Rum 16
Sim kuring nitipkeun Pebe, dulur urang awewe anu ngabantu pagawean jamaah Kengkrea.
Muga ditarima demi pajenengan Gusti, da urang teh umat Allah. Bisi aya kabutuhna bantu. Manehna sorangan kacida tutulungna ka nu sejen, nya kitu deui ka sim kuring.
Titip salam ka Priskila jeung Akwila, batur sim kuring ngawula ka Kristus Yesus.
Meh bae maranehna tiwas ngabelaan sim kuring. Kacida sim kuring nganuhunkeunana. Jamaah-jamaah bangsa sejen oge kacida nganaruhunkeunana ka maranehna.
Salam oge ka dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna. Salam ka sobat sim kuring Epenetus, anu pangheulana ti propinsi Asia percaya ka Kristus.
Salam ka Maria, anu geus kacida soson-sosonna ngabantu aranjeun.
Salam ka Andronikus jeung Yunias, sabangsa jeung sim kuring sarta bareng milu dibui. Ku rasul-rasul mah duanana oge geus teu dipikabireuk, arasup Kristenna heulaeun sim kuring.
Salam ka Ampliatus, anu rapet jeung sim kuring dina ngahiji jeung Gusti.
Salam oge ka Urbanus, batur sapagawean ngawula ka Kristus; jeung ka Setakis sobat kentel.
Salam ka Apeles, anu kasatianana ka Kristus geus kauji. Salam ka Aristobulus sakulawarga.
Salam ka Herodion, sabangsa jeung sim kuring. Jeung ka urang-urang Kristen di kulawarga Narkisus.
Salam ka Tripena jeung Triposa anu digarawe pikeun Gusti, jeung ka Persis kanyaah sim kuring, anu loba pisan cabakeunana dina ngawula ka Gusti.
Salam ka Rupus, jelema pujieun kumawulana ka Gusti. Jeung ka ibuna, anu pikeun sim kuring mah lir indung sorangan.
Salam ka Asinkritus, Plegon, Hermes, Patrobas, Hermas, kitu deui urang-urang Kristen lianna anu reujeung jeung maranehna.
Salam ka Pilologus jeung Yulia, ka Nereus jeung dulurna nu awewe, ka Olimpas jeung ka anu aranut ka Allah, anu reujeung jeung maranehanana.
Muga aranjeun silih aku silih pidulur. Aya deui salam ka aranjeun ti sakabeh jamaah Kristus.
Kahade, dulur-dulur, sing arawas! Aya jelema-jelema anu rek ngabaruntakkeun, arek ngukusut kapercayaan aranjeun, arek ngagunasika pangajaran anutan aranjeun. Jarauhan!
Kalakuan maranehanana lain kalakuan pikeun Gusti, tapi pikeun muaskeun karepna sorangan. Omonganana ngareunah, barisa ngolo, matak sasab jelema anu pikiranana bolostrong.
Sim kuring kacida bungahna ku aranjeun, sabab ku sarerea geus kanyahoan aranjeun saratia kana pangajaran Injil Kasalametan. Sing palinter kana hal-hal anu hade, kajeun barodo kana hal-hal anu jahat.
Allah, sumber kabagjaan urang, bakal gancang-gancang ngaremukkeun Iblis, pikeun idekeun aranjeun. Mugia aranjeun disarengan ku berkah ti Yesus Gusti urang.
Aya salam ti Timoteus, sapagawean jeung sim kuring; jeung ti Lusius, ti Yason, ti Sopater, tiluanana sabangsa jeung sim kuring.
Sim kuring oge, Tertius, anu mangnuliskeun ieu surat, ngirim salam ka aranjeun, salam saiman.
Salam ti Gayus, tempat sim kuring numpang; imahna dipake tempat kumpulan ku jamaah. Salam ti Erastus, bendaharawan kota; jeung ti Kuartus.
Mugia Gusti urang Yesus Kristus ngaberkahan ka aranjeun.
Puji Allah, anu iasa neguhkeun iman aranjeun kana pangajaran Injil Kasalametan ngeunaan Yesus Kristus anu diwawarkeun ku sim kuring. Ieu cocog jeung rarancang Allah anu ayeuna geus nyata, anu geus mangjaman-jaman dirasiahkeun.
Urang terang kana hal eta teh tina tulisan nabi-nabi. Eta rasiah ku Allah nu sipat langgeng dipiwarang diembarkeun ka pirang-pirang bangsa, sina palercaya sarta aranut.
Mulyakeun salalanggengna Allah Anu Maha Esa, maha wijaksana. Mulyakeun ku jalan percaya ka Yesus Kristus. Wassalam, Paulus