgod, ti Gudgod terus ka Yotbata anu loba susukanana.
Basa keur di gunung, PANGERAN ngangkat kaom Lewi jadi purah ngurus Peti Perjangjian, purah ngimaman ngawulaan Mantenna, jeung purah ngucapkeun berkah kalawan asma Mantenna.
Ku hal eta kaom Lewi mah henteu meunang bagian tanah saperti kaom-kaom sejen. Tapi maranehna dibarere hak jaradi imam PANGERAN, sakumaha pangandika Gusti PANGERAN ka maranehna tea.)
"Bapa di luhur gunung meunang opat puluh poe opat puluh peuting, cara ti heula. Panuhun Bapa supaya Mantenna ulah tulus ngabasmi maraneh tea didangu.
Sanggeus kitu Bapa ku Mantenna dipiwarang turun ti gunung, sarta kudu mingpin maraneh ngarebut tanah anu ku Mantenna dijangjikeun ka karuhun maraneh."
"Ayeuna eh urang Israil, barandungan ieu pamundut PANGERAN Allah maraneh, nya eta: Maraneh kudu ngabakti ka PANGERAN. Sagala timbalanana lampahkeun. Ka Mantenna kudu sumujud, kudu kumawula sing jujur,
nurut kana sagala papakon-Na anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna keur pijamugaeun maraneh.
PANGERAN teh nu kagungan langit, malah langit-langit beh ditueun langit ge kagungana-Na, kitu deui bumi jeung sagala eusina.
Parandene kitu kacida mikaasihna ka karuhun maraneh, nepi ka maraneh ku Mantenna diunculkeun ti bangsa-bangsa sejen, tur tetep jadi umat pilihan Mantenna.
Mana ti semet ayeuna kudu ngesto ka PANGERAN, ulah marantangul bae.
PANGERAN Allah maraneh teh Allahna sagala allah, Gustining sagala kakawasaan. Pinunjul, digjaya, matak sieun liwat saking. Mantenna tara pilih kasih, tara pandang ruruba.
Sipat-Na jujur satia, sanajan ka nu pahatu atawa ka randa-randa. Heman ka anu marilu hirup di urang, sarua dipaparinan dahar pake.
Mana kudu mikaheman ka anu eukeur ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir.
Masing anut ka PANGERAN, Allah maraneh, ngabakti ngan ka Mantenna bae wungkul. Sing sujud tumutur, sarta ari ikrar sumpah ngan kudu ku karana jenengana-Na bae.
Sanggakeun puji ka Mantenna, da Mantenna teh Allah maraneh, tur ku maraneh ge enggeus kasaksi naon-naon dadamelana-Na anu aragung jeung araheng, pikeun maraneh.
Basa karuhun maraneh mimiti daratang ka Mesir kabehna ngan tujuh puluh urang. Ari maraneh ayeuna ku PANGERAN Allah maraneh didamel sakieu lobana, lir bentang-bentang di langit ku loba-lobana."