:

Pamindo 26

1

"Engke, ari maraneh geus matuh di tanah anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh,

2

hasil beubeunangan anu pangheulana tina lahan maraneh asupkeun kana bakul. Ku maraneh bawa ka tempat ngabakti anu dipilih ku PANGERAN.

3

Maraneh kudu nepungan imam anu keur tugas dina waktu eta. Unjukkeun ka anjeunna kieu, ‘Kuring seja unjuk uninga ka Gusti PANGERAN, yen parantos matuh di ieu tanah anu kapungkur ku Mantenna diikrarkeun bakal dipaparinkeun ka kuring.’

4

Barang pangbakti ku imam tarima, teundeun deukeut altar PANGERAN Allah maraneh.

5

Geus kitu maraneh di payuneun PANGERAN kudu ngucapkeun kieu, ‘Karuhun abdi urang Aram ngumbara, sakulawarga ngungsi sareng matuh di Mesir. Barang dongkap mah cacah jiwana mung saeutik. Nanging lami-lami dugi ka jadi bangsa gede sareng kuat.

6

Seug ku urang Mesir diteungteuinganan, dipeleter kana gawe dijieun budak.

7

Abdi sadaya jumerit ka PANGERAN, Allah panutan karuhun. Mantenna ngamakbul, waspaos kana kabalangsakan sareng kasangsaraan abdi sadaya.

8

Seug Mantenna nembongkeun kakawasaan sareng kadigjayaan metakeun pangawasa sakalangkung digjayana, ngajait abdi sadaya ti Mesir, ngayakeun mujijat-mujijat, kaahengan-kaahengan sareng rupi-rupi kajadian anu pikasieuneun.

9

Ayeuna abdi sadaya ku Mantenna parantos ditempatkeun di dieu, dipaparin tanah anu subur sareng lendo.

10

Kitu margina ieu abdi nyanggakeun pangbakti rupi hasil bumi anu dialana pangheulana, paparin ti Mantenna.’ Ti dinya karanjang anu dieusi pangbakti teh sanggakeun ka payuneun PANGERAN, sarta maraneh kudu ngabakti di dinya.

11

Sukurkeun sagala berkah PANGERAN Allah maraneh ka maraneh sakulawarga teh. Ajak urang Lewi jeung urang asing anu aya di maraneh, sina milu kana pesta maraneh.

12

Unggal-unggal taun katilu maraneh kudu mere perpuluhan, nya eta sapersapuluh tina sakabeh hasil tanah ka urang Lewi, ka urang asing, ka para pahatu, jeung ka randa-randa, supaya di saban lingkungan masarakat, maranehna oge mareunang rejeki. Sabada ngaluarkeun perpuluhan,

13

kudu unjukan ka PANGERAN, kieu, ‘Sugri perpuluhan hasil tanah anu kedah dibaktikeun ka Gusti, saeutik ge teu aya nu nyesa di rorompok. Sadayana parantos dipasihkeun ka urang Lewi, ka urang asing, ka yatim pahatu, sareng ka randa-randa, tumut sakumaha timbalan Gusti. Sugri timbalan Gusti perkawis perpuluhan, teu aya anu dirempak, teu aya anu kalarung.

14

Dina waktos kaprihatinan, eta perpuluhan sarupi ge teu aya anu ku abdi diteda; dina waktos abdi eukeur kanajisan, sarupi ge eta teh teu aya anu dibantun kaluar ti rorompok, sareng teu aya sarupi oge anu dianggo ngahajatan anu maot. Nun PANGERAN, abdi teh ngesto ka Gusti. Sugri timbalan Gusti perkawis perpuluhan ku abdi parantos disubadanan.

15

Mugi urang Israil ku Gusti ditingalikeun ti sawarga, paparinan berkah, kitu deui berkahan ieu tanah anu gemah ripah teh, paparin ti Gusti tea, sakumaha jangji Gusti ka karuhun tea.’"

16

"Poe ieu maraneh ku PANGERAN Allah maraneh dipundut kudu tunduk kana sagala pikukuh Mantenna. Tedunan eta pamundut teh reujeung hate suhud.

17

Poe ieu maraneh geus ngaraku yen PANGERAN teh Allah maraneh, geus ikrar seja gumusti ka Mantenna, seja ngestokeun sagala pikukuh-Na, seja ngalampahkeun sagala timbalana-Na.

18

Poe ieu maraneh geus diangken ku PANGERAN, geus jadi umat kagungana-Na, cocog sakumaha jangji-Na, nu matak ku Mantenna dipundut kudu tunduk kana sagala papakon-Na.

19

Dawuhana-Na, maraneh teh bakal dijadikeun hiji bangsa anu leuwih punjul ti sakabeh bangsa kenging Mantenna ngajadikeun, sangkan matak jadi puji jeung hormat kana pajenengan Mantenna. Ku sabab kitu maraneh teh tangtu bakal jadi umat kagungan Mantenna sakumaha pangandika-Na tea."

Link: