:

Pandita 12

1

Ku sabab eta meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh, meungpeung tacan nincak kana umur anu matak ripuh anu matak ngarasula, "Hirup teh teu ngarasa bagja!"

2

Geus nepi ka kitu mah panonpoe, bulan, bentang-bentang, katembongna asa surem, asa mendung saendeng-endeng.

3

Leungeun paranti nakis bahaya geus lilinieun, suku keker beuki hengker, huntu kari saeutik jeung geus teu bisa dipake meuweung, panon geus lamur.

4

Ceuli geus kurang denge, sora ti jalan mah komo teu hawar-hawar acan. Sora panggilingan, sora anu kakawihan, geus mehmehan teu kadenge. Tapi ari keur sare ku sora manuk ge kageuingkeun.

5

Ka tempat nu luhur-luhur asa lewang asa paur, leumpang araringgis, buuk geus bodas camutmut, mawa awak ge disesered, sagala kahayang leungit. Tuluy ngajugjug ka panungtungan bari diceungceurikan sapanjang jalan.

6

Rantay perak bakal pegat, lampu emas bakal tiguling, bakal peupeus, tali timba bakal ngajemprung, gentong bakal bencar.

7

Jasad mulang jadi deui lebu, roh mulang ka Allah anu maparin.

8

Mubadir, mubadir, saur Ahli Pikir, kabeh mubadir.

9

Tapi ku sabab Ahli Pikir teh bijaksana, teu weleh-weleh ngawurukkeun pamanggihna ka bala rea, jeung ngulik siloka-siloka bari diuji eusi-eusina.

10

Ahli Pikir geus ihtiar milih ucapkeuneun anu matak genah, seug dituliskeun, sarta dituliskeunana teh saestuna.

11

Pitutur jalma-jalma bijaksana teh saibarat iteuk anu lancip paranti ki pangangon nuyun domba-domba, sarta gunggungan siloka-siloka teh lir paku anu nanceb pageuh. Eta kabeh paparin ti Allah, hiji-hijina pangangon nu ngangon urang.

12

Masing iatna bae hidep teh, anaking! Moal aya tungtungna nulis buku teh, ari ngulik popohoan teuing matak ruksak awak.

13

Minangka panutup, sarupa deui bae ucapkeuneun teh: Sing sieun ku Allah, estokeun sagala timbalana-Na, da pangna Mantenna ngadamel manusa oge kitu maksud pangersa-Na.

14

Sagala lampah urang boh hade boh goreng, najan anu rikip buni ge baris dipariksa ku Allah.

Link: