Pamindo 6
"Kitu papakon-papakon ti PANGERAN Allah maraneh, anu ku Mantenna dipiwarang diwurukkeun ku Bapa, estokeuneun maraneh di tanah nu moal lila deui bakal diancikan ku maraneh.
Sapanjang araya umur, maraneh jeung anak incu kudu sarumujud ka PANGERAN Allah. Estokeun sakabeh papakon-Na anu ku Bapa geus diwurukkeun, supaya bisa tetep ngancik di ditu.
Tariginkeun, arestokeun, eh urang Israil! Lamun kitu tinangtu maraneh jamuga, pijadieun bangsa anu tohaga, tur ngancik di tanah anu gemah ripah, sakumaha anu dijangjikeun ku PANGERAN, Allah karuhun urang.
Kanyahokeun eh urang Israil! Nya PANGERAN, ngan PANGERAN, anu jadi Allah urang teh.
Masing nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta sing sakuat-kuat.
Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun.
Ajarkeun ka anak. Ucapkeun tong weleh, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe.
Cangreudkeun dina leungeun, sangsangkeun dina tarang, supaya terus inget.
Tuliskeun dina tihang panto jeung di gapura-gapura."
"Sakumaha jangji PANGERAN Allah maraneh ka anu jadi karuhun, nya eta ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, maraneh bakal dipaparin tanah. Kota-kotana galede tur marukti, lain beunang ngadegkeun maraneh.
Dipaparin imah anu pinuh ku barang-barang anu aralus, lain beunang kukumpul maraneh. Dipaparin sumur, lain beunang maraneh nyieun. Dipaparin kebon anggur jeung kebon jetun, lain beunang maraneh melak. Di mana maraneh ku PANGERAN geus diasupkeun ka eta tanah, geus teu kakurangan hakaneun,
ulah paroho ka PANGERAN anu ngajait maraneh ti Mesir tempat maraneh dijieun badega.
Kudu sarieun ku PANGERAN Allah maraneh, kudu ngabakti teh ngan ka Mantenna, sarta ana sumpah ngan kudu ku karana jenengana-Na bae.
Ulah ngabarakti ka allah-allah sejen, anu disarembah ku jalma-jalma anu ngarancikna di sakurilingeun maraneh.
Lamun ngabarakti ka allah-allah sejen, maraneh bakal meunang bebendu PANGERAN anu lir seuneu ngalebur ka maraneh, sabab PANGERAN Allah anu aya di maraneh teu kersaeun disaruakeun jeung naon bae.
Ulah ngadoja ka PANGERAN Allah maraneh kawas bareto di Masa.
Masing ngesto kana papakon-papakon ti Mantenna.
Lampahkeun nu pihadeeun jeung pibenereun ti Mantenna, tangtu maraneh jamuga, bakal laksana ngamilik eta tanah anu subur, anu dijangjikeun ku PANGERAN ka karuhun maraneh,
jeung bakal sanggup ngusir musuh-musuh ti dinya, sakumaha anu geus dijangjikeun ku Mantenna.
Engke jaga lamun ditanya ku anak, ‘Naha PANGERAN Allah urang teh bet miwarang urang ngesto kana eta papakon-papakon?’
jawab kieu, ‘Urang tadina jadi badega raja Mesir, tapi ku kakawasaan PANGERAN anu araheng, urang dijait ti ditu.
Bangsa urang nyaksian pisan Mantenna ngeunakeun kaahengan-kaahengan jeung balahi-balahi ka urang Mesir, ka rajana, ka mantri-mantrina.
Urang ku Mantenna dileupaskeun ti Mesir, dicandak ka dieu, dipaparin ieu tanah, nurutkeun jangji-Na ka karuhun urang.
Sanggeus kitu PANGERAN nurunkeun ieu papakon-papakon. Timbalana-Na ieu kudu diestokeun ku urang, sarta urang kudu sieun ku Mantenna.
Lamun urang nurut, bangsa urang ku Mantenna bakal dijaga jeung dipaparin kamuktian. Lamun urang ngalampahkeun sagala timbalan Allah kalawan suhud, tangtu bakal kamanah ku Mantenna.’"