Rum 1
Surat sim kuring Paulus, abdina Yesus Kristus, anu ku Allah geus disaur sarta dijadikeun rasul, pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Mantenna.
Eta Injil teh geus dijangjikeun ku Allah ti baheula keneh ku jalan nabi-nabi-Na, sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci.
Eusina ngeunaan Putra-Na, Gusti urang Yesus Kristus, turunan Daud dina kaayaan kamanusaana-Na mah,
tapi sacara rohani Anjeunna teh Putra Allah. Hal ieu dibuktikeunana teh ku hiji kakawasaan anu luar biasa, Anjeunna digugahkeun tina maot.
Nya ku jalan Anjeunna sim kuring ku Allah dipaparin kurnia jadi rasul teh, supaya sim kuring demi Kristus ngajak jelema-jelema sagala bangsa sangkan palercayaeun sarta aranut.
Nya kitu keneh ka aranjeun oge, anu maratuh di Rum sarta geus disalaur ku Allah sangkan jaradi umat Yesus Kristus.
Ieu sababna pang sim kuring nyuratan ka aranjeun anu maratuh di Rum, anu dipikaasih sarta geus disalaur supaya jaradi umat-Na. Mugi-mugi Allah Rama urang, jeung Gusti Yesus Kristus, maparin nugraha ka aranjeun.
Kahiji, sim kuring muji sukur ka Allah demi Yesus Kristus ku hal aranjeun, dumeh kapercayaan aranjeun geus kautara ka sakuliah dunya.
Allah anu ku sim kuring diabdian kalawan satuhu ku jalan nguarkeun Injil Kasalametan ngeunaan Putra-Na, uninga sarta Mantenna saksi-Na yen sim kuring teu weleh inget ka aranjeun
dina saban-saban neneda. Sim kuring nyuhunkeun supaya Allah ngawidian sim kuring manggihan aranjeun ayeuna-ayeuna.
Kacida hayangna papanggih jeung aranjeun teh, hayang ngaduum kurnia ti Roh Allah, pikeun nguatkeun kapercayaan aranjeun.
Nu dipalar nya eta sangkan urang anu geus sakapercayaan bisa silih kuatkeun.
Mugia dulur-dulur tarerang, geus sababaraha kali sim kuring arek manggihan teh, tapi aya-aya bae halanganana. Kahayang mah pagawean sim kuring di aranjeun oge sing aya hasilna cara anu geus kasorang di tempat sejen di antara jelema-jelema anu lain Yahudi.
Sabab ieu teh jadi kawajiban sim kuring anu kudu dilampahkeun ka sakumna jelema, boh nu geus adab boh nu acan, boh nu pinter boh nu bodo keneh.
Nya kitu ka aranjeun oge anu maratuh di Rum, kacida hayangna nguarkeun eta Injil Kasalametan.
Sim kuring mah percaya pisan kana eta Injil Kasalametan teh, sabab eta teh kakawasaan Allah pikeun nyalametkeun sakur jelema anu percaya, pangheulana ka urang Yahudi, terus ka bangsa-bangsa sejenna.
Sabab, Injil Kasalametan teh ngebrehkeun jalan, kumaha kuduna sangkan manusa bisa diangken bener deui ku Allah, nya eta ku jalan kudu percaya ka Allah ti awal nepi ka ahir. Sakumaha ungel Kitab Suci, "Jelema anu geus diangken deui ku Allah lantaran percaya ka Allah, tinangtu hirup."
Allah ti sawarga nembongkeun bendu-Na kana sakabeh dosa jeung kajahatan manusa, sabab kajahatanana teh ngahalangan maranehna pikeun nyaho ka nu bener.
Allah ngahukum maranehna, sabab naon-naon anu maranehna kudu nyaho tina hal Allah, ku Allah ku manten geus diterangkeun tetela pisan ka maranehna.
Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na. Ku hal eta manusa teh geus moal bisa nyebut can nyaho.
Maranehna nyarahoeun ka Allah, tapi ka Mantenna henteu ngahormat sakumaha ka Allah, jeung tara nganuhunkeun ka Mantenna. Malah sabalikna, anu dipalikiranana teh perkara anu tanpa guna, pikiranana anu kosong jadi poek.
Pangrasana mah dirina teh bijaksana, padahal barodo,
ti batan nyembah ka Allah anu langgeng, anggur nyarembah ka arca-arca titiron jelema anu keuna ku paeh, atawa manuk-manuk, atawa sasatoan suku opat atawa anu ngarayap.
Ku sabab kitu maranehanana ku Allah diantep nurutkeun hawa napsuna, ngalampahkeun hal-hal anu rujit, sarta jeung pada baturna migawe anu matak hina ka dirina.
Hal Allah anu sayaktina diganti ku hal anu bohong; nyarembah jeung ngabaraktina teh kana ciciptaan Allah, lain ka Allah ku manten anu nyiptakeunana, anu layak dipuji salalanggengna. Amin!
Ku sabab kalakuanana karitu, ku Allah jadi diantep ngalajur napsuna anu hina. Nu awewe nyacapkeun napsu birahina lain ku cara anu lumrah.
Nu lalaki saruana, sapatemon jeung papada lalaki deui, lain jeung awewe. Jelema-jelema nyieun kalakuan anu ngerakeun jeung papada batur sajinis, nepi ka maranehanana kudu nandangan balukarna tina kalakuan sorangan.
Ku sabab maranehanana ngarasa teu perlu nyaho kana hal Allah, pipikiranana ku Allah diantep sina ruksak, nepi ka marigawe kalakuan anu kuduna dicegah.
Hatena pinuh ku napsu-napsu jahat, doraka, sarakah, licik, pinuh ku kasirik, ku napsu hayang maehan, ku napsu gelut, ku tipu daya, jeung ku napsu ngunek-ngunek, silih gorengkeun,
silih omongkeun, ijid ka Allah, kurang ajar, adigung, gede omong; pinter kana kagorengan, basangkal ka indung bapa;
ka batur embung ngarti, lanca-linci kana jangji, ka batur taya karunya.
Maranehanana nyarahoeun yen ceuk hukum Allah anu kalakuanana kitu teh maot bagianana. Tapi salian ti angger kalakuanana teh, malah bari panuju ka anu kalakuanana cara maranehanana.