:

Pamindo 28

1

"Lamun maraneh nurut ka PANGERAN Allah maraneh, sarta tigin kana sagala timbalana-Na anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu, maraneh ku Mantenna bakal dijadikeun hiji bangsa anu punjul ti sakabeh bangsa saalam dunya.

2

Sing nurut ka PANGERAN Allah maraneh. Lamun kitu ieu berkah-berkah tan wande katarima:

3

PANGERAN bakal ngaberkahan nagara jeung lahan-lahan maraneh.

4

PANGERAN bakal ngaberkahan maraneh, reuay anak, mukti tani, gereyek domba jeung sapi.

5

PANGERAN bakal ngaberkahan panen gandum maraneh, kitu deui dahareun anu ku maraneh dijieun tina gandum.

6

PANGERAN bakal ngaberkahan sagala usaha maraneh.

7

PANGERAN bakal ngelehkeun musuh-musuh maraneh anu narajang. Maranehna narajangna mah diatur rapih, tapi tuluy jadi paburisat kalalabur.

8

PANGERAN Allah maraneh bakal ngaberkahan usaha maraneh, sarta ngeusian leuit-leuit maraneh ku gandum. Mantenna bakal ngaberkahan ka maraneh di tanah anu dipaparinkeun ku Mantenna ka maraneh.

9

Lamun maraneh nurut ka PANGERAN Allah maraneh, ngalakonan sagala pangandika-Na, tangtu dijadikeun umat-Na, sakumaha anu ku Mantenna geus diandikakeun.

10

Saeusi jagat bakal nyarahoeun yen maraneh ku PANGERAN geus dipilih jadi umat-Na, nepi ka maraneh pada mikagimir.

11

Ku berkah PANGERAN, maraneh bakal reuay anak, gereyek ingon-ingon, tani mucekil, di tanah anu ku Mantenna geus diikrarkeun ka karuhun ajang maraneh.

12

Dina musimna, Mantenna bakal ngirim hujan ti gudang kagungana-Na di langit jeung ngaberkahan sagala usaha maraneh, datang ka maraneh teu kudu nguyang, sabalikna loba bangsa anu bakal datang ka maraneh ngarinjeum.

13

Maraneh ku PANGERAN Allah maraneh bakal dijieun pamingpin sagala bangsa, minangka sirah, lain buntut. Maraneh tan wande nanjung saumur-umur, pamohalan bakal gagal. Kitu soteh lamun nurut kana sagala perkara anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu.

14

Pacuan ingkar ti eta, jeung pacuan nyembah ngabakti ka allah-allah sejen."

15

"Lamun baha ka PANGERAN Allah maraneh, teu saregep kana timbalan-timbalana-Na anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu, tan wande ieu balakurna anu bakal katarima:

16

PANGERAN bakal nyapa kota-kota jeung lahan-lahan maraneh.

17

PANGERAN bakal nyapa pelak gandum maraneh, kitu deui dahareun anu bakal diolah tina eta.

18

PANGERAN bakal nyapa, maraneh hamo boga anak loba, tani hamo bisa mukti, ingon-ingon hamo bisa loba.

19

PANGERAN bakal nyapa sagala usaha maraneh.

20

Lamun goreng kalakuan jeung ingkar ti PANGERAN, ku Mantenna bakal digirijig ku balahi, sina pakucrut, sagala usaha moal laksana, gancang tumpes sarerea.

21

Engke di tanah anu keur dijugjug, ku Mantenna bakal diturugtug ku pagebug, panyakit bagilir-gilir, datang ka hamo aya nu nyesa.

22

Tangtu nandangan siksa PANGERAN, katerap kasakit nular, bareuh bungkul, muriang. Tanah ngahgar ku panas katiga katambah ku angin panas, pepelakan beak ruksak. Balahi mo indit-indit, datang ka maraneh paraeh kabeh.

23

Hujan hamo datang-datang, taneuh teuas ngabaketrak.

24

Tinimbang nurunkeun hujan, PANGERAN kalah ka ngadatangkeun angin lebu campur keusik, datang ka maraneh tumpur.

25

Maraneh ku PANGERAN bakal diserenkeun ka musuh. Maraneh ngarurug musuh, inditna beres diatur, tapi enggeusna katawuran, kalabur paburisat. Narenjo nasib maraneh kitu, kabeh bangsa di dunya ngarasa rempan sieun jadi kitu.

26

Ana maraneh geus pararaeh, rob bangsa manuk jeung sasatoan anu bareuki daging ngahakanan bangke-bangke maraneh, samemena taya nu ngagebah-gebah.

27

Maraneh ku PANGERAN bakal digebug pinuh ku bisul saperti urang Mesir bareto. Awak raca saluluar, tapak ngautan, barudug, euweuh piubareunana.

28

Bakal disina garelo, lalolong, pinuh ku kajuwet.

29

Ti beurang susur-sasar kawas nu lolong, teu nyaho jalan. Usaha kitu usaha kieu weleh teu aya hasilna, turug-turug pada ngagencet, pada ngarampogan, taya anu daekeun nulungan.

30

Babakalan, pipamajikaneun jadina dikawin ku batur. Nyieun imah, batur nu ngeusianana. Melak anggur, sorangan mah moal ngadahar.

31

Sapi dipeuncitan ku nu sejen, katenjo ku panon molotot, ngadahar dagingna mah hamo. Kalde ditungtun ku batur, maraneh bati neuleukeun, pamohalan pulang deui. Domba ku batur diserenkeun ka musuh, taya nu bisa ngahalang-halang.

32

Anak nu lalaki nu awewe dijual ka batur hareupeun panon sorangan, jaradi budak beulian. Panon celong balas melong ka nu kosong, tibelat ka anak anu hamo mulang-mulang.

33

Pepelakan, beunang luut-leet kesang, beak diranjah ku bangsa lian, sarta minangka panarimana maraneh digencet dikaniaya.

34

Ku banget-bangetna nandang sangsara, jadi laleungit ingetan.

35

Maraneh ku PANGERAN digebug, ti semet embun-embunan nepi ka dampal suku, baranang pinuh ku cenang, pingping raca, nyeri peurih karasana, taya piubareunana.

36

Maraneh katut raja ku PANGERAN bakal dibuang ka hiji nagara, anu maraneh tacan nyaho-nyaho acan, karuhun pon kitu keneh can nyarahoeun. Tur di ditu kudu nyarembah ka allah tina kayu tina batu.

37

Rahayat unggal nagara tempat maraneh dibuang jeung dipabalencarkeun ku PANGERAN, narenjo maraneh kitu teh tingraranjug jeung ngera-ngera.

38

Ana tebar kajeun sakumaha lobana nu kapetik ngan saeutik, beakeun manten ku simeut.

39

Maraneh bakal ngebon anggur, tapi moal ngala anggurna atawa nginum cianggurna, sabab tangkal-tangkalna beak dihakanan ku bilatung.

40

Tangkal jetun, najan di satanah maraneh jaradi di mana-mana tapi minyakna moal kaarah, buahna kaburu maruragan pareot.

41

Sanajan baroga anak lalaki awewe, ahir-ahir arareuweuh, dibarawa ka nu anggang, jaradi tawanan perang.

42

Pepelakan, tatangkalan, ruksak digalaksak ku hama.

43

Anu ngalumbara di maraneh beuki lila beuki kuat, sabalikna maraneh mah beuki lila beuki hengker.

44

Semah-semah jadi kuat ngarinjeumkeun ka maraneh, maraneh mah bororaah nginjeumkeun. Tungtungna semah-semah teh ka maraneh laluasa kumawasa.

45

Eta sagala kacilakaan teh baris keuna ka maraneh jeung baris terus ngaganggu nepi ka maraneh binasa, lantaran maraneh henteu tigin ka PANGERAN Allah maraneh, jeung henteu ngajalankeun hukum-hukum anu dipaparinkeun ku Mantenna.

46

Kitu bakalna hukuman ti Allah anu bakal tumerap salalawasna ka maraneh, pon kitu deui ka anak incu.

47

Maraneh ku PANGERAN geus diberkahan dina sagala rupa hal, tapi maraneh arembung ngabdi reujeung suka hate ka Mantenna.

48

Ku sabab kitu maraneh kudu ngawula ka musuh, anu engke bakal didatangkeun ku PANGERAN. Maraneh bakal kalaparan, bakal nandangan halabhab, tararanjang teu boga naon-naon. Ku PANGERAN bakal disiksa teu kira-kira nepi ka tumpes.

49

Ku PANGERAN bakal disina ditarajang ku hiji bangsa ti tungtung jagat, anu basana ku maraneh teu kaharti. Eta bangsa bakal nyamber lir galudra,

50

telenges taya rasrasan, ka nu kolot ka nu ngora moal aya karunyana.

51

Pepelakan maraneh kitu deui ingon-ingon, kabeh dikawasaan ku musuh keur dahareun maranehna, nepi ka maraneh paraeh langlayeuseun. Gandum, anggur, minyak jetun, sapi, domba, ku musuh moal aya anu dikarikeun. Maraneh tangtu paraeh.

52

Kota-kota di tanah anu ayeuna geus rek diserenkeun ku PANGERAN Allah maraneh, bakal gempur. Kuta-kutana anu luhur tur ditohagakeun sarta dipake andelan, kabeh runtuh.

53

Maraneh moal maranggih dahareun, lantaran kota-kota ditingker musuh. Awahing ku taya pisan dahareun, tungtungna anak oge paparin ti PANGERAN Allah maraneh, dihakan.

54

Golongan ningrat ge ku sabab sarua ditingker musuh, sarua kabalangsakna. Sakumaha lemes budina ge mo burung nepi ka ngahakan anak da teu manggih deui dahareun. Malah nepi ka embung kasoro; ka dulur, ka pamajikan kameumeut, ka anak nu can kahakan, kuat teu mere.

55

(28:54)

56

Pon kitu keneh ningrat-ningrat wanitana, anu tuman tara nincak-nincak acan kana taneuh bawaning ku beunghar, sarua kabalangsakna lantaran dikepung musuh. Tungtungna da teu manggih deui dahareun, teu kalis ku lemes budi, orokna anu kakara borojol katut jeung balina pisan didahar. Ka salaki, kajeun sakumaha geugeutna, kitu deui ka barudakna, boro-boro mere, ngadaharna ge susulumputan.

57

(28:56)

58

Lamun maraneh ingkar tina sagala papakon anu aya dina ieu buku, teu ngupama kana pajenengan PANGERAN Allah maraneh anu luhung jeung pikahelokeun,

59

maraneh saanak incu ku Mantenna bakal disiksa ku rupa-rupa kasakit anu moal mental ku ubar; ku rupa-rupa kasakit tepa anu teu bisa dicegah.

60

Panyakit-panyakit pikasieuneun anu ku maraneh kasaksian di Mesir, baris narajang ka maraneh, sarta maraneh moal bisa cageur.

61

Ditambah deui ku rupa-rupa kasakit jeung rupa-rupa pagebug anu tacan kasebut dina ieu buku Hukum jeung pikukuh-pikukuh Allah. Maraneh tan wande tumpur.

62

Sanajan maraneh geus jadi mangpirang-pirang saperti bentang di langit oge mo burung beak. Nu harirup kari saeutik, lantaran geus ingkar ti PANGERAN Allah maraneh.

63

Sakumaha bareto PANGERAN ka maraneh maparin kamuktian jeung ngalobakeun bilangan maraneh kalawan gumbira manah, nya kitu keneh halna, kalawan gumbira manah Mantenna bakal ngabasmi, ngaburak-barik maraneh. Maraneh baris dirabut ti tanah anu ayeuna rek diancikan.

64

Ku PANGERAN bakal dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa ti tungtung jagat ka tungtung jagat. Di ditu kudu kumawula ka allah-allah tina kayu tina batu, anu iraha teh teuing tadi-tadina ku maraneh disarembah, pon kitu ku karuhun.

65

Di mana-mana maraneh teh moal manggih kaluginaan, moal boga tempat akuan. Ku PANGERAN bakal disiksa, dirungrung ku rasa mangpaung, pondok pikir pegat harepan.

66

Hirup dikikintil ku balahi, beurang peuting gegebegan sieun jol sieun jol malakal-maot.

67

Hate teu kendat lumenyap ku sagala tetenjoan. Bray beurang hayang geura-geura peuting, reup peuting hayang geura-geura beurang.

68

Maraneh ku PANGERAN bakal diiangkeun, dipiceun deui ka Mesir, teu kalis ku geus ngandika yen hamo malikkeun deui maraneh ka ditu. Di ditu maraneh bakal nawar-nawarkeun maneh ngajual badan ka musuh, keun bae jadi abid ge, tapi saurang ge taya anu daekeun meuli."

Link: