Sepanya 3
Cilaka Yerusalem, kota bejad kalakuan, tukang ngalawan, tukang ngagencet rahayatna sorangan.
Embung tunduk ka PANGERAN, embung diatur. Ka PANGERAN teu percaya, teu ngarasa butuh ku pitulung-Na.
Para gegedenna kawas maung nu guar-gaur; hakim-hakimna kawas ajag lapar, tara nyesakeun tulang sapotong-potong acan keur isukan, awahing ku rakus.
Nabi-nabina teu baroga rasa tanggung jawab, turug-turug carurang. Imam-imamna malah nganajiskeun sagala nu disucikeun, jeung sok mutar-muter hukum Allah keur kauntunganana sorangan.
Sanajan kitu, PANGERAN mah linggih di dinya, midamel anu bener, tara midamel anu salah. Saban isuk tara towong nerapkeun kaadilan ka umat-Na. Tapi jalma-jalma anu teu balener di dinya tonggoy bae migawe kajahatan, jeung teu era-eraeun.
PANGERAN ngandika, "Kami geus nyapukeun sakabeh bangsa, kota-kotana diburak-barik, kuta-kuta jeung munara-munarana geus diruntuh-runtuhkeun, kota-kotana geus karosong, lulurung-lulurungna geus saruwung, jelemana taya nu nyesa."
Panyana Kami ari geus dikitukeun mah eta umat Kami rek daraek ngajenan jeung narima aturan-aturan ti Kami, sarta moal mopohokeun pangwarah-pangwarah Kami. Sihoreng can naon-naon geus baralik deui kana kabiasaanana, jarahat cara ka tukang-tukang.
"Tapi awas," dawuhan PANGERAN. "Dagoan poena Kami ngadakwa bangsa-bangsa. Kami geus mutuskeun bakal ngumpulkeun bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan, sina ngarasa hebatna amarah Kami. Bumi sakuliahna pasti binasa ku seuneu amarah Kami."
Saupama geus kitu, bangsa-bangsa ku Kami baris dirobah, nenedana moal deui ka allah-allah sejen, tapi ka Kami bae sorangan. Kabeh bakal aranut ka Kami.
Umat Kami anu pabalencar, dalah ti Sudan nu jauh, bakal daratang marawa pangbakti ka Kami.
Dina waktu eta maraneh, umat Kami, geus teu perlu ngarasa era pedah maneh geus ngalawan ka Kami. Sabab jelema-jelema anu garumede jeung aradigung ku Kami rek disingkirkeun, sarta maneh di gunung Kami nu suci moal deui-deui ngalawan ka Kami.
Nu ku Kami rek disesakeun ngan jelema-jelema anu miskin tur laip, anu mikabutuh pitulung Kami.
Urang Israil anu nyesa keneh moal hasud ka batur, moal cidra ka nu lian, moal macikeuh ka saha-saha. Hirupna baris marukti tur aman, moal sieun ku saha-saha.
Eh Israil, geura nyanyi, geura surak! Eh Yerusalem, geura gumbira sapinuhna hate!
Hukuman maneh ku PANGERAN geus dieureunkeun, musuh-musuh maneh geus disingkahkeun. PANGERAN, Raja Israil, aya di maneh, maneh taya sabab pikeun ngarasa sieun.
Bakal datang mangsana maranehna ngaromong ka Yerusalem, "Maneh, kota Sion, teu kudu sieun, teu kudu ngeplek leungeun.
Maneh disarengan ku PANGERAN, Allah maneh, maneh tangtu unggul ku pangawasa Mantenna. PANGERAN bakal mikaresep ka maneh, mikaasih, jeung maparin hirup anu anyar. Ku hal maneh PANGERAN nepi ka ngahariring awahing ku suka galih,
sakumaha urang suka bungah dina pesta." PANGERAN ngandika, "Balahi ku Kami geus dieuweuhkeun ti maneh, kahinaan maneh geus disingkirkeun.
Mangsana geus tereh! Kami rek ngahukum nu ngagencet ka maraneh, nyalametkeun nu parincang, mulangkeun para boyongan. Kahinaanana rek diganti ku kahormatan, sina diparuji ku saalam dunya.
Mangsana geus tereh! Kami rek mulangkeun rahayat maneh anu keur pabalencar. Maneh ku Kami rek dijieun kamashur ka saalam dunya, kamuktian maneh rek dipulihkeun." Kitu timbalan PANGERAN.