Pandita 7
Mending oge ngaran seungit ti batan seuseungitan anu marahal. Poean ajal leuwih hade ti batan poean wedal.
Mending indit ka nu kapapatenan ti batan ka nu hajat, malak mandar urang teh anu hirup keneh eling, yen umur urang oge didago-dago ku ajal.
Mending nalangsa ti batan suka, najan matak surem parangi tapi matak tambah nyaring pikir.
Anu sok meleng kana kabagjaan bae mah gejul. Nu lantip mah tara mopohokeun paeh.
Mending diweweleh ku nu lantip, ti batan dipuji ku anu gejul.
Jelema gejul seurina teh ibarat cucuk kaduruk, merepet taya hartina.
Jalma lantip anu ngabobodo, eta pohara gejulna. Pacuan daek nampa panyogok, matak ruksak ahlak.
Ahir tina hiji perkara leuwih hade ti batan ngamimitianana. Mending sabar ti batan gumede.
Kudu bisa ngadalian amarah, sabab barangasan mah tabeat jelema gejul.
Kade ulah nanya, "Naha nya baheula mah jaman teh leuwih hade ti batan ayeuna?" Nanya kitu teh belegug.
Hirup teh kudu boga hikmah. Boga hikmah mah sarua jeung boga pusaka,
sarta sarua jeung boga duit, matak aman pipikiran. Komo deui untungna lamun boga kanyaho kana hikmah, matak salamet hirup.
Dadamelan Allah teh lenyepaneun. Cik, saha anu bisa ngalempengkeun anu ku Allah geus dibingkengkeun?
Kabagjaan tarimakeun ku rasa sukur, kasusahan tarimakeun ku rasa eling yen boh kasusah boh kabagjaan, eta teh kersaning Allah. Saestuna manusa mah moal bisa nganjang ka pageto.
Dina hirup kami anu mubadir tea kami nenjo anu saperti kieu: Jelema nu bener laku lampahna bet tiwas, ari nu jahat tetep bae hirup.
Jadi, ulah hade-hade teuing, ulah bijaksana-bijaksana teuing. Rek maehan maneh?
Sabalikna jahat teuing ulah, gejul teuing ulah, na kitu hayang paeh memeh mangsa?
Singkiran eta teh duanana, dibarung ku rasa sieun ku Allah, tangtu mulus sagala panglaku.
Jalma saurang tapi boga hikmah, bisa ngungkulan kamampuh sapuluh jelema anu marentah kota.
Di dunya moal aya jelema anu bener sapapanjangna teu kungsi milampah salah.
Ulah sok openan ka omong batur, boa teuing anjeun oge keur diupat ku badega sorangan,
tur anjeun tangtu rumasa yen anjeun oge sering ngupat ka nu lian.
Eta sagala perkara ku kami diuji ku kapinteran. Nya eta, kami teh ari pinter hayang, kahontal mah henteu.
Na saha atuh jelemana anu nyaho kana hartining hirup? Moal kateuleuman ku jero-jerona, moal katepi ku pangarti.
Tapi kami leukeun diajar jeung nyiar kanyaho, hayang meunangkeun hikmah, hayang bisa ngajawab pananya hate, hayang nyaho kumaha jahatna jeung kumaha gejulna ari kabodoan teh.
Kami manggihan hal anu leuwih getir ti batan pati, nya eta: awewe. Cinta awewe mah ngeurad, ibarat heurap atawa tataheunan. Ngarangkulna teh ibarat rante nu rek ngabarogod. Nu baris karingkus teh jelema dosa, ari anu tuhu ka Allah mah moal beunang.
Hal ieu, saur Ahli Pikir, kapanggihna ku kami saeutik-saeutik sajeroning keur neangan pijawabeun tea.
Kami teu manggih deui pijawabeun lian ti eta. Tina sarebu, ngan manggih saurang lalaki anu pantes diajenan, tapi ti awewe mah teu manggih saurang-urang acan.
Walhasil ngan ieu pamanggih kami teh: Dipidamelna ku Allah mah urang teh wajar jeung basajan; jadi ruwet pajurawet soteh ku urang sorangan.